Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 2 >> 

1"Tulis pikeun malaikat jamaah di Epesus: Ieu amanat ti nu nyekel tujuh bentang dina leungeun katuhu, anu leumpang di antara tujuh suku lampu emas.

2Kami nyaho kumaha panggawe maneh. Maneh geus banting tulang jeung sakitu mantepna. Kami nyaho, jalma-jalma jahat ku maneh tara dibere ampun, anu ngaku-ngaku rasul ku maneh didoja sarta kaboker yen lain rasul.

3Maneh sabar, geus nandangan sangsara ku karana Kami tapi tetep mantep.

4Tapi Kami aya cawadeun ka maneh, sabab maneh geus teu nyaah ka Kami cara keur anyaran.

5Maneh geus pohara tibeubeutna! Geura tobat, kudu milampah deui cara keur basa mimiti. Lamun teu tobat tina dosa, suku lampu anu di maneh ku Kami rek dicokot tina tempatna.

6Tapi maneh aya keneh alusna, sabab maneh ceuceub kana tingkah laku para panganut Nikolaus anu ku Kami dipikaceuceub.

7Ku sabab kitu lamun enya boga ceuli, regepkeun kumaha dawuhan Roh Allah ka jamaah-jamaah! Sing saha nu unggul, ku Kami rek dibere ngadahar buah tangkal kahirupan nu aya di Taman Allah."

8"Tulis pikeun malaikat jamaah di Semirna: Ieu amanat ti Nu Awal jeung Nu Panutup, nu geus nyorang ajal jeung nu geus hirup deui.

9Kami nyaho kalaraan maneh. Kami nyaho maneh teh miskin tapi saenyana beunghar! Kami nyaho maneh digogoreng ku jelema-jelema anu ngaku urang Yahudi padahal lain, saenyana mah umatna Iblis!

10Ulah sieun ku kasangsaraan anu bakal kasorang. Dengekeun! Maraneh bakal digoda ku Iblis, maraneh sawareh rek dijeblos-jebloskeun ka panjara. Eta kasangsaraan lilana sapuluh poe. Sing tetep satia ka Kami sanajan kudu nepi ka ajal, tan wande ku Kami diganjar hirup anu sajati.

11Ku sabab eta, lamun enya mah boga ceuli, regepkeun kumaha dawuhan Roh Allah ka jamaah-jamaah! Sing saha nu unggul, moal keuna ku siksaan maot anu kadua."

12"Tulis pikeun malaikat jamaah di Pergamus: Ieu amanat ti nu nyangking pedang anu dua seuseukeutna.

13Kami nyaho di mana padumukan maneh, nya eta di tempat Iblis ngageugeuh. Tapi maneh tetep satuhu ka Kami. Malah basa Antipas saksi Kami nu satia dipaehan dihareupeun maneh di eta enggon Iblis ngawasa, maneh tetep henteu miceun kapercayaan maneh ka Kami.

14Tapi Kami aya kateupanuju saeutik, sabab di maraneh aya jelema-jelema anu nganut paham Balhum anu mamatahan ka Balak tea sina nyasabkeun urang Israil dititah ngadalahar sasajen anu disuguhkeun ka brahala jeung dititah patemon cabul.

15Nu sawareh deui nganut pangajaran Nikolaus.

16Eta dosa geura piceun! Lamun henteu, Kami arek buru-buru datang, numpes anu karitu ku pedang tina baham Kami.

17Ku sabab kitu, lamun enya boga ceuli, regepkeun kumaha dawuhan Roh Allah ka jamaah-jamaah! Sing saha nu unggul, ku Kami rek dibere ngadahar manna gaib. Jeung masing-masing rek dibere batu bodas nu diukiran ku hiji ngaran anyar nu moal aya nu nyaho, salian ti anu narimana."

18"Tulis pikeun malaikat jamaah di Tiatira: Ieu amanat ti Putra Allah, anu socana hurung kawas seuneu, anu sampeana-Na kawas tambaga disangling.

19Kami nyaho panggawe maneh. Kami nyaho kanyaah maneh, kasatiaan maneh, pangabdian maneh, jeung kasabaran maneh. Kami nyaho eta kabeh dilakonan ku maneh leuwih ti basa keur anyaran.

20Tapi Kami aya kateupanuju, sabab awewe nu ngaran Isebel, anu ngaku-ngaku jadi utusan Allah ku maneh disabaran bae. Loba abdi Kami anu geus sasab ku pangajaranana, ngalalampahkeun patemon cabul, jeung ngadalahar sasajen anu disuguhkeun ka brahala.

21Si Isebel ku Kami geus ditempoan sina tobat, tapi teu tobat-tobat, tetep bae nyieun kaaeban.

22Ku sabab kitu ku Kami rek dibantingkeun kana pangedenganana, sarta anu lalacur ka manehna sina narandangan kanyeri anu taya papadana, sarta rek dijalankeun ayeuna keneh ku Kami, kajaba lamun tarobat teu marilu deui jahat jeung eta awewe.

23Panganutna kabeh rek dipaehan, supaya jamaah-jamaah nyaraho yen Kami teh anu nyaho kana pikiran jeung angen-angen tiap manusa. Unggal jalma ku Kami rek dibales satimpal jeung lampahna.

24Tapi maraneh nu sejen-sejenna di Tiatira, henteu kabawa ku eta pangajaran jahat, teu mariku diajar elmu anu disebut ‘rasiah-rasiah Iblis anu jarero’. Kami jangji moal nambah kasusah nanaon deui.

25Tapi kudu teguh kana iman nu ayeuna nepi ka Kami datang.

26(2:26-28) Sakur nu unggul, anu ngalampahkeun pangersa Kami nepi ka tutug, rek dibere kawasa sakumaha kawasa anu katarima ku Kami ti Ama Kami, nya eta kawasa murba ka bangsa-bangsa, kawasa marentah jeung ngagitik maranehna ku iteuk beusi datang ka bubuk kawas pariuk remuk. Jeung rek dibere bentang pajar.

27(2:26)

28(2:26)

29Ku sabab kitu, lamun enya baroga ceuli, regepkeun kumaha dawuhan Roh Allah ka jamaah-jamaah!"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Wahyu 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel