Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 21 >> 

1PANGERAN nimbalan ka kaula,

2dawuhana-Na, "Eh anak manusa, carekan ku maneh Yerusalem. Cela tempat-tempat ibadahna. Bewarakeun ka tanah Israil,

3yen Kami, PANGERAN, ngandika kieu: ‘Kami ngamusuh ka maraneh. Kami rek mesat pedang ngabasmi maraneh kabeh, boh nu jarahat, boh nu balageur.

4Ti kaler nepi ka kidul, kabeh ku Kami rek disabetan ku pedang.

5Saban jalma bakal nyaho yen Kami PANGERAN geus nyabut pedang tur moal disarungkeun deui.’

6Eh anak manusa, geura ngalengis saperti keur ngarakacak hate pinuh ku kaprihatinan. Geura ngalengis, sing kanyahoan ku sarerea.

7Upama ku maranehanana ditanya ku naon ngalengis, jawab lantaran bakal datang hiji beja. Lamun eta beja geus datang, maranehna tangtu geumpeur, leungeunna bakal ngareplek, tuurna bakal nyorodcod, wawanenna bakal leungit. Ayeuna geus cunduk waktuna." Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.

8PANGERAN nimbalan ka kaula,

9"Eh anak manusa, ramalkeun ku maneh kieu: Bejakeun ka maranehna kieu kituh timbalan Kami, Pangeran: Pedang! Pedang geus diasah, geus dikosokan.

10Pang diasah rek dipake meuncit, pang dikosok sangkan ngabaranyay lir kilat. Umat Kami moal disina suka-suka deui, sabab geus ngajojore sagala panggeuing reujeung hukuman.

11Eta pedang geus dikosokan, geus herang ngan kari make. Diasah jeung dikosokan, pakeeun nu baris meuncitan.

12Eh anak manusa, geura midangdam jejeritan, sabab eta pedang bakal narajang ka umat Kami, jeung ka sakabeh gegeden Israil. Kabeh geus tangtu dipareuncitan, bareng jeung sasesana umat Kami. Anu matak, geura neunggeulan harigu lantaran nalangsa.

13Kami rek nguji umat, upama henteu tarobat, pasti kasabet ku bahla.

14Maneh, eh anak manusa, geura ngaramal. Keprok-keprokkeun leungeun maneh, engke eta pedang bakal terus nguwak-ngawik. Pedang nu bakal maehan, nu pikapaureun, nu bakal ngajagal.

15Umat Kami bakal leungit wawanenna ku eta pedang, bakal tingkudupruk. Kotana ku Kami arek diancam ku pedang anu ngolebat lir kilat, siap nyabet.

16Geura nyabet ngenca ngatuhu, he pedang seukeut! Nyabet ka mana maneh nyanghareup.

17Kami sorangan rek kekeprokan, geus kitu kakara amarah Kami bisa leler. Kitu timbalan Kami PANGERAN."

18PANGERAN nimbalan ka kaula,

19timbalana-Na, "Eh anak manusa, gambarkeun dua jalan anu baris disorang ku raja Babul katut pedangna. Eta dua jalan kudu sarua mimitina ti hiji kota. Di lebah nu nyagak berean papan tuduh jalan, geusan tanda ka eta raja.

20Nu hiji jalan ka Raba, kotana urang Amon, nu hiji deui jalan ka Yerusalem, kota anu tohaga, di tanah Yuda.

21Lebah papan tuduh jalan di nu nyagak tea eta raja bakal ngarandeg heula. Tuluy ngoclok jamparing jeung nanya ka brahalana, terus nenjoan kalilipa sato kurban, menta pituduh jalan mana anu kudu disorang.

22Ceg! Leungeun katuhuna nyekel jamparing anu make tanda nuduhkeun ka Yerusalem. Ceuk jamparingna ka dinya manehna kudu masang paranti ngadobrak, ngagorowokkeun panyeluk jurit, nangoh-nangohkeun panggedor kana panto eta nagara, nyieun gugunungan jeung ngalian lombang.

23Urang Yerusalem taya nu nyaho baris kitu, sabab jeung eta raja geus nyieun perjangjian. Tapi ieu ramalan teh geusan ngingetkeun maranehna kana dosa-dosana, sarta pikeun mere nyaho yen maranehanana bakal ditarangkepan.

24Ku sabab eta kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ‘Dosa-dosa maneh geus ngaboleker. Geus kanyahoan ku sarerea yen maneh teh doraka kabina-bina. Saparipolah maneh ngan jahat bae. Maneh tangtu dihukum, ku Kami rek diselehkeun ka leungeun musuh.’

25Eh maneh raja Israil, raja jahat jeung doraka, hukuman maneh geus tereh poena.

26Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Buka eta makuta jeung dastar teh. Kaayaan ayeuna geus robah. Nu malarat bakal diangkat, nu agung bakal dirurud.

27Rugrug, rugrug! Enya, eta kota teh ku Kami rek dirugrugkeun. Ngan moal waka ayeuna-ayeuna, ngadago heula jelema anu ku Kami baris kapilih geusan ngabinasa eta kota, sarta eta kota baris diserenkeun ka manehna."

28"Eh anak manusa, ramalkeun. Embarkeun ieu dawuhan Kami ka urang Amon anu ngagogoreng ka Israil. Kieu: ‘Aya pedang geus dibatek bakal nyabet, geus dikosokan geusan ngababad, ngabaranyay lir kilat.’

29Sakabeh tetenjoan dina pameleng maneh palsu. Panujum maneh barohong. Jahat maneh teh, doraka. Maneh geus tereh dihukum, tereh poena. Eta pedang baris ninggang, neukteuk beuheung maneh.

30Sarungkeun pedang maneh! Di tempat maneh diciptakeun, di nagri tempat maneh dijurukeun, maneh ku Kami arek dihukum.

31Maneh tangtu bakal ngarasa amarah Kami ana geus budal lir seuneu ngagudag-gudag. Maneh arek diselehkeun ka hiji jelema anu dedegler, ahli ruruksak.

32Maneh bakal dibasmi ku seuneu. Getih maneh bakal ngabayabah maseuhan nagri sorangan, maneh hamo aya anu nginget-nginget deui." Kitu timbalan PANGERAN.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel