Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 11 >> 

1Kaula ku anjeunna diserenan kayu sateukteuk siga iteuk ukuran, sarta diparentah, "Ukur Bait Allah jeung altar. Itung jelema anu keur ngabarakti di dinya.

2Buruan luarna ulah diukur, sabab geus dibikeun ka jalma-jalma lain umat Allah, anu bakal ngaleyek Kota Suci lilana opat puluh dua bulan.

3Kami rek ngutus saksi kami duaan. Di jero 1.260 poe tea maranehna bakal ngembarkeun amanat Allah bari marake pakean kasungkawaan."

4Eta dua saksi teh nya eta dua tangkal jetun jeung dua lampu anu aya di payuneun Gustina sakuliah bumi.

5Musuh anu ngaganggu ka maranehna pasti binasa ku seuneu anu kaluar tina sungut eta dua saksi. Jadi sing saha anu wani-wani nyusahkeun ka maranehna tangtu paeh.

6Maranehna barisaeun ngabendung langit nahan hujan satungtung keur ngajalankeun tugasna. Kawasa kana sumber-sumber cai, bisa ngarobah cai jadi getih, barisaeun ngadatangkeun rupa-rupa musibat ka bumi najan sakumaha seringna oge.

7Lamun tugasna ngembarkeun amanat geus anggeus, bakal tarung jeung hiji sato ti guha kandungan bumi, tapi eleh nepi ka tiwas duanana.

8Mayitna ngalalumbuk di jalan raya di hiji nagara urut Gustina disalib. Eta nagara ngaran kiasanana Sadumu, atawa Mesir.

9Mayitna henteu dibikeun dikubur, dilalajoanan ku jalma-jalma ti unggal bangsa, ti unggal kaom, ti unggal basa, jeung ti unggal seler bangsa, lilana nepi ka tilu satengah poe.

10Jalma-jalma sukan-sukan, silih kiriman hadiah, aratoheun ku tiwasna eta dua nabi anu geus ngabahlakeun ka umat manusa.

11Tapi sanggeus meunang tilu satengah poe ku Allah diasupan deui ambekan, harudang harirup deui, nepi ka jelema-jelema anu narenjoeunana kacida sarieuneunana.

12Eta dua nabi ngadenge soara ti sawarga, ungelna, "Hiap unggah!" Tuluy arasup kana mega, unggah ka sawarga, dipalencrong ku musuh-musuhna.

13Harita keneh bumi digedag ku lini kacida rongkahna, nepi ka saperpuluh eta kota lebur, jalma-jalma tariwas, aya tujuh rebu urang nu paeh. Anu harirup keneh beak karep sarieuneunana, seug bae ngaraku kana kaagungan Allah nu di sawarga.

14Balahi kadua geus liwat, nu katilu tereh nyusul!

15Malaikat katujuh niup tarompetna. Sawarga ngageder ku soara anu ungelna, "Kakawasaan geusan murba alam dunya geus dicangking ku Pangeran jeung ku Kristus-Na. Mantenna bakal kawasa salalanggengna!"

16Sesepuh anu dua puluh opat urang anu caralik dina tahta di hadirat Allah tea bruk nyaruuh, ngahormat ka Allah,

17tuluy ngarucap kieu, "Sewu nuhun nun Pangeran, Allah Nu Maha Kawasa, nu jumeneng ayeuna, nu jumeneng ti jaman baheula! Gusti parantos kersa nyangking kawasa rongkah, ngawitan kersa marentah.

18Umat brahala amarah, margi wawales ti Gusti parantos nitih kana wanci: Nerapkeun hukuman ka nu parantos paraeh, ngaganjar ka para abdi, ka nabi-nabi, sareng ka sugri anu ngabakti ka Gusti, ageung alit sami. Ayeuna mangsana ngabasmi maranehna, anu ngaruksak sakuliah bumi."

19Bray Bait Allah di sawarga muka, breh Peti Perjangjian Allah anu disimpen di dinya katembong. Karelep kilat tingburinyay, guludug tinggulugur, dibarengan ku lini jeung hujan es kacida rongkahna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Wahyu 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel