Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 15 >> 

1Geus kitu aya deui hiji pamandangan aheng di langit, agung jeung matak helok kabina-bina. Aya tujuh malaikat nyangking tujuh rupa balahi anu panutup, sabab nya ku ieu balahi-balahi Allah nganggeuskeun bebendu-Na.

2Kaula nenjo aya anu jiga laut kaca awor jeung seuneu. Jelema-jelema anu geus bisa ngelehkeun sato katut arcana tea jeung ngelehkeun jelema-jelema anu marake cap angka ngaran eta sato, narangtung di sisi eta laut kaca bari nyarekel kacapi ti Allah,

3sarta nganyanyikeun pupujian Musa abdi Allah jeung pupujianana Anak Domba, kieu: "Nun Gusti, Allah Nu Maha Kawasa, estu agung tur aheng dadamelan Gusti! Nun Raja sagala bangsa, jalan Gusti adil sareng sayaktosna!

4Saha anu teu bade gimir ka Gusti? Saha anu moal ngaku kana kaagungan Gusti? Mung Gusti bae nu suci. Bangsa-bangsa bakal darongkap sadaya, sembah sujud ka pangersa, wireh tindakan-tindakan Gusti nu adil, kasaksi ku sadayana."

5Geus kitu katenjo Bait Allah di sawarga muka, di jerona tembong aya Kemah Tepangan Allah.

6Tujuh malaikat anu nyangking tujuh balahi nu panutup tea kalaluar ti eta Bait Allah, pakeanana tina lawon linen ngeplak bodas harerang, dadana marake solempang emas.

7Eta tujuh malaikat ku salah sahiji mahluk nu opat dibagi tujuh pinggan emas anu dieusi ku bebendu Allah anu jumeneng salalanggengna.

8Geus kitu eta Bait Allah teh pinuh ku haseup tina kaagungan jeung kakawasaan Allah, nepi ka taya nu bisa asup ka dinya samemeh balahi anu tujuh rupa anu dicangking ku tujuh malaikat tea dibuktikeun kabeh.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Wahyu 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel