Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 32 >> 

1"Langit, bumi, bandungan omongan kami, regepkeun masing taliti.

2Piwuruk kami lir keclak-keclak cihujan, lir ciibun anu tumurun ka bumi. Omongan kami ibarat hujan anu nyiram pepetetan, ngabiribis nyiram jujukutan.

3Kami seja muji pajenengan PANGERAN, sarta umat-Na nyaturkeun kapunjulan Mantenna.

4PANGERAN teh panulung maraneh anu digjaya, adil sampurna dina saniskara. Allah maraneh satuhu sarta saestu, lempeng bener sagala damel-Na.

5Sabalikna maraneh mah serong hate, bangsa doraka jeung loba cacad, teu layak jadi umat-Na.

6Eh nu garejul, anu teu baroga pikir! Karah kitu pamales maraneh ka PANGERAN teh? Mantenna teh Rama maraneh, anu nyiptakeun maraneh, anu ngadamel maraneh jadi hiji bangsa.

7Inget-inget nu katukang, jaman baheula, tanyakeun ka bapa maraneh kumaha. Tanya kolot-kolot, perkara lalakon baheula.

8Nu Maha Agung geus nangtukeun pitempateun bangsa-bangsa, jeung nangtukeun di mana jalma-jalma kuduna ngancik. Sarta tiap bangsa masing-masing dipaparin hiji allah.

9Ari turunan Yakub mah diunculkeun, dijadikeun umat kagungana-Na ku manten.

10Maranehna, kapendak ku Mantenna keur ngumbara di tanah gurun tempat nu sepi. Ku Mantenna seug diraksa, estuning didama-dama, mani kawas ka salira ku manten.

11Lir heulang anu ngajar anakna hiber anakna aman ditempatkeun dina jangjangna nu meber, nya kitu PANGERAN teh ngaraksana ka Israil.

12PANGERAN ku manten anu nuyun maranehna, teu dibantu ku allah-allah sejenna.

13Maranehna disina ngageugeuh tanah-tanah pagunungan, dicukup daharna, bangsa hasil ti tegalan, jeung madu leuweung tina sela-sela cadas, kitu deui tangkal jetun, anu jadi dina sela-sela batu.

14Sapina, embena, jaruuh cisusuna. Ingon-ingonna, domba, embe, sapi, kaasup nu pangalusna, gandumna pangbaleuneurna, anggurna nu pangeunahna.

15Umat PANGERAN ngajadi mukti, tapi bet jadi bantahan. Sanggeus lalintuh sarareubeuh barang hakan, seug ingkar ti Allahna, anu ngajadikeunana, naringgalkeun Juru Salametna anu digjaya.

16Nyarembah ka brahala, matak panas PANGERAN. Kadorakaanana nangtang bebendu Mantenna.

17Ngalurban ka allah-allah nu lain Allah, allah-allah anyar anu ku karuhunna can dipikawawuh, allah-allah anu ku Israil tacan disembah.

18Allahna, Juru Salametna anu digjaya, anu ngahirupan maranehna, dipopohokeun.

19Ningali sarupa kitu, PANGERAN jadi bendu. Seug eta pala putra-Na teh, lalaki, awewe, dipiceun.

20Dawuhana-Na, ‘Ku Kami moal ditulungan deui, hayang nyaho eta umat bantahan jeung teu satia teh kumaha panungtunganana.

21Ka Kami mapanas ku arca-arca, ku brahala anu carekna mah Allah, ku aallahan anu lain Allah. Matak ku Kami ge rek dipapanas ku hiji bangsa, sina ngentab hatena ka eta bangsa nu gejul.

22Amarah Kami tangtu ngagedur lir seuneu, saeusi bumi bakal kahuru. Malah bakal parat ka handapeun jagat, ngagehengkeun akar-akar pagunungan.

23Maranehna rek dicehcer ku balahi, dihujanan ku jamparing.

24Sina paraeh ku kalanti jeung muriang, sina tumpes ku sasalad nu baranget. Sina digalaksak ku sato galak, sina diparacok ku oray-oray anu maratih.

25Sina paraeh ku perang, tingjaloprak di lulurung. Nu di arimah sina ngarompod loba kasieun. Bujang, lanjang, tinemu jeung pati, dalah orok, aki-aki, nini-nini, moal aya anu kari.

26Ku Kami bakal ditumpes sama sakali, sina ulah kasebut-sebut deui.

27Tapi musuhna ku Kami moal dibikeun agul, sina ulah majar maneh geus ngelehkeun umat Kami, da Kami sorangan anu ngitukeun umat Kami teh.’

28Israil teh bangsa anu teu boga pikiran, teu boga pisan panalar.

29Teu kapikireun ku naon nepi ka eleh ku musuh. Teu kapikireun ku naon nu matak nepi ka kitu.

30Ku naon sarebu eleh ku saurang, salaksa eleh ku duaan? Lantaran geus ditinggalkeun ku PANGERAN Allahna. Maranehna geus diculkeun ku Allahna nu digjaya.

31Musuhna nyahoeun yen allahna sorangan mah lemah, teu digjaya saperti Allah Israil.

32Musuhna teh doraka cara Sadumu jeung Gomora, ibarat buah anggur anu pait ngandung racun,

33ibarat cianggur nu dijieun tina peurah oray.

34Kalakuan musuhna ku PANGERAN diemutkeun, baris dibales dina waktuna.

35Ku PANGERAN tangtu dituar disiksa, tangtu eta teh rugrug lamun geus datang mangsana, tur geus deukeut kana waktuna.

36PANGERAN bakal ngajait umat-Na, sanggeus kauninga taya dayana. Nu aranut ka Mantenna bakal dipikawelas, sanggeus katingali yen sakitu sangsarana.

37Seug umat-Na bakal dipariksa, ‘Mana allah-allah maraneh nu digjaya teh?

38Lain sok disuguhan gajih sato kurban? Lain sok dibaktian cianggur? Coba atuh ayeuna sina nulungan, sina ngorejat ngajait maraneh.

39Saenyana ngan Kami nu jumeneng Allah, taya deui anu sejen. Kami anu kawasa maehkeun, kawasa ngahirupkeun, kawasa ngageringkeun, kawasa nyageurkeun. Moal aya nu bisa nandingan Kami.

40Kami sumpah nadahkeun panangan: Demi Kami teh Allah anu jumeneng,

41Kami arek ngasah pedang sina ngagurilap, rek nerapkeun hukum adil. Rek ngabales musuh-musuh, rek nyiksa ka nu arijid ka Kami.

42Jamparing Kami bakal lamokot ku getih musuh, pedang Kami bakal ngababad sakabeh lawan. Nu ngaralawan rek dibeakkeun, moal ngarikeun nu geus kasabet jeung geus kajarah.’

43Eh bangsa-bangsa, geura pupunjung umat PANGERAN. Sabab sakur nu bareto ngabasmi maranehna, ku Mantenna baris disiksa. Saha anu ngamusuhan baris dibales. Sabalikna umat-Na tangtu dihampura dosa-dosana."

44Musa jeung Yosua ngucapkeun eta lagu, kadenge ku sakumna bangsa Israil.

45Sabada Musa ngawurukkeun papakon-papakon PANGERAN ka urang Israil,

46anjeunna sasauran kieu, "Peupeujeuh, ieu papakon-papakon anu diwurukkeun ku Bapa teh gumatikeun. Ajarkeun ku maraneh ka anak, supaya maranehna ge nurut jeung satia kana sagala pangandika-Na.

47Sabab ieu pangajaran teh lain omong kosong, estuna mah hiji-hijina jalan pihirupeun maraneh. Nu matak kudu diturut, sangkan maraneh bisa tetep renggenek matuh di ditu di tanah anu rek dicicingan, di peuntaseun Walungan Yordan."

48Dina poe eta keneh PANGERAN nimbalan ka Musa,

49"Maneh kudu ka Pagunungan Abarim di tanah Moab peuntaseun Yeriho. Tuluy unggah ka Gunung Nebo, pek ti dinya ku maneh teuteup tanah Kanaan anu rek dipaparinkeun ka urang Israil teh.

50Di puncak gunung eta maneh ku Kami rek dipundut nyawa, cara Harun dulur maneh anu ku Kami dipundut nyawana di Gunung Hor,

51lantaran maraneh duaan geus nembongkeun kateusatiaan ka Kami di hareupeun urang Israil. Basa keur di cinyusu Meriba deukeut kota Kades di tanah gurun Sin, maneh nyapirakeun Kami di hareupeun jalma rea.

52Tanah anu ku Kami rek dibikeun ka urang Israil teh bakal katembong ku maneh ti kajauhan, tapi maneh moal kungsi asup ka ditu."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ulangan 32 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
© 2010-2018
Alkitab.SABDA.org

Android.SABDA.org
SABDA.mobi
Bantuan
Dual Panel

Laporan Masalah/Saran