Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Nehemia 6 >> 

1Sanbalat, Tobia, Gesyem jeung sakur anu ngamusuh ka urang mareunang beja, yen kuta geus anggeus, anu gararowongna kabeh geus katutup, kari masangkeun lawang-lawang jalan asupna.

2Sanbalat jeung Gesyem ngirim utusan ka sim kuring, cenah sim kuring kudu nepungan di hiji kampung, di Lebak Ono. Eta teh akalna, arek nyilakakeun ka sim kuring.

3Ku sim kuring dijawab, "Teu tiasa. Keur aya padamelan penting, bilih katunda lantaran nepangan aranjeun."

4Mentana ditemonan teh geus opat kali, sarta unggal-unggal ku sim kuring dijawabna sarua.

5Kalima kalina, utusanana teh mawa surat teu make amplop.

6Kieu suratna, "Kenging wartos ti Gesyem, yen jalmi-jalmi anu disakuriling rame gehger majar anjeun sareng urang Yahudi bade barontak, eta margina anjeun ngomean kuta. Sanggem Gesyem deui, anjeun bade ngajenengkeun maneh jadi raja,

7parantos ngajenengkeun nabi-nabi kangge ngembarkeun di Yerusalem yen anjeun jadi raja di tanah Yuda. Hal ieu tangtos parantos kadangu ku Kangjeng Raja. Kitu nu mawi perlu urang tepang ngabarempagkeun perkawis eta."

8Ku sim kuring dijawab, "Anu disaurkeun ku anjeun taya hiji anu bukti. Jijieunan anjeun bae."

9Maranehna nyoba-nyoba nyingsieunan ngarah pagawean bongkor. Sim kuring neneda, "Nun Allah, mugi abdi-abdi dipaparin kakuatan!"

10Geus kitu sim kuring nganjang ka Semaya bin Delaya incu Mehetabel, lantaran manehna teu bisa ninggalkeun imah. Manehna ngomongan ka sim kuring, "Bapa, urang nyumput sareng abdi di Kamar Suci di Bait Allah, pantona urang tulakan, margi bade aya anu ka darieu seja nelasan ka Bapa. Boa wengi ieu ge darongkap."

11Jawab sim kuring, "Bapa mah teu biasa manglumpatkeun jeung lain tukang nyumput. Naha ku nyumput di Bait Allah teh Bapa bisa salamet? Embung Bapa mah."

12Sanggeus dipikiran, tetela eta omongan Semaya teh lain ti Allah, tapi ti Sanbalat jeung Tobia, anu geus nyogok ka manehna sina pura-pura pupulih kitu ka sim kuring.

13Semaya ku maranehna disewa sina nyingsieunan sangkan kuring nyieun dosa, sangkan maranehna bisa ngaragragkeun ngaran sim kuring jeung ngarendahkeun martabat sim kuring.

14Sim kuring neneda, "Nun Allah, emutkeun eta kalakuan Tobia sareng Sanbalat. Mugia maranehna dihukum ku Gusti. Sing emut oge ka awewe anu nami Nodiah, sareng ka nabi-nabi sanesna anu kapungkur nyobi-nyobi nyingsieunan ka abdi."

15Sanggeus lima puluh dua poe, dina tanggal dua puluh lima bulan Elul, kuta teh geus anggeus pisan.

16Barang bejana nepi ka musuh-musuh sakurilingeun, maranehna jadi kacida kaeraanana, lantaran geus katembong ku sarerea yen eta pagawean teh kalayan pitulung Allah bisa rengse.

17Sajeroning kitu, pamingpin-pamingpin urang Yahudi geus susuratan jeung Tobia.

18Loba urang Yuda anu ngabatur ka Tobia, dumeh mitohana urang Yahudi, nya eta Sekanya bin Arah. Turug-turug Yohanan, anakna, boga rabi ka anak Mesulam bin Berekya.

19Sanajan Tobia teu eureun-eureun nyingsieunan sim kuring dina surat-suratna, tapi ku eta jelema-jelema teh teu weleh dialem di hareupeun sim kuring, sarta saomong-omong sim kuring ku maranehna sok ditepikeun ka Tobia.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Nehemia 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel