Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 18 >> 

1"Ari imam-imam kaom Lewi, ku sabab henteu meunang bagian tanah milik, mareunangna pangasilan teh tina kurban-kurban jeung pangbakti-pangbakti anu dihaturkeun ka PANGERAN.

2Maranehna teu meunang aya anu boga tanah milik cara kaom-kaom sejen, tapi dibere hak jaradi imam PANGERAN, sakumaha pangandika Mantenna tea.

3Tiap-tiap aya kurban, sapi atawa domba, suku hareup ti semet walikat, cacapek, jeung kekemplong, kudu dibikeun ka para imam.

4Hasil gandum munggaran, cianggur, minyak jetun jeung bulu domba, eta ge jang bagian maranehna.

5Pangna kudu kitu, lantaran ti sakabeh kaom, kaom Lewi mah ku PANGERAN geus dibakukeun salawasna kudu ngimaman ngalalayanan Mantenna.

6Upama aya urang Lewi asal ti kota mana bae di Israil datang ka tempat ngabakti anu dipilih ku PANGERAN, sarta hayangeun cicing di dinya,

7manehna meunang ngalakonan tugas imamna ngalalayanan PANGERAN Allahna, cara urang Lewi lianna anu tugas di eta tempat.

8Eta oge kudu dibere bagian dahareun hakna, sing sarua jeung nu sejen sasamana imam. Kitu deui naon bae pangirim ti kulawargana, eta ge keur manehna."

9"Saupama geus maratuh di tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, peupeujeuh ulah nurutan kalakuan bangsa-bangsa urang ditu.

10Ulah ngaduruk anak dijieun kurban dina altar. Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe,

11atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraeh.

12PANGERAN Allah maraneh mikaijid ka jelema anu kalakuanana sarupa kitu. Eta sababna bangsa-bangsa itu ku Mantenna diusir, disingkahkeun ti hareupeun maraneh.

13Hirup maraneh kudu satia tuhu ka PANGERAN."

14Saur Musa deui, "Bangsa-bangsa di tanah anu rek direbut tea, laku lampahna nuturkeun pituah tukang-tukang nujum jeung tukang-tukang ramal. Maraneh mah teu meunang kitu, dilarang ku PANGERAN Allah maraneh.

15Sabalikna Mantenna baris ngutus hiji nabi ka maraneh, ti bangsa urang keneh, cara Bapa ayeuna. Ku maraneh kudu diturut.

16Basa maraneh kumpul di Gunung Sinai, maraneh mani menta-menta ka Bapa supaya ulah dibere deui ngadenge gentra PANGERAN, ulah dibarere nenjo deui seuneu kamulyaana-Na, tina ku bawaning sarieun paeh.

17Dawuhan PANGERAN ka Bapa harita kieu, ‘Alus eta jelema-jelema marenta kitu, bener.

18Lamun kitu engke ku Kami dibere nabi bae, anu cara maneh sarta anu asal ti maranehna keneh. Naon-naon anu kudu dipicatur ku eta nabi tangtu engke ku Kami dipapatahkeun. Nya manehna anu bakal nyaturkeun timbalan-timbalan Kami ka eta jelema-jelema.

19Cacaturna kudu mawa jenengan Kami. Jalma anu teu nurut kana omonganana ku Kami tangtu dihukum.

20Tapi sabalikna deui, upama aya nabi anu lancang nyaturkeun amanat mawa jenengan Kami, padahal Kami henteu ngadawuhkeun naon-naon, eta nabi tangtu tiwas. Kitu keneh nabi anu micatur make ngaran allah-allah sejen.’

21Meureun ceuk maraneh, ‘Kumaha rek kanyahoanana yen anu diucapkeun ku eta nabi teh lain asal ti PANGERAN?’

22Najan mawa jenengan PANGERAN, ari omonganana henteu bukti mah lain asal ti PANGERAN, asal tina karepna sorangan bae, ulah dipikasieun."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ulangan 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel