Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 33 >> 

1Samemeh pupus, Musa abdi Allah teh ngaberkahan heula ka urang Israil.

2PANGERAN sumping ti Gunung Sinai, lir panonpoe meletek luhureun Edom, ngebrehan ka umat-Na di Gunung Paran. Dibanding ku malaikat salaksa, dina panangan tengen-Na aya seuneu ngagebur.

3PANGERAN estu asiheun ka umat-Na, ngaraksa ka sakur nu jadi kagungana-Na. Bruk urang sujud kana sampeana-Na, tumut kana sakabeh pangandika-Na.

4Hukum anu ku Musa diselehkeun ka urang, urang turut, urang jieun puputon bangsa.

5PANGERAN jumeneng Raja umat-Na, Israil, basa kaom-kaomna jeung para kapalana kumpul.

6Ka kaom Rubin, berkah Musa kieu ungelna: "Mugia Rubin tong datang ka pareum, sanajan jumlahna teu sabaraha."

7Ka kaom Yuda kieu berkahna: "Nun PANGERAN, mugi panyambat Yuda dimakbul. Mugi Yuda dihijikeun deui sareng kaom-kaom Israil. Mugi dipangmerangkeun, dibantu ngelehkeun musuh-musuhna."

8Ka kaom Lewi kieu berkahna: "Nun PANGERAN, Gusti ngebrehkeun pangersa ku jalan Urim sareng Tumim, nganggo antara urang Lewi, abdi-abdi nu satia. Nalika di Masa ku Gusti parantos diuji. Di cinyusu Meriba bukti kaestuanana.

9Ka Gusti kalintang satiana. Langkung ti batan ka kolot-kolotna, ka dulur-dulurna sareng ka anak-anakna. Estu madep kana pangandika Gusti, kukuh nyekel kana perjangjian Gusti.

10Maranehna anu bakal ngajar umat Gusti, sina gumati kana Hukum Gusti. Maranehna anu bakal nyanggakeun kurban dina altar Gusti.

11Nun PANGERAN, mugi kaom maranehna ditohagakeun. Sagala pagaweanana mugi kamanah. Mugi musuh-musuhna dibasmi, ulah sina menyat deui."

12Berkahna ka kaom Binyamin: "Ieu kaom kameumeut PANGERAN. Sapopoena diraksa, diauban. Henteu weleh disarengan."

13Berkahna ka kaom Yusup: "Mugia tanahna ku PANGERAN dipaparin hujan. Dipaparin cai ti handapeun bumi.

14Saban usum lahanna sing pinuh ku bubuahan. Bubuahan nu aralus, nu arasak dina tangkalna.

15Pasir-pasir purbakalana sing meuhpeuy ku bubuahan, bubuahan anu pangaralusna.

16Tanahna sing pinuh ku nu mangpa’at. Sing kaseundeuhan ku berkah PANGERAN, anu ngandika ti leuweung cucuk nu hurung tea. Ieu berkah masing tumurun ka kaom Yusup, nu jadi pamingpin ti sakabeh dulur-dulurna.

17Yusup boga kakuatan banteng jeung tanduk sapi leuweung, nya eta: Menase anu mangrebu-rebu, jeung Epraim anu manglaksa-laksa. Anu babarengan ngagadil ka bangsa-bangsa, neunggar musuh sina mecleng ka tungtung jagat."

18Berkahna ka kaom Sebulun jeung kaom Isaskar: "Sebulun masing untung buniagana di laut. Isaskar masing mukti di pakemahanana.

19Maranehna bakal ngajak bangsa lian ngadongdon ka gunungna. Prak di dinya nyanggakeun kurban nu bener layak. Maranehna bakal ngareduk untung ti laut, jeung ngarali harta tina keusik sapanjang basisir."

20Berkahna ka kaom Gad: "Puji sukur ka Allah anu ngalegakeun wewengkon Gad. Gad taki-taki kawas singa, rek ngabeset leungeun atawa kulit sirah.

21Gad nyokot tanah anu pangalusna, pantes dipimilik ku anu jadi pamingpin. Maranehna narurut kana pikukuh jeung hukum Allah. Direujeungan ku para pamingpin Israil."

22Berkahna ka kaom Dan: "Dan saibarat singa ngora, ngagajleng luncat ti Basan."

23Berkahna ka kaom Naptali: "Naptali pohara meunangna berkah reujeung kurnia PANGERAN. Tanahna ngembat ka kidul ti semet Talaga Galilea."

24Berkahna ka kaom Aser: "Ti antara sakabeh kaom, Aser pangdiberkahanana. Sing dipikaresep ku dulur-dulurna. Tanahna sing loba tangkal jetunna.

25Kota-kotana sing weweg ku sarigsig tambaga jeung beusi. Mugia hirupna aman santosa."

26Eh Israil, taya allah nu cara Allah maraneh, anu kalawan agungna nitih langit tunggang mega, baris mitulung ka maraneh.

27Pitulung Allah ka maraneh sipatna kadim, panangana-Na anu ngadeudeul, sipatna langgeng. Ana maraneh maju, Mantenna anu ngajongklokkeun musuh, seug nimbalan sangkan ku maraneh digempur.

28Turunan Yakub hirupna senang santosa, cicing di tempat gandum jeung anggur, bumina dibaseuhan ku ciibun ti langit.

29Bagja maraneh, Israil! Taya nu mapakan. Estu bangsa anu rahayu ku PANGERAN. PANGERAN ku manten, minangka kepeng jeung pedang maraneh, nu ngabela jeung maparin kaunggulan. Musuh tangtu tingpoyongkod menta dikarunyaan, ku maraneh tuluy dileyek.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ulangan 33 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel