Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 27 >> 

1(27:1-3) PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan ka kaula, "Eh anak manusa, kawihkeun ieu lagu pikeun nguburkeun Tirus, nagara anu ngadegna di sisi laut, anu ngayakeun niaga jeung pribumi anu nyaricingan saban basisir. Kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung: ‘Eh Tirus, maneh agul pedah geulis kawanti-wanti.

2(27:1)

3(27:1)

4Imah maneh laut. Maneh ku nu ngawangun dijieun lir hiji kapal anu endah;

5kai-kaina camara ti Gunung Hermon. Tihang layarna kiputri ti Libanon.

6Dayung-dayungna kai kipasang ti Basan. Galadagna kai camara ti pulo Siprus dihias ku gading gajah.

7Layarna tina kaen linen. Disulam ku lawon linen ti Mesir. Ti kajauhan ge gampang nyirikeunana. Tenda-tendana lawon lemes warna wungu ti pulo Siprus.

8Tukang-tukang dayungna asal ti kota-kota Sidon jeung Arwad. Jelema-jelema anu geus arahli, jaradi kalasi di maneh.

9Tukang-tukang kayu di kapal, jalma-jalma urang Gebal. Tarabah kana gawena. Kalasi-kalasi ti unggal kapal nu balawiri di laut, marilu usaha kana usaha dagang maneh.

10Angkatan perang maneh diwangun ku prajurit-prajurit ti Persia, Lidia jeung Libia, tameng jeung topi wajana tinggarantung di barak maneh. Nya maranehna anu ngahontal kaunggulan gumilang pikeun maneh.

11Kuta nagri maneh dikawalna ku prajurit-prajurit ti Arwad, munara-munarana dikawal ku urang Gamad. Tamengna tinggarantung dina kuta maneh. Maranehna nyampurnakeun kaalusan maneh.

12Maneh muka usaha dagang di Sepanyol. Barang dagangan maneh anu sakitu lobana dibareulian, dibayarna ku perak, beusi, timah jeung timah hideung.

13Maneh muka usaha dagang di Yunani, di Tubal jeung di Mesek, barang dagangan maneh dibayarna ku barang-barang tambaga jeung ku jalma-jalma beulian.

14Barang-barang maneh ditukeur-tukeurkeun kana kuda-gawe, kuda-perang jeung bigal ti Bet Togarma.

15Maneh dagang jeung urang Rodes. Loba tempat-tempat anu perenahna di basisir nalukeuran barang-barang maneh ku gading gajah jeung kai kibeusi.

16Urang Siria loba mareulian barang dagangan jeung hasil-hasil maneh lianna, nalukeuran barang-barang maneh ku batu jamrut, lawon-lawon wungu, lawon-lawon anu lalemes, barang-barang sulaman, batu marjan jeung batu mirah dalima.

17Yuda jeung Israil nukeuran barang-barang maneh ku gandum, madu, minyak jetun jeung bungbu-bungbu.

18(27:18-19) Urang Damsik mareulian barang-barang dagangan jeung hasil-hasil maneh, mayarna ku anggur Helbon jeung ku lawon-lawon bulu ti Sahar, sarta nukeuran barang-barang maneh ku beusi gemblengan jeung bungbu-bungbu.

19(27:18)

20Urang Dedan nalukeuran barang-barang maneh ku sela kuda.

21Urang Arab jeung para kawasa nagri Kedar malayar barang-barang dagangan maneh ku anak domba, domba jeung embe.

22Ku sudagar-sudagar urang Syeba jeung Raama, barang-barang maneh ditukeuranana ku batu-batu permata, emas, jeung bungbu-bungbu anu marahal.

23Nagri-nagri Haran, Kaneh jeung Eden, sudagar-sudagar urang Syeba, nagri Asur jeung Kilmad, kabeh daragang jeung maneh.

24Maranehna ka maneh ngajualan papakean nu aralus, baju-baju warna wungu, barang-barang sulaman, permadani warna-warni, rupa-rupa tali jeung tambang anu karuat.

25Barang-barang dagangan maneh diakutanana ku kapal-kapal anu galede. Maneh teh lir kapal di laut. Pinuh ku barang-barang muatan.

26Barang maneh didayung ka tengah laut, maneh diamuk ku angin ti wetan nepi ka bejad, tur jauh ti darat.

27Barang-barang dagangan maneh anu sakitu lobana, kalasi-kalasi, tukang-tukang kayu purah ngomean, sudagar-sudagar, kitu deui prajurit-prajurit, sakur nu aya di maneh waktu kapal bejad, kabeh musna ka jero laut,

28Kalasi-kalasi anu titeuleum tingjarerit, sorana kadenge ka basisir.

29Ayeuna eta kapal geus pada ninggalkeun, kalasi-kalasi kabeh geus naraek ka darat.

30Maneh pada nyeungceurikan. Jalma-jalma ngawuran sirahna ku lebu, jeung gugulingan di nu ngebul.

31Sirahna digarundulan, mangsungkawakeun maneh. Kabeh marake karung. Reang nyaleungceurikan maneh, hatena kanyenyerian.

32Maranehna ngawihkeun hiji lagu keur maneh, lagu paranti nguburkeun: Saha anu sabanding jeung Tirus, Tirus anu ayeuna geus jempling di dasar laut?

33Lamun para sudagar anjeun ngambah lautan, sagala pangabutuh bangsa-bangsa ku anjeun katedunan. Raja-raja jadi baleunghar, ku barang-barang anjeun anu sakitu lobana.

34Ayeuna anjeun tiwas di laut, tikerelep ka dasar lautan. Barang-barang katut anu digarawe di anjeun, kabeh musna jeung anjeun di laut.’

35Sakur anu maratuh di sisi laut, kabeh ngajenghok ku nasib maneh. Malah raja-rajana tingsareblak, kasieunna kagambar dina beungeutna.

36Maneh geus musna, musna salalawasna. Sudagar-sudagar sakuliah dunya tingsareblak, sarieuneun meunang nasib saperti nasib maneh."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 27 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel