Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 16 >> 

1PANGERAN nimbalan ka kaula.

2"Eh anak manusa," timbalana-Na, "bejakeun ka Yerusalem yen kalakuanana teh pikageuleuheun."

3Bejakeun, kieu sabda PANGERAN Nu Maha Agung: Maneh dijurukeun di tanah Kanaan. Bapa maneh urang Emor, indung maneh urang Het.

4Basa maneh brol dijurukeun, euweuh anu daek mangeureutkeun tali ari-ari maneh, euweuh anu daek ngamandian, euweuh anu mangnetelankeun ku uyah, euweuh anu ngabedongan.

5Saurang ge euweuh anu ha’at ngalampahkeun kitu ka maneh. Jadi maneh ti barang brol ge euweuh anu mikanyaah, anggur dipiceun ka tegal.

6Kabeneran Kami ngaliwat, maneh katenjo keur roroesan dina getih. Maneh bobolokot keneh getih, Kami teu tega nenjo maneh kudu paeh.

7Seug ku Kami dirawatan sangkan gede, mun pepelakan sangkan alus jadina. Maneh ngagedean, ngajangkungan, jadi parawan. Susu mimiti nyeungseung, buuk geus panjang tapi sataranjang keneh.

8"Barang Kami ngaliwat deui, maneh geus mimiti beger. Awak maneh anu taranjang ku kami ditutupan ku baju Kami, sarta Kami ngedalkeun jangji seja mikacinta ka maneh. Estu, Kami ngayakeun jangji perkawinan jeung maneh, sarta maneh jadi milik Kami." Kitu sabda PANGERAN Nu Maha Agung.

9"Ti dinya Kami nyokot cai, getih maneh diseka, kulit maneh digosok ku minyak jetun.

10Geus kitu ku Kami didangdanan, bajuna disulam, selopna kulit anu pangalusna, beulit sirahna lawon linen, mantelna sutra.

11Tuluy dipakean perhiasan, digeulangan, dikongkorongan,

12irung jeung ceuli diantingan, terus diterapan makuta endah.

13Perhiasan maneh kabeh tina perak, jeung emas, papakean kabeh disulam, lawonna sutra jeung linen. Daharna roti tina tarigu anu panglemesna, madu jeung minyak jetun. Maneh ngajanggelek jadi awewe nu geulis kawanti-wanti, sarta jadi ratu.

14Kageulisan maneh estu sampurna sarta kawentar ka unggal bangsa, sabab nya Kami anu ngajadikeun maneh sakitu geulisna." Kitu sabda PANGERAN Nu Maha Agung.

15"Tapi maneh kena-kena geulis jeung kawentar, maneh hees jeung unggal lalaki nu ngaliwat.

16Papakean ti Kami ku maneh dipake ngahias kamar-kamar paranti maneh nyembah brahala, sarta maneh mikeun awak ka unggal lalaki saperti awewe palacuran.

17Perhiasan-perhiasan perak jeung emas pamere Kami ku maneh dipake nyieun arca-arca lalaki, seug maneh nyelewer ka dinya.

18Papakean beunang nyulam pamere Kami ku maneh dipake ngadangdanan arca-arca, sarta arca-arcana ku maneh disuguhan minyak jetun jeung seuseungitan pamere Kami.

19Kadaharan pamere Kami keur dahareun maneh, roti tina tarigu anu panglemesna, kitu deui minyak jetun jeung madu, ku maneh disuguhkeun ka eta arca-arca, ngalap berekahna." Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.

20"Barudak, nu lalaki nu awewe, beunang maneh ngajurukeun pikeun Kami, ku maneh diserenkeun ka eta arca-arca sesembahan maneh, dijieun kurban. Na teu cukup ku nyelewer, teu satia ka Kami teh,

21nepikeun ka anak-anak Kami ku maneh dikurbankeun ka brahala-brahala?

22Salila maneh ngumbar kalakuan pikageuleuheun, bororaah inget ka mangsa keur budak, keur waktu bulucun, keur waktu roroesan dina getih."

23Kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung, "Cilaka maneh, cilaka! Geus sakitu jahatna teh

24pek deui nyieunan tempat di unggal sisi jalan keur imah brahala-brahala, dipake enggon lacur.

25Kageulisan maneh disered kana leutak, dibikeun ka nu laliwat, ganti poe rucah maneh beuki maceuh.

26Malah nepi ka jeung urang Mesir, tatangga maneh anu kawentar napsu birahina, sangkan Kami tambah panas.

27Ayeuna Kami rek meta. Maneh rek dihukum, sarta sagala tanda kahemanan Kami ka maneh rek dicokot deui. Maneh arek diserenkeun ka urang Pelisti, anu geus ijideun nenjo kalakuan maneh anu teu boga susila.

28Lacur teu cukup ku lalaki-lalaki nu enggeus, tuluy ngacak ka urang Asur. Tapi sanggeus jadi langganan maranehna ge maneh can ngarasa keneh bae.

29Ditambah ku urang Babul, anu kawentar palinter usaha. Masih keneh maneh can ngarasa."

30Kieu sabda PANGERAN Nu Maha Agung: "Eta laku lampah maneh teh laku lampah awewe palacuran.

31Di saban jalan nyieunan tempat keur imah brahala-brahala, dipake enggon ngalacurkeun awak. Tapi maneh mah lacur teh henteu parok jeung nu sejen, lain keur nyiar napkah.

32Maneh mah awewe nyelewer ti salaki tuluy lacur jeung lalaki-lalaki sejen.

33Awewe lacur mah dibayar. Ari maneh kalah ka mere hadiah ka unggal kabogoh, malah ngosol-ngosol ku duit ka lalaki ti mana-mana, diajak hees bareng.

34Maneh ungkluk luar biasa. Maneh mah lain lacur kapaksa, da euweuh nu maksa. Maneh mah lain ngarah bayaran, kalah ka maneh anu ngahaja mayar ka lalaki. Beda ti nu sejen maneh mah."

35Ayeuna dengekeun, eh Yerusalem, ungkluk! Dengekeun ieu sabda PANGERAN.

36Kieu sabda PANGERAN Nu Maha Agung: "Maneh ngalaanan pakean, tuluy saperti ungkluk, nyerenkeun awak ka kabogoh-kabogoh jeung ka brahala-brahala pikaijideun. Anak sorangan dipaehan, disuguh-suguhkeun ka brahala-brahala.

37Ku sabab eta, urut kabogoh-kabogoh maneh ku Kami rek sina karumpul di dieu, boh nu ku maneh dipikaresep keneh, boh anu geus dipikangewa. Arek diriungkeun jeung maneh. Maneh ku Kami rek ditaranjangan, sina ditarongton.

38Maneh rek dihukum ku lantaran ngalacurkeun diri jeung ku sabab maehan. Kami arek ngabudalkeun kajengkel jeung amarah. Maneh tangtu dihukum nepi ka paeh.

39Arek disebakeun ka maranehna, ari maranehna bakal ngubrak-ngabrik tempat-tempat anu ku maneh dijieun tempat lacur jeung nyembah ka brahala-brahala. Papakean maneh ku maranehna bakal dirampid, kitu deui sagala perhiasan maneh, sarta maneh ditinggalkeun sataranjang.

40Maranehna bakal ngahucuhkeun jalma rea sangkan maledogan maneh ku batu, sarta maranehna bakal nyacag awak maneh ku pedang.

41Imah-imah maneh bakal diduruk. Sajeroning maneh nandang hukuman, bakal ditarongton ku sasama awewe-awewe. Kami hayang nenjo maneh eureun tina jadi ungkluk, hayang ngeureunkeun maneh mahugi kabogoh-kabogoh.

42Lamun geus nepi ka kitu kakara amarah Kami bisa leler, kakara Kami bisa sabar deui.

43Maneh geus teu inget-inget ka waktu keur budak keneh, heug nyieun kalakuan-kalakuan anu ngahudang amarah Kami. Ayeuna sagala kalakuan maneh teh ku Kami rek dibales. Ku naon sakitu geus jahatna teh terus rucah ongkoh?"

44PANGERAN nimbalan, "Kalakuan maneh bakal dijieun paribasa ku jalma rea: ‘Nya indung nya anak.’

45Dasar maneh anak awewe indung maneh. Indung maneh geuleuheun ka salakina jeung ka anak-anakna. Saruana jeung dulur-dulur maneh awewe, ijid ka salaki jeung ka anak. Indung maraneh urang Het, bapa maraneh urang Emor.

46Lanceuk maneh awewe ti kidul, nagri Samaria katut desa-desana. Adi maneh ti kaler, nagri Sadumu katut desa-desana.

47Geus puas maneh nuturkeun lengkah paripolahna, niru kalakuanana anu pikaijideun? Acan! Malah maneh mah acan ge lila geus leuwih jahat ti batan maranehna."

48"Demi Kami Allah anu jumeneng," timbalan PANGERAN Nu Maha Agung, "adi maneh nagri Sadumu katut desa-desana, teu nepi ka boga kalakuan anu jahatna cara kalakuan maneh.

49Adi maneh saanak-anakna awewe teh kamagungan, rasa maneh lubak-libuk ku hakaneun, rasa maneh aman taya pikahariwangeun, embung malire ka nu kekere, embung ha’at ka nu malarat,

50sombong, bedegong. Ku Kami dibasmi. Maneh ge nyaho.

51Kajahatan nagri Samaria ge acan aya saparona tina kajahatan maneh. Kajahatan maneh mah leuwih-leuwih matak ijidna teh. Dibandingkeun jeung kajahatan maneh, dulur-dulur maneh mah henteu jiga-jiga nu jahat.

52Ku sabab eta maneh moal weleh-weleh nandangan kahinaan, lantaran leuwih doraka ti batan dulur-dulur maneh. Upama direndengkeun jeung maneh, dulur-dulur maneh mah teu jiga-jiga nu doraka. Ku sabab eta pek wiwirangna tanggung ku maneh, da maneh anu ngalantarankeun maranehna siga nu suci beresih."

53PANGERAN nimbalan ka Yerusalem, "Sadumu jeung Samaria katut desa-desana ku Kami arek dipulihkeun deui. Tangtu maneh oge bakal dijieun mukti deui.

54Maneh kudu era ku diri sorangan. Nenjo maneh meunang kahinaan, dulur-dulur maneh bakal ngarasa rada lipur.

55Duanana bakal marukti deui. Maneh oge katut desa-desa maneh tangtu bakal dipulihkeun deui.

56Lain bareto mah maneh moyok ka Sadumu, basa maneh keur jaya,

57basa acan boga kalakuan anu sakitu jahatna? Ayeuna maneh sorangan anu bakal jadi poyokeun batur cara Sadumu, poyokeun urang Edom, poyokeun urang Pelisti, poyokeun tatangga-tatangga anu arijideun ka maneh.

58Pek rasakeun balukarna eta kalakuan maneh anu mesum jeung pikaijideun teh." Timbalan PANGERAN.

59PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Maneh ku Kami bakal dibales satimpal jeung kalakuan. Maneh geus hianat kana jangji, geus ngalanggar sumpah.

60Mungguh Kami mah tetep seja tigin kana jangji, anu diikrarkeun ka maneh basa maneh keur ngora keneh. Kami bakal ngayakeun perjangjian jeung maneh, perjangjian anu umurna langgeng.

61Engke ku maneh tangtu karasa yen kalakuan maneh teh kacida jahatna, nepi ka maneh era sorangan. Nya eta lamun lanceuk jeung adi maneh geus ngumpul deui jeung maneh, najan ieu teh henteu kasebut dina perjangjian antara Kami jeung maneh.

62Eta perjangjian ku Kami rek dianyarkeun deui, sangkan maneh nyaho yen Kami teh PANGERAN.

63Kabeh kasalahan maneh ku Kami tangtu bakal dihampura, sarta maneh oge bakal eling, bakal rumasa, nepi ka maneh moal wani ngembutkeun biwir-biwir acan." Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel