Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Nehemia 11 >> 

1Nu nyaricingan Yerusalem teh nya eta para kapala. Nu salianna mah dilotre heula, hiji kulawarga ti tiap sapuluh kulawarga, pikeun nangtukeun saha anu kudu cicing di Yerusalem, kota suci. Sasesana, caricingna di kota-kota jeung di desa-desa lianna.

2Anu suka rela menta cicing di Yerusalem, mani pada maruji ku sarerea.

3Urang Israil, para imam, urang Lewi, kuli-kuli Bait Allah, jeung turunan abdi-abdina Suleman anu marukimna di kota-kota jeung desa-desa lianna, caricingna teh di tanah milikna masing-masing, satempatna-satempatna. Kapala-kapala warga kota ti propinsi Yuda anu caricing di Yerusalem, ieu daptarna.

4Anggota kaom Yuda: Ataya bin Usia incu Jakaria. Karuhun-karuhun anu sejenna nya eta Amarya, Sepaca, jeung Mahalalel turunan Peres bin Yuda.

5Maaseya bin Baruk incu Kolhose. Karuhun-karuhunna anu sejenna nya eta Hasaya, Adaya, Yoyarib, jeung Jakaria, turunan Sela bin Yuda.

6Ti turunan Peres, anu caricing di Yerusalem aya 468 urang, jelema-jelema penting.

7Anggota kaom Binyamin: Salu bin Mesulam incu Yoed. Karuhun-karuhunna anu sejen nya eta Pedaya, Kolaya, Maaseya, Itiel, jeung Yesaya.

8Gabai jeung Salai, baraya deukeutna Salu. Urang Binyamin anu caricingna di Yerusalem kabehna 928 urang,

9dikapalaan ku Yoel bin Sikri, jeung Yuda bin Hasenua, anu jadi wakil kawasa kota.

10Para imam: Yedaya bin Yoyarib, jeung Yakin.

11Seraya bin Hilkia incu Mesulam. Karuhun-karuhunna anu sejen nya eta Sadok, Merayot, jeung Ahitub, anu jadi Imam Agung.

12Ti ieu warga kabehna 822 urang, kabeh baroga tugas di Bait Allah. Adaya bin Yerobam incu Pelalya. Karuhun-karuhunna kaasup Amsi, Jakaria, Pashur, jeung Malkia.

13Ti ieu warga kabehna aya 242 urang, kabeh kapala-kapala kulawarga. Amasai bin Asarel incu Ahsai. Karuhun-karuhunna kaasup oge Mesilemot, jeung Imer.

14Ti ieu warga kabehna 128 urang, kabeh jaradi perjurit petingan, dikapalaan ku Sabdiel, hiji anggota kulawarga anu penting.

15Urang Lewi: Semaya bin Hasub incu Asrikam. Karuhun-karuhunna kaasup oge Hasabya jeung Buni.

16Sabetai jeung Yosabad, urang Lewi anu penting, tugasna ngawaskeun pagawean di luareun Bait Allah.

17Matanya bin Mika incu Sabdi, turunan Asap. Jadi pamingpin jurukawih Bait Allah pikeun mirig doa sukur. Bakbukya, anu ngabantu Matanya. Abda bin Samua incu Galal, turunan Yedutun.

18Urang Lewi anu caricing di kota suci Yerusalem kabehna 284 urang.

19Pangawal-pangawal Bait Allah: Akub, Talmon jeung sakulawargana, 172 urang.

20Urang Israil sasesana, para imam lianna jeung urang Lewi, caricingna di kota-kota jeung desa-desa lianna di Yuda, di tanah milikna masing-masing.

21Kuli-kuli Bait Allah caricingna di Opel, hiji tempat di Yerusalem, pangawasna Siha jeung Gispa.

22Pangawas urang Lewi anu caricing di Yerusalem nya eta Usi bin Bani incu Hasabya. Karuhun-karuhunna kaasup oge Matanya jeung Mika. Kaasup warga Asap, warga tukang musik dina upacara-upacara di Bait Allah.

23Ngeunaan ieu golongan geus aya aturan karajaan hal giliranana mingpin musik di Bait Allah unggal-unggal poe.

24Petahya bin Mesesabel ti golongan Sera jeung kaom Yuda, ngawakilan bangsa Israil di Gedong Pangadilan Nagri Persia.

25Rahayat loba anu maratuhna di desa-desa deukeut tanah pertanianana. Kaom Yuda di Kiryat Arba, Dibon jeung Yekabsel jeung di kampung-kampung anu dareukeut ka dinya.

26Aya oge anu caricing di kota Yesua, kota Moladah, kota Bet Pelet,

27jeung kota Hasarsual, jeung di Bersyeba sarta desa-desa di sakurilingeunana.

28Di kota Siklag, di kota Mekona jeung di desa-desana,

29di kota Enrimon, di kota Sora, di kota Yarmut,

30di kota Sanoa, di kota Adulam, jeung di desa-desa anu dareukeut ka dinya. Maranehna maratuhna di Lakis jeung di lahan-lahan deukeut eta, jeung di Aseka katut di desa-desana. Tegesna, urang Yuda teh maratuhna di wewengkon antara Bersyeba di beulah kidul jeung Lebak Hinom di beulah kaler.

31Urang kaom Binyamin maratuhna di Geba, Mikmas, Ai, Betel jeung di desa-desa anu dareukeut ka dinya.

32Di Anatot, Nob, Ananya,

33Hasor, Ramah, Gitaim,

34Hadid, Seboim, Nebalat,

35Lod jeung Ono, jeung di Lebak Patukangan.

36Sawatara rombongan urang Lewi anu tadina maratuh di daerah Yuda, dititah maratuhna ngahiji jeung urang Binyamin.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Nehemia 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel