Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 9 >> 

1Malaikat kalima niup tarompetna. Hiji bentang ragrag ninggang bumi. Eta bentang diserenan sosi hiji guha.

2Barang eta guha dibuka, peledug bijil haseup ti dinya kawas haseup tina pameuleuman gede terus mumbul. Reup langit reueuk, panonpoe teu tembong deui.

3Tina eta haseup merul simeut turun ka bumi, mararatih kawas kala.

4Eta abrulan simeut geus ditimbalan teu meunang ngaruksak jujukutan atawa tatangkalan atawa pepelakan. Ngamukna kudu ka jelema bae, sakur anu tarangna teu make cap Allah,

5tapi teu meunang nepi ka paeh, semet dinyenyeri bae ku kanyeri saperti diseureud kala, lima bulan lilana.

6Di jero lima bulan tea jalma-jalma bakal nareangan jalan paeh tapi teu bisa paeh, harayangeun paeh ge paeh kalah ka ngejat.

7Ari simeutna siga kuda anu dirarahaban ku rarahab perang. Huluna siga make makuta emas, beungeutna siga beungeut jelema.

8Baruukan kawas buuk awewe, huntuna siga huntu singa,

9dadana siga make baju beusi. Sora jangjangna ngaguruh sada kareta muru tarung ditarik ku kuda loba.

10Buntutna siga buntut kala jeung aya panyeureudna, paragi nyeureudan jalma-jalma lima bulan lilana.

11Aya rajana anu ngatur, ngaranna dina basa Ibrani Abadon, dina basa Yunani Apolion (hartina "Tukang Ngaruksak"), nya eta malaikat anu ngajaga liang guha tea.

12Sanggeus balahi nu ieu liwat, aya keneh dua rupa deui balahi.

13Malaikat kagenep niup tarompetna. Seug aya soara, kaluar ti opat juru altar emas anu di payuneun Allah tea,

14marentah ka malaikat anu kagenep, "Leupaskeun opat malaikat anu dibarogod di sisi Walungan Eprat!"

15Seug eta opat malaikat teh dileupaskeun. Eta opat malaikat geus dicalonkeun pikeun maehan sapertilu umat manusa. Jamna, poena, bulanna jeung taunna geus ditangtukeun.

16Tuluy kaula dibejaan yen aya balad pasukan kuda lobana dua ratus juta urang.

17Dina ieu tetenjoan kaula nenjo eta pasukan tarumpak kuda, dibaraju kere warnana beureum ngagebur, biru langit kawas warna batu nilem, jeung koneng walirang. Ari kudana huluna siga hulu singa, bangusna nyebrotkeun seuneu, haseup, jeung walirang.

18Sapertilu umat manusa paraeh ku seuneu, ku haseup, jeung ku walirang, tilu rupa balahi anu nyebrot tina bangus-bangus kuda tea.

19Kasaktian eta kuda-kuda teh dina bangusna, jeung dina buntutna. Bangun buntutna kawas oray jeung haruluan, dipake nyiksa manusa.

20Manusa sakarina anu henteu dipaehan ku eta balahi, jarahatna angger bae, angger nyarembah ka roh-roh jahat jeung ka arca-arca tina emas, tina perak, tina tambaga, tina batu jeung tina kayu, barang anu henteu nenjo, henteu ngadenge, henteu leumpang.

21Maranehna teu tarobat, maehan keneh, muhit keneh kana elmu-elmu gaib, rucah, maling.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Wahyu 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel