Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 26 >> 

1Dina tanggal hiji bulan saanu, nincak kana sabelas taun hirup di nagri buangan, aya timbalan PANGERAN ka kaula.

2"Eh anak manusa," timbalana-Na, "urang Tirus mupuas jeung nyurakan Yerusalem, pokna: ‘Sukur Yerusalem tumpur! Perdaganganana anu sakitu kuatna geus musna. Saingan urang geus euweuh!’

3Ku sabab kitu, kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Kami ngamusuh ka maneh, eh Tirus. Kami rek ngadatangkeun bangsa-bangsa, sina ngagempur ka maneh, daratangna lir ombak laut.

4Tembok kuta nagri maneh tangtu rebah dibedah, munara-munarana dirugrug-rugrugkeun. Bubukna ku Kami rek disapukeun, sina kari cadasna nonggerak,

5sina diparake moekeun jaring ku tukang ngarala lauk ti laut. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Tirus bakal diranjah ku bangsa-bangsa,

6ari anu maratuh di kota-kota bagian daratanana bakal paraeh ku pedang. Lamun geus kitu kakara Tirus bakal nyaho yen Kami teh PANGERAN."

7PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Kami rek ngadatangkeun hiji raja anu agung liwat saking, Raja Nebukadnesar ti Babul, sina ngarurug ka Tirus. Datangna ti tebeh kaler, mawa balad gede, mawa kareta-kareta perang jeung pasukan kuda.

8Anu nyaricingan kota-kota bagian daratan bakal tariwas tengahing jurit. Musuhna ngali lombang nyieun parit, nyieun gugunungan pangepungan, masang tameng-tameng galede dijieun benteng anu rekep, pikeun ngayonan maneh.

9Tembok kuta maneh bakal didagoran ku panggedor, munara-munarana anu disarigsig beusi bakal tingburubut maruragan.

10Maneh bakal kaurugan ku kekebul anu dilantarankeun ku pasukan kuda musuh. Kareta-kareta perang anu ditarik ku kuda tinggurudug arasup ka jero kota anu geus rubuh, sarta waktu ngaliwatan lawang-lawang kota, tembok kuta mani eundeur.

11Tentara pasukan kudana ambreg ka jero kota, minuhan jalan-jalan bari nyabetan rahayat maneh ku pedang. Pilar-pilar maneh anu tohaga bakal diguling-gulingkeun.

12Kakayaan maneh jeung barang-barang dagangan bakal dirayah. Kuta maneh bakal rugrug, imah-imah anu alagreng bakal diburak-barik. Batu-batuna, kai-kaina jeung unak-anik ruruntuhanana bakal dicebur-ceburkeun ka laut.

13Kawih-kawih maneh ku Kami rek dieureunkeun, bakal moal kadenge-denge deui sora kacapi.

14Ku Kami ngan rek dikarikeun cadasna anu nonggerak, sina diparake moe-moekeun jaring ku tukang ngarala lauk. Pamohalan nagri maneh bisa ngadeg deui, karana nya kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung."

15Kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung ka nagara Tirus, "Keur waktu maneh kadeseh, jalma-jalma anu di sapanjang basisir bakal tinglalenyap hatena ngadenge koceakna jelema-jelema anu keur dijaragal.

16Raja-raja anu ngarajaan bangsa-bangsa anu saba laut, bakal naringgalkeun kalungguhanana, ngaludar jubah jeung pakeanana anu disulam, ngaradon andeprok dina taneuh bari ngadegdeg. Pohara galimireunana nenjo nasib maneh, nepi ka awakna ngagibrig teu eureun-eureun.

17Maranehna bakal ngawihkeun ieu lagu waktu maneh dikubur: Nagara anu kamashur geus tumpur! Kapal-kapalna disapu ti lautan. Urang nagri eta baheula mah kawasa di lautan, ngageumpeurkeun urang basisir.

18Ayeuna, dina poean maneh rubuh, pulo-pulo ngadegdeg. Pangeusina tingraranjug ngadenge maneh binasa."

19PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Maneh ku Kami rek disuwungkeun, kota-kota maneh sina kari urutna, hamo aya deui anu nyicingan. Bakal dikeueum ku cai ti dasar lautan.

20Maneh rek dijongklokkeun ka dunyana anu paraeh, ngareujeungan anu geus areuweuh di kieuna, anu harirupna baheula. Maneh bakal tumetep jadi eusi bumi nu panghandapna, tempat ruruntuhan anu langgeng, ngabaturan nu geus paraeh. Maneh hamo dicicingan deui, hamo balik deui ka dunyana anu harirup.

21Kami arek nyieun hiji misil anu pikagimireun, misil piahireun maneh. Sanajan upama maneh ditareangan ge pamohalan pikapanggiheun." Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 26 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel