Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 17 >> 

1Saurang ti tujuh malaikat nu nyarangking tujuh rupa balahi tea nyampeurkeun ka kaula, bari saurna, "Tuturkeun! Urang nenjo kumaha dihukumna palacur anu geus kaceluk jadug, jujuluk kota gede deukeut walungan-walungan tea.

2Raja-raja sajagat geus lacur ka manehna. Jelema sadunya marabok lantaran ngarinum anggur kalakuan manehna anu mesum."

3Seug kaula dikawasaan ku Roh, ku eta malaikat dibawa ka hiji gurun pasir. Di dinya kaula nenjo hiji awewe, keur diuk dina hiji sato rupa beureum. Eta sato pinuh ku tulisan, ngaran-ngaran panghina ka Allah. Satona huluna tujuh tandukna sapuluh.

4Pakean eta awewe warna wungu jeung beureum kolot, pinuh ku perhiasan emas, batu-batu permata, jeung mutiara. Leungeunna nyekel pinggan emas, pinuh ku hal-hal anu cabul jeung mesum, ladang lampah lacurna.

5Dina tarangna aya tulisan hiji ngaran sandi, unina: "Babul raya, indung palacur jeung jelema barejad sajagat."

6Eta awewe teh keur mabok ku getih umat Allah jeung getih jelema nu diparaehan ku karana satia ka Yesus. Kacida heranna kaula nenjo eta awewe teh.

7Saur malaikat, "Naha make heran? Rasiah eta awewe jeung sato hulu tujuh tanduk sapuluh tutumpakanana kieu.

8Bareto eta sato teh hirup, ayeuna geus henteu hirup. Moal lila deui bakal bijil ti jero guha kereman, tapi bakal dibinasakeun. Jelema-jelema di bumi, anu memeh aya dunya ngaranna teu dicatet dina kitab jalma-jalma nu harirup, kabeh bakal mikahelok ka eta sato, da eta sato nu bareto hirup ayeuna geus henteu teh engke bakal aya deui.

9Hal ieu merlukeun hikmat jeung pangarti. Tujuh huluna nuduhkeun tujuh pasir pangdiukan eta awewe. Oge nuduhkeun tujuh raja;

10lima raja geus ragrag, nu kagenep keur marentah, nu katujuh tacan datang, mun geus datang bakal marentah tapi ngan sakeudeung.

11Satona sorangan anu bareto hirup ayeuna geus henteu, eta lambang raja nu kadalapan, kaasup keneh ka nu tujuhan. Ayeuna keur neang pibinasaeunana.

12Tandukna sapuluh, nuduhkeun sapuluh raja anu tacan nyekel kawasa, tapi bakal dibere kakawasaan raja, bareng marentah jeung eta sato, lilana ngan sajam.

13Sapuluh raja tea satujuan, sarta nyerenkeun kakawasaan jeung wewenangna ka eta sato,

14sarta bakal merangan ka Anak Domba. Tapi bakal eleh ku Anak Domba jeung para panganutna nu saratia nu disalaur jeung dipilih, sabab Anjeunna teh Gustina sakabeh gusti, Rajana sakabeh raja."

15Saurna deui, "Cai anu katenjo ku maneh, pangdiukan eta awewe palacuran, nuduhkeun bangsa-bangsa, rahayat-rahayat, nagara-nagara, jeung basa-basa.

16Eta awewe palacuran bakal malik dipikaijid ku tanduk nu sapuluh jeung ku satona, hartana bakal dijabel, awakna ditaranjangan, dagingna digarogotan, tuluyna digebruskeun kana seuneu.

17Sabab hate maranehna ku Allah disina sakait, diloyogkeun kana ngajalankeun tujuan Mantenna, malasrahkeun kakawasaan ka eta sato sina nyekel parentah, nepi ka sakabeh sabda Allah teh tinekanan.

18Eta awewe teh kota nu gede tea, anu marentah raja-raja saalam dunya."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Wahyu 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel