Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yakobus 3 >> 

1Dulur-dulur, ulah harayang jadi guru sarerea. Pan aruninga, guru mah ari geus disalahkeun teh mani pohara, disalahkeunana teh leuwih-leuwih ti nu sejen.

2Urang, sarerea oge remen nyieun kasalahan. Jadi mun aya anu tacan sakali-kali acan nyieun kasalahan tina omonganana, tetela jalma sampurna, bisa ngawasaan sakujur dirina.

3Kuda supaya nurut ka mana karep urang, sungutna dikadalian.

4Kapal ku sabab gede, majuna kudu ku angin gede, tapi bisa diatur ku kamudi anu kacida leutikna nurutkeun kahayang jurumudi.

5Letah oge nya kitu, sakitu lembutna, bet bisa dipake nyombongkeun diri ku perkara-perkara anu galede. Cipta, sakumaha gedena leuweung bisa disina kahuruan ku seuneu anu leutik!

6Ayeuna letah. Letah saperti seuneu. Eta teh dunya kajahatan nu aya dina awak urang, nyebarkeun racun jahat kana sakujur badan, sarta nimbulkeun seuneu ti naraka pisan, ngahuru kaayaan hirup urang sagemblengna.

7Manusa bisa, jeung enggeus ngalilindeuk mahluk-mahluk sejen, sato galak, manuk, sato anu ngarayap, jeung lauk.

8Tapi teu aya saurang-urang acan anu bisa meruhkeun letah. Letah mah nya jahat nya mangprung teu bisa dipegung, racun anu kacida matihna.

9Ku urang sok dipake muji sukur ongkoh ka Gusti jeung Rama urang, tapi sok dipake oge nyumpahan ka sasama manusa anu dijadikeunana ngala kana kanyataan Allah.

10Boh pamuji sukur, boh panyapa, bijilna tina sungut anu eta keneh. Tapi urang mah ulah kitu dulur-dulur!

11Teu aya cinyusu anu ngaburialkeun cai tawar ongkoh cai pait ongkoh tina liang eta-eta keneh.

12Tangkal kondang moal buahan jetun, tangkal anggur moal buahan kondang, cinyusu asin moal ngabijilkeun cai tawar.

13Kumaha di dieu aya anu bijaksana jeung berbudi? Buktikeun kituh ku lampah nu hade, ku panggawe anu hade, dibarengan ku rendah hate jeung lantip bijaksana.

14Sabalikna, anu dengkian, nyerian hate, mentingkeun maneh, ulah ngagulkeun maneh bijaksana, sabab lamun kitu mah dosa sarta lalawanan jeung nu bener.

15Kabijaksanaan saperti kitu mah asalna lain ti sawarga, tapi ti dunya, tina hawa napsu, ti nu jahat.

16Karana di mana aya sipat dengki jeung sipat mentingkeun maneh, tangtu ngusutkeun jeung nyieun rupa-rupa kajahatan.

17Ari kabijaksanaan nu ti sawarga mah estuning pangmulus-mulusna, resep rapih, amis budi, sareseh, karunyaan, buahna teh harade kabeh, taya curiga ka batur, taya sipat pura-pura.

18Binih karapihan pelak jalma anu cinta kana karapihan mah buahna teh kahadean.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yakobus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel