Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 1 >> 

1Sim kuring, Yeheskel bin Busi, pangkat imam. Hirup di nagri Babul, matuh di sisi Walungan Kebar, bareng jeung sasama bangsa Yahudi, jadi boyongan. Dina tanggal lima, bulan kaopat, taun katilu puluh, ningal langit muka. Breh aya titingalan ngeunaan salira Allah.

2Harita nincak taun kalima Raja Yoyakin jadi boyongan di nagri Babul.

3Di dinya, di sisi Walungan Kebar, nagri Babul, kakuping gentra PANGERAN nimbalan ka sim kuring, sarta sim kuring keuna ku pangawasa-Na.

4Barang tanggah, katingal aya angin topan nebak ti kaler, bray kilat ngaburinyay tina gumplukan mega, langit lebah dinya mani ngagebur. Anu kasorang ku eta kilat mani ruhay cahayaan lir sinar parunggu.

5Di jero topan tea, di tengah-tengahna, aya opat mahluk siga-siga jelema.

6Beungeutna opat-opat, jarangjangan opat-opat.

7Sukuna barebeng jeung talapokan siga talapok sapi, harerang kawas parunggu anyar digosok.

8Jaba ti bareungeutan, jeung jarangjangan teh, baroga leungeun opat-opat deui, bangunna siga leungeun jelema, ayana di handapeun tiap jangjang.

9Ari jangjangna maleber dua-dua, tungtung jeung tungtung antel kana jangjang baturna, ngawangun pasagi opat. Ana mahluk-mahluk tea obah, bareng obah opatanana, tapi awakna henteu kabawa ngagilir.

10Ari beungeutna anu opat-opat tea, bangunna ge pada-pada opat rupa, beda-beda. Nu beulah hareup beungeut jelema, nu beulah katuhu beungeut singa, nu beulah kenca beungeut sapi, nu beulah tukang beungeut manuk rajawali.

11Jangjangna maleber dua-dua ka luhur, paantel jeung tungtung jangjang batur gigireunana, ari jangjang anu dua deui ngalalingkup nutupan awakna.

12Nyanghareupna masing-masing bisa ka opat jihat, jadi bisa bareng ka ditu ka dieu ka mana karepna bari teu kudu luak-lieuk.

13Di tengah-tengah eta opat mahluk aya anu kawas obor ngagebur, obah-obah teu daek cicing. Hurungna ngagegedur, kilatna mancawura.

14Opat mahluk tea oge henteu cicing, suat-siet ka ditu ka dieu kawas kilat.

15Sabot sim kuring nelek-nelek eta opat mahluk, breh ningal aya opat gilinding napak kana taneuh di gigireunana masing-masing.

16Eta gilinding sarua bangunna, jeung tingpaloncorong kawas sorot batu permata. Di tengah saban gilinding aya gilinding hiji deui di tengah asna.

17Jadi gilinding teh bisa obah ka opat jihat.

18Pelekna masing-masing pinuh katutup ku mata.

19Ana opat mahluk tea pindah, gilinding tea ge pindah nuturkeun; ana opat mahluk tea ngapung, gilinding tea ge nuturkeun ngapung.

20Opat mahluk tea pipindahan ka mana karep, gilinding-gilinding oge nya kitu, da diatur ku opat mahluk tea.

21Jadi saban opat mahluk tea maju, atawa eureun, atawa ngapung, gilinding-gilinding tea ge nuturkeun kitu.

22Di luhureun sirah opat mahluk tea aya anu siga lalangit melengkung, kawas tina kristal, matak serab.

23Nya di handapeun eta ayana opat mahluk tea, meberkeun dua jangjangna masing-masing sina paantel jeung tungtung jangjang baturna, sarta jangjang anu dua deui ngalingkup nutupan awakna.

24Sora jangjangna ari keur hiber mani ngaguruh sada guruhna laut, sada ambregna aleutan balad gede, jeg soara gentra Allah Nu Maha Kawasa. Ari hiberna eureun, jangjangna dilingkupkeun.

25Tapi soara guruhna mah kadenge keneh, datangna ti luhureun lalangit nu melengkung tea, di luhureun sirah mahluk anu opat.

26Di luhureun lalangit tea aya anu siga singgasana tina batu nilem, dilinggihan ku anu siga manusa.

27Eta anu siga manusa teh cahayaan kawas cahaya parunggu nu keur dilebur ku seuneu. Cahayana mancawura matak serab pisan,

28jadi warna-warni cara cahaya katumbiri. Sihoreng eta cahaya anu pikahelokeun teh tanda yen PANGERAN aya di dinya. Bruk bae sim kuring nyuuh kana taneuh, geus kitu ngeng aya gentra.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel