Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 9 >> 

1"Eh urang Israil, maraneh ayeuna tereh meuntasan Walungan Yordan, bakal ngarebut tanah bogana bangsa-bangsa anu leuwih gede leuwih kuat ti batan maraneh. Nagara-nagarana lalega, kuta-kutana laluhur nepi ka langit,

2jelemana jarangkung gede, baredas, bangsa raksasa, pan aya bejana ka maraneh ge, cenah moal aya anu kuat ka maranehna.

3Tapi engke ku maraneh katenjo, PANGERAN Allah maraneh bakal majeng ti heula lir seuneu anu ngalebur. Ana maraneh geus maju, musuh ku Mantenna bakal diusir sarta gancang dibasmi. Kitu timbalana-Na.

4Tapi lamun musuh geus disingkirkeun ku PANGERAN Allah maraneh, ulah boga rasa yen pangna ku Mantenna diasupkeun ka eta tanah jeung ngamilikna teh pedah geus pantesna kitu. Lain kitu! Eta musuh nu matak ku PANGERAN disingkirkeun teh lantaran daroraka.

5PANGERAN Allah maraneh, nu matak ngawidian eta tanah dicokot ku maraneh teh lain ku sabab maraneh bageur jeung bener. Musuh anu matak disingkirkeun teh lantaran kalakuanana garoreng, jeung ku sabab Mantenna rek ngabuktikeun jangji anu diikrarkeun ka karuhun maraneh, Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.

6Kanyahokeun, PANGERAN maparinkeun eta tanah anu sakitu alusna teh lain ku sabab maraneh hade lampah. Lain! Da maraneh teh tetep tukang murugul.

7Sing aringet, kumaha bareto maraneh di gurun keusik nyieun pibendueun PANGERAN Allah maraneh. Ti barang budal ti Mesir nepi ka ayeuna di dieu, maraneh ngan ngalawan bae ka Mantenna.

8Malah di Gunung Sinai maraneh dibenduan ku PANGERAN. Harita Mantenna kacida benduna nepi ka meh ngabasmi.

9Harita Bapa keur aya di puncak eta gunung, rek narima papan batu anu ditulisan ku perjangjian ti Allah pikeun maraneh. Opat puluh poe opat puluh peuting Bapa di dinya, teu dahar teu nginum.

10Sanggeus kitu Bapa narima eta papan batu ti Mantenna, geus ditulisan ku timbalan-timbalan anu diandikakeun ti jero seuneu tea, basa maraneh kumpul di suku eta gunung. Anu nyeratna ge PANGERAN ku manten.

11Sanggeus opat puluh poe opat puluh peuting, kakara PANGERAN masihkeun eta dua papan batu ka Bapa, geus dieusi ku perjangjian anu diserat ku Mantenna.

12Harita PANGERAN ngadawuh kieu ka Bapa, ‘Geuwat geura turun gunung, jelema-jelema anu ku maneh dibudalkeun ti Mesir teh geus nyarieun lampah goreng, marigawe dosa. Geus alingkar tina timbalan-timbalan Kami, jeung geus nyarieun aallahan keur sembaheunana.’

13Dawuhanana deui, ‘Tetela eta jelema-jelema teh kacida mantangulna.

14Maneh ulah ngahalang-halang ka Kami, eta jelema-jelema ku Kami arek dibasmi, sing ulah aya anu nginget-nginget deui. Sanggeus kitu maneh ku Kami arek dijadikeun karuhun hiji bangsa anu leuwih gede jeung leuwih kuat batan eta.’

15Bapa turun ti eta gunung, mawa dua papan batu anu dieusi perjangjian tea. Gebur aya seuneu ti luhur gunung.

16Maraneh ku Bapa kasampak geus alingkar tina timbalan PANGERAN, geus marigawe dosa ka Mantenna, nyieun hiji brahala sasapian tina logam.

17Bapa ngabeubeutkeun eta dua papan batu nepi ka beulah.

18Ti dinya Bapa ngadeuheus deui ka payuneun PANGERAN, bruk sujud kana taneuh, opat puluh poe opat puluh peuting deui teu dahar teu nginum. Bapa nepi ka kitu teh ku sabab eta dosa maraneh nu sakitu matak benduna ka PANGERAN.

19Bapa kacida paurna ningal PANGERAN mani ngagidir bendu-Na, meh bae ngabasmi ka maraneh. Hadena PANGERAN kersaeun keneh ngadangu panuhun Bapa.

20Jeung harita Bapa teh mangnedakeun Harun ongkoh, sabab harun oge dibenduan meh disina tiwas.

21Barang anu doraka jijieunan maraneh nya eta sasapian beunang nyitak tea ku Bapa dicokot, dialungkeun kana seuneu tuluy diancurkeun jadi bubuk, tuluy diawurkeun ka susukan anu ngocor ti eta gunung.

22Nya kitu keneh di Taberah, di Masa, jeung di Kibrot Taawa, maraneh nyieun pibendueun PANGERAN.

23Jeung basa maraneh ti Kades Barnea dipiwarang ngarebut tanah anu geus diajangkeun pikeun maraneh, maraneh baha, teu percaya, teu narurut.

24Ti barang Bapa mimiti wawuh ge maraneh teh geus ngaralawan ka PANGERAN.

25Bapa nyuuh ka payuneun PANGERAN, opat puluh poe opat puluh peuting, sabab Mantenna geus meh bae ngabasmi ka maraneh.

26Bapa sasambat, ‘Nun PANGERAN Nu Maha Agung, mugi ulah ngabasmi ka eta jalmi-jalmi kenging Gusti ngajait ti Mesir nganggo kawasa rosa.

27Sing emut ka abdi-abdi Gusti, Ibrahim, Ishak sareng Yakub. Mugi teu dianggo kekeling galih sanaos maranehna teh mantangul, arawon lampah, marigawe dosa.

28Bilih Gusti ku urang Mesir dipajarkeun teu iasa ngalebetkeun eta umat ka tanah anu dijangjikeun tea. Bilih ceuk urang Mesir Gusti ngaluarkeun eta umat ti Mesir teh baris dibasmi di gurun keusik reh ku Gusti parantos dipikageuleuh.

29Sanaos kumaha oge eta jalmi-jalmi teh ku Gusti parantos diunculkeun dijadikeun umat kagungan, tur kenging Gusti ngajait ti Mesir nganggo kawasa rosa.’"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ulangan 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel