Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Pengkhotbah 8 >> 

1Ngan jelema anu lantip anu bisa ngarti kana sagala perkara. Kalantipan teh ngabearkeun parangi, ngajauhkeun camberut.

2Estokeun timbalan raja, tapi ulah gampang-gampang ngedalkeun kaul ka Allah.

3Raja mah sagala wenang. Anu matak urang sing jauh ti payuneunana, ulah ngadeukeutan tempat anu sakitu matak bahlana.

4Raja mah sagala tindakanana reujeung kawasa, sakersana moal bisa dipungpang.

5Sapanjang urang ngesto kana timbalanana tangtu salamet. Jelema anu lantip mah nyaho kumaha kuduna, jeung iraha waktuna ngalampahkeunana.

6Sagala rupa oge dilampahkeunana teh kudu ninggang dina mangsana, keuna kana carana. Orokaya urangna, kanyaho teh ngan saeutik pisan.

7Moal aya saurang-urang acan anu nyahoeun ka nu bakal kajadian, tur moal aya anu bisa ngabejaan.

8Moal aya saurang-urang acan anu bisa nyandet atawa ngulur-ngulur waktu pipaeheun. Moal aya anu bisa sumingkir tina hal eta najan diakalan kumaha oge.

9Ieu kabeh kanyahoan ku kami sajeroning mikiran kajadian-kajadian di ieu dunya. Di dunya mah geuning aya sawatara jelema anu nyarangking kawasa, ari nu sejenna sangsara ku lantaran kakawasaan maranehna.

10Kami geus nenjo jelema-jelema jahat dikalubur, ku nu marulang tas nguburkeun teh kalah ka diparuji tur di lemburna pisan, tempat nu jarahat tea nyarieun kajahatan. Estuning mubadir!

11Naon sababna jelema-jelema garampangeun bae nyieun kajahatan teh? Nya meureun, da kajahatan teh teu buru-buru dihukum.

12Atuh nu jarahat teh laluasa, da migawe kajahatan ratusan kali ge salamet bae. Euh enya, aya anu ngomong kieu, "Mun maneh sieun ku Allah tinangtu mulus rahayu.

13Nu jahat mah moal jamuga, hirupna teh ibarat kalangkang, bakal paeh ngora-ngora, lantaran teu sieun tea ku Allah."

14Tapi ieu teh mustahil. Geura pek tengetan kajadian di alam dunya: Geuning sok aya jelema hade bet nandangan hukuman anu kuduna ditibankeun ka jelema anu jahat, ari anu jahatna kalah ka meunang ganjaran hancengan jelema nu hade tea. Ceuk kami ge mubadir.

15Nu matak kami mah yakin jelema teh kudu nyenangkeun maneh, dahar, nginum, jeung nyenangkeun awak, da ngan sakitu-kituna kasenangan hirup mah. Sahenteuna, kitu-kitu bae mah meureun bisa sajeroning susah payah di alam dunya teh, sapanjang hirup paparin ti Allah ka dirina.

16Unggal kami nyoba-nyoba hayang pinter ambeh nyaho kana kajadian-kajadian di dunya, hasilna teh kieu: Najan mikir beurang peuting,

17angger bae teu ngarti-ngarti ka anu dipidamel ku Allah teh. Sakumaha diulikna ge taya petana kateuleuman. Nu palinter ge ngan ngakuna bae nyaho soteh, nyahoeun mah henteu.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Pengkhotbah 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel