Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 29 >> 

1Kitu ungelna perjangjian anu ku PANGERAN ditimbalkeun ka Musa pikeun urang Israil, waktu maranehna aya di tanah Moab. Eta perjangjian teh panambah tina perjangjian PANGERAN ka maranehna anu dijieun di Gunung Sinai.

2Musa miwarang supaya sakumna urang Israil kumpul. Ti dinya sasauran ka maranehna, "Maraneh geus narenjo sorangan sagala kajadian ti PANGERAN anu dikeunakeun ka raja Mesir, ka para gegedenna, jeung ka sakuliah tanahna.

3Eta sagala balahi jeung kaahengan-kaahengan ti PANGERAN ku maraneh geus kasaksian.

4Tapi nepi ka ayeuna maraneh ku Mantenna tacan diparengkeun ngaharti kana sagala perkara anu geus kasorang.

5Opat puluh taun maraneh ku Mantenna dicandak ngambah gurun keusik, parandene pake teu datang ka butut, tarumpah pon kitu keneh.

6Maraneh teu boga roti keur dahareun, teu boga cianggur atawa inuman keras, tapi ku PANGERAN teu burung dipaparin sakur nu perlu, supaya maraneh nyaho yen Mantenna teh Allah maraneh.

7Kitu deui basa urang mimiti datang ka dieu, urang geus bisa ngelehkeun Raja Sihon ti Hesbon jeung Raja Og ti Basan anu ngahaja mapag merangan.

8Tanahna ku urang bisa direbut, tuluy dibikeun ka kaom Rubin, ka kaom Gad, jeung ka satengah kaom Menase.

9Anu matak supaya maraneh lulus saterusna, kudu ngestokeun sagala rupa anu kaungel dina perjangjian Mantenna.

10Ayeuna maraneh jaronghok di dieu di payuneun PANGERAN. Kabeh araya, para pamingpin, para gegeden, lalaki,

11awewe, barudak, pon kitu jalma lianna bangsa batur, purah mangalakeun suluh jeung cai.

12Poe ieu maraneh bakal dibawa kana eta perjangjian katut sagala katangtuanana anu dipidamel ku PANGERAN Allah maraneh, sangkan dilampahkeun.

13Maraneh rek diteguhkeun ngajadi umat PANGERAN, sarta Mantenna jadi Allah maraneh, sakumaha anu dijangjikeuna-Na ka maraneh jeung karuhun maraneh Ibrahim, Ishak jeung Yakub.

14Eta perjangjian jeung pikukuh-pikukuh, dipidamelna ku PANGERAN lain ngan pikeun maraneh wungkul.

15Tegesna pikeun kabeh, pikeun urang anu ayeuna di dieu jeung pikeun turunan urang nu bakal gumelar."

16"Maraneh tangtu aringet keneh kana sagala hal anu kasorang di Mesir, jeung anu kalakon di jalan waktu nyorang wewengkon bangsa-bangsa sejen.

17Arca-arca sesembahanana anu pikagirukeun, tina kayu, tina batu, tina perak, tina emas, ku maraneh geus katenjo.

18Pacuan ti anu karumpul di dieu aya jelema, warga, kaom, lalaki atawa awewe, anu rek ingkar ti PANGERAN hayang nyembah ka allah-allah maranehna, sabab matak jadi mamala, cara akar anu jadi tangkal anu pait jeung ngandung racun.

19Pacuan maraneh anu ngadarenge ieu parentah angker aya anu rek ngayakin-yakin maneh, boga rasa najan mawa karep sorangan ge mo burung salamet. Tan wande matak cilaka sarerea, nu balageur, nu jarahat.

20Jelema nu kitu ku PANGERAN moal dihampura, malah bakal kahuru ku bebendu-Na, ditarajang ku balahi-balahi anu kaungel dina eta kitab, ahirna ditumpes pisan,

21pikeun conto ti PANGERAN ka kaom-kaom Israil, diterapan sagala panyapa anu kaungel dina perjangjian anu aya dina buku pikukuh PANGERAN tea.

22Tanah maraneh ku PANGERAN bakal diruksak, pinuh ku kasangsaraan, tur bakal katarenjo ku turunan maraneh nu bakal datang, kitu deui ku jalma-jalma ti nagara nu jarauh.

23Lahan-lahan raruksak pinuh ku walirang jeung uyah, taya pisan anu jadi, henteu jukut-jukut acan. Tanah maraneh bakal saperti kaayaan nagara Sadumu jeung Gomora, saperti nagara Adma jeung Seboim, anu dibasmi ku PANGERAN tea, awahing Mantenna bendu.

24Jalma sajagat bakal silih tanya, ‘Ku naon tanah eta bangsa teh ku PANGERAN nepi ka dikitu-kitu? Ku naon nu matak PANGERAN sakitu benduna?’

25Jawabna, ‘Eta umat PANGERAN teh ingkar tina perjangjian Allah karuhunna anu diikrarkeun waktu maranehna budal ti Mesir.

26Maranehna ngabarakti ka allah-allah sejen anu tadi-tadina tacan disembah lantaran dilarang ku PANGERAN.

27Kitu sababna PANGERAN bendu ka eta umat-Na, tanahna disina cilaka, keuna ku panyapa anu aya dina kitab pikukuh Mantenna.

28Mantenna jadi kacida benduna nepi ka maranehna dirabut ti tanahna sorangan, dibuang ka nagara batur nepi ka ayeuna.’

29Aya keneh perkara-perkara anu ku PANGERAN Allah maraneh dirasiahkeun. Tapi ieu Hukum Mantenna anu enggeus dinyatakeun ka urang, ku urang jeung ku turunan urang kudu diestokeun salalawasna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ulangan 29 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel