Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Roma 15 >> 

1Urang anu panceg iman, kudu nulungan ka batur anu imanna kurang panceg, mantuan ngahampangkeun kabeubeurat hatena. Ulah hayang ngeunah sorangan bae,

2jembarkeun hate dulur teh supaya imanna panceg deui.

3Kristus oge henteu senang-senang nyalira, sakumaha ceuk Kitab Suci, "Sagala panghina anu ditujukeun ka maraneh keunana ka Kami."

4Anu ditulis dina Kitab Suci teh kabeh oge maksudna ngajar urang, kudu sabar tawekal supaya urang ulah nepi ka pegat harepan. Kitu eusi pangajaranana ka urang.

5Mugia ku pitulung Allah anu iasa nabahkeun jeung ngalilipur hate urang, aranjeun bisa sahate jeung pada dulur, nurutkeun conto ti Kristus Yesus,

6supaya bisa ragem sasora enggoning muji ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus.

7Kudu silih tarima jeung pada dulur, cara Kristus narima aranjeun, supaya matak mulya ka Allah.

8Sing aringet, Kristus geus ngawulakeun hirup-Na ka urang Yahudi, supaya kanyahoan yen Allah teh satia, kersa ngalaksanakeun sakur anu ku Mantenna geus dijangjikeun ka karuhun maranehna,

9jeung supaya bangsa-bangsa sejen oge ngamulyakeun ka Allah, muji welas asih-Na. Sakumaha ungel Kitab Suci, "Ku margi kitu abdi bade muji ka Gusti di kalangan bangsa lian, bade nganyanyikeun pupujian ka pajenengan Gusti."

10Aya deui, "Eh bangsa-bangsa, sing saruka bungah reujeung umat Allah!"

11Aya deui, "Puji Pangeran, eh bangsa-bangsa; puji Mantenna, eh sakabeh manusa!"

12Aya deui, ieu saur Yesaya, "Ti turunan Isai, engke aya nu muncul saurang, anu bakal ngereh bangsa-bangsa, jadi pangharepan bangsa-bangsa lian."

13Mugia Allah, sumber pangharepan urang, ka aranjeun maparin kasukaan jeung kanugrahaan lantaran aranjeun percaya ka Mantenna, supaya ku pangdeudeulna Roh Suci, aranjeun tetep ngaharep ka Mantenna.

14Dulur-dulur! Sim kuring yakin pisan yen aranjeun teh leber ku anu harade, sugih ku pangarti, sarta bisa silih papatahan.

15Tapi dina sawatara hal sim kuring dina ieu surat mepelingan sakitu peureusna. Dalah dikumaha da kitu pamenta tugasna ti Allah,

16enggoning jadi kawula Kristus Yesus, digawe pikeun bangsa-bangsa nu lain Yahudi. Cara sim kuring nepikeun Injil Kasalametan ti Allah teh make cara imam, hayang supaya bangsa-bangsa nu lain Yahudi bisa layak disanggakeun ka Allah ku Roh Suci.

17Lamun geus bisa nepi ka kitu, sim kuring enggoning ngahiji jeung Kristus ngawula ka Allah teh meureun kacida reueusna.

18Wani soteh ngomong kieu ngan ku pedah geus bisa ngajalankeun gawe ti Kristus, nungtun bangsa-bangsa nu lain Yahudi sina aranut ka Allah. Tarekahna ku ucap, ku lampah,

19ku mujijat-mujijat jeung kaahengan-kaahengan ti Anjeunna, jeung ku kakawasaan Roh Allah. Ku cara kitu, Injil Kasalametan salengkepna ngeunaan Kristus, ku sim kuring geus diwawarkeun di sapanjang jalan ti Yerusalem nepi ka Ilirikum.

20Cita-cita sim kuring, ngawawarkeun Injil Kasalametan ti Allah teh ngan hayang ka tempat-tempat anu tacan ngadarenge hal Kristus bae, sabab sim kuring teu hayang ngadegkeun di tempat anu geus digawean ku nu sejen.

21Sakumaha ceuk ungel Kitab Suci, "Anu tacan meunang warta hal Anjeunna, engke mah bakal narenjo; anu tacan ngadarenge, bakal ngalarti kana hal eta."

22Tah kitu sababna nu matak saban rek datang ka aranjeun tara jadi bae teh.

23Ayeuna mah sugan bisa. Sim kuring tangtu datang ka aranjeun,

24urang sosonoan sawatara waktu. Geus kitu arek terus ka Sepanyol, mugi-mugi ku aranjeun dibantu supaya sim kuring bisa ka ditu.

25Tapi ayeuna mah arek ka Yerusalem heula keur kaperluan umat Allah di ditu,

26nya eta nganteurkeun duit sumbangan ti jamaah-jamaah di Makedoni jeung Ahaya, pikeun dulur-dulur urang anu mariskin di Yerusalem.

27Nyarumbangna teh nariatna sorangan bae. Tapi memang pantes maranehna nulung teh. Kapan pang bangsa-bangsa nu lain Yahudi mareunang rahmat rohani teh ku jalan urang Yahudi, jadi pantes lamun maranehanana mulang ku harta ka urang Yahudi.

28Lamun ieu geus beres, terus arek ka Sepanyol, bari liwat nyimpang ka aranjeun.

29Engke datang teh bari jeung mawa pirang-pirang berkah ti Kristus.

30Demi Gusti urang Yesus Kristus, jeung demi kanyaah anu asal ti Roh Allah, mugi-mugi aranjeun oge sing cara sim kuring, neneda ka Allah, mugi-mugi sim kuring ku Mantenna disarengan.

31Pangnedakeun, mugi-mugi sim kuring ku Allah diluputkeun tina ancaman urang Yudea anu henteu palercaya; mugi-mugi deui duit sumbangan tea bisa mulus ditarima hade-hade ku umat Allah di Yerusalem.

32Geus kitu mah, mun Allah marengkeun, datang ka aranjeun teh meureun bari jeung lugina hate, sarta bisa ngararasakeun bagjana papanggih jeung aranjeun.

33Mugia Allah, sumber kabagjaan urang, nyarengan aranjeun. Amin.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Roma 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel