Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Nehemia 2 >> 

1Opat bulan ti harita, dina hiji poe waktu Raja Artahsasta tuang, sim kuring nyanggakeun leueuteun. Katingalieun sim kuring nguyung tara-tara ti sasari.

2Seug anjeunna mariksa, "Nguyung-nguyung teuing, ku naon? Da lain ari gering mah. Tangtu keur boga kasusah." Sim kuring mani ngagebeg,

3pok unjukan, "Mugi Kangjeng Raja wilujeng sapapaosna. Kumaha jisim abdi bade kiat nahan kasesah, reh lembur tempat makam karuhun parantos bukrak-bakrek, gapura-gapurana seep aya nu ngahuru."

4Prabu mariksa deui, "Cik, kumaha kahayang maneh?" Bari sasambat ka Allah Sawarga,

5sim kuring unjukan ka raja, "Madak Gusti Sang Raja kersa ngabulkeun, abdi nyuhunkeun diwidian mulang ka lembur, ka tanah Yuda, tempat pasarean karuhun, sumeja diwangun deui."

6Raja, anu harita digedeng ku prameswari, nyaluyuan kana panuhun sim kuring. Jeung mariksa rek sabaraha lilana indit teh, iraha rek balik deui. Ku sim kuring diunjukkeun pililaeunana.

7Sim kuring nyuhunkeun deui kurniana, nyuhunkeun serat keur para gupernur di Eprat Kulon, sangkan aranjeunna ngidinan sim kuring ngajugjug tanah Yuda.

8Oge nyuhunkeun serat keur ka Asap kawasa leuweung karajaan, sangkan maparin kai keur bahan panto-panto benteng Bait Allah, pikeun kuta jeung pikeun piimaheun sim kuring. Berkah ti Allah, sagala panuhun sim kuring ku raja dikabul.

9Raja miwarang sapasukan serdadu kuda jeung sawatara perwirana, dipiwarang maturan sim kuring ka Eprat Kulon. Serat ti raja ku sim kuring disanggakeun ka gegeden-gegeden di dinya.

10Tapi Sanbalat, ti desa Bet Horon, jeung Tobia, hiji pajabat ti propinsi Amon, ngadarenge yen aya jelema datang rek digawe pikeun kapentingan urang Israil teh kacida arambekeunana.

11Ti dinya sim kuring terus ka Yerusalem. Geus tilu poe di dinya,

12tapi pikarepeun sim kuring ka Yerusalem anu geus diilhamkeun ku Allah, acan diomongkeun ka sasaha. Tengah peuting eta sim kuring kaluar, dianteur ku sawatara urang. Sato keur tutumpakan ngan aya hiji-hijina, kalde nu ditumpakan ku sim kuring wungkul.

13Kaluar ti kota teh peuting keneh, bijilna ti Gapura Lebak di beulah kulon. Terus maju ka kidul ka Gapura Jarian, ngaliwatan Pancuran Naga, bari nengetan kuta anu geus arurug jeung lawang-lawang anu geus lebur urut ngahuru.

14Nepi ka sisi kota beulah wetan, mengkol ka kaler arek ka Gapura Pancuran jeung ka Empang Raja. Tapi ku sabab jalanna pinuh ku nu pagalituk, kalde teu manggih tincakeun.

15Ku sabab kitu sim kuring terus mudun ka Lebak Kidron bari nengetan kuta. Geus kitu balik deui ka urut tadi, terus asup deui ka jero kota ti Gapura Lebak.

16Tas ti mana jeung tas naon sim kuring, gegeden di dinya taya nu terangeun saurang-urang acan. Nepi ka harita, sim kuring acan nyarita naon-naon ka sasama urang Yahudi oge, boh ka imam-imam, boh ka para pamingpin jeung gegeden-gegeden, atawa ka sing saha bae anu engkena baris marilu ngabantu kana pagawean.

17Nyarita-nyarita teh ayeuna. Kieu carek sim kuring ka maranehna, "Pohara pikangeneseunana kaayaan urang teh. Yerusalem jadi bukrak-bakrek, gapura-gapurana lebur! Urang jieun deui kuta teh, sangkan urang lubar tina kaayaan hina."

18Satuluyna sim kuring nyarita yen geus meunang pangjaring jeung pitulung Allah. Timbalan raja tea dicaritakeun ka maranehna. Ku maranehna ditema kieu, "Hayu urang geura prak mimitian!" Seug maranehna tatan-tatan.

19Eta paniatan kadengeeun ku Sanbalat jeung Tobia, jeung ku hiji urang Arab anu ngaranna Gesyem. Seug maranehna nyeungseurikeun bari pokna, "Rek boga pamaksudan naon maraneh teh? Rek barontak ka raja?"

20Dijawab ku sim kuring, "Ku pitulung Allah Sawarga, paniatan kuring pasti bukti. Kuring, abdi-abdi Mantenna, ayeuna rek mimiti barang gawe ngadegkeun. Sabalikna aranjeun teu boga hak atawa milik naon bae di Yerusalem, sarta dina adat istiadat ieu kota, aranjeun teu boga bagian."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Nehemia 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel