Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 28 >> 

1PANGERAN nimbalan ka kaula.

2"Eh anak manusa," timbalana-Na, "bejakeun ka raja Tirus, kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Maneh sombong, boga rasa jadi dewa. Ceuk maneh, maneh teh lir dewa anu dina tahta anu dikuriling ku lautan. Bisa bae nyebut maneh dewa, tapi lain, maneh teh manusa, lain dewa.

3Maneh boga rasa leuwih pinter ti batan Danel, ngarasa taya rusiah anu henteu kabuka ku maneh.

4Maneh beunghar ku barang-barang emas jeung perak, lantaran pinter jeung bijaksana.

5Memang maneh pinter dagang, teu eureun-eureun nyiar jalan piuntungeun. Maneh umangkeuh ku kabeungharan!

6Dengekeun ieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Ku sabab maneh umangkeuh sarua jeung dewa.

7Kami rek ngadatangkeun musuh anu bengis sina ngarurug maneh. Barang-barang maneh anu aralus, beubeunangan kapinteran jeung kabijaksanaan maneh, tangtu dibasmi ku musuh.

8Maneh bakal dipaehan tuluy dibalangkeun ka jero kubur nu karendem cai.

9Lamun eta musuh datang rek maehan, rek bisa keneh maneh ngaku-ngaku dewa? Lamun maneh geus pahareup-hareup jeung nu rek maehan, bakal tetela yen maneh teh manusa, lain dewa.

10Maneh bakal paeh kawas anjing, paeh ku leungeun bangsa asing. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung."

11PANGERAN nimbalan deui ka kaula.

12"Eh anak manusa," timbalana-Na, "pek geura nalangsa ku nasib anu ngancam raja Tirus. Bejakeun, kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Maneh teh kungsi jadi lambang kasampurnaan, mutuh bijaksana tur kasep!

13Cicing di Eden, di taman Allah, make rupa-rupa permata: batu dalima jeung inten; ratna cempaka, pirus, biduri jeung yaspis; batu nilem, jambrut jeung angkik. Perhiasan-perhiasan maneh tina emas. Kabeh ngahaja dijieun keur maneh keur basa maneh diciptakeun.

14Di dinya Kami nempatkeun hiji malaikat anu pikagimireun geusan ngaraksa maneh. Maneh nyicingan gunung Kami anu suci, leuleumpangan di antara batu-batu permata anu tingponcorong.

15Ti barang maneh dijadikeun, kalakuan maneh istuning sampurna, nepi ka tungtungna maneh mimiti nyieun kagorengan.

16Maneh katungkulkeun kana jual-beuli, nepi ka jadi taya rasrasan jeung dosa. Ku sabab kitu maneh ku Kami dipaksa kudu ninggalkeun gunung Kami anu suci, disingkahkeun ku malaikat anu tadina ngaraksa ka maneh, ditundung ti tempat permata-permata nu tingponcorong.

17Kena-kena kasep maneh jadi umangkeuh, kena-kena kamashur talajak maneh jadi kawas nu gejul. Ku sabab kitu maneh ku Kami dibeubeutkeun kana taneuh. Cul ditinggalkeun, geusan jadi panggeuing ka raja-raja sejen.

18Maneh usaha jual beuli teh ku jalan anu kacida curangna, nepi ka matak nista kana tempat-tempat maneh ngajalankeun ibadah. Nya tuluy nagri maneh ku Kami dilebur ku seuneu, diratakeun jeung taneuh. Maneh musna jadi lebu, katembong ku sarerea.

19Maneh musna, musna salalawasna, ari bangsa-bangsa anu bareto kungsi ngadongdon maneh, kabeh tingsareblak, sieun ngalaman balahi anu saperti kitu."

20PANGERAN nimbalan ka kaula.

21"Eh anak manusa," timbalana-Na, "weweleh nagri Sidon.

22Bejakeun ka urang dinya, kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Eh Sidon, Kami ngamusuh ka maneh. Peta Kami ka maneh bakal pada muji. Lamun Kami geus nembongkeun yen Kami teh mutuh nya suci ku jalan ngahukum ka sakur anu maratuh di maneh, jalma-jalma bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.

23Maneh ku Kami rek didatangan ku panyakit-panyakit, jalan-jalan maneh arek dicaahan ku getih. Maneh bakal digempur ti unggal juru, rahayat maneh kabeh bakal dipaehan. Mun geus kitu kakara maneh nyaho yen Kami teh PANGERAN."

24"Bangsa-bangsa di sakuriling Israil, anu ngarewaeun ka Israil, sahiji ge moal aya deui anu kawas cucuk jeung cugak anu matak raheut ka Israil. Sarta maranehanana bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN Nu Maha Agung."

25PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Umat Kami Israil, ku Kami rek dibawa mulang deui ti antara bangsa-bangsa, ti tempat-tempat papencarna, sarta sakabeh bangsa bakal nyaraho yen Kami teh suci. Urang Israil bakal maratuh deui di nagrina, tanah anu ku Kami geus dibikeun ka abdi Kami, Yakub.

26Harirupna bakal santosa, baroga imah jeung ngarebon anggur. Tatangga-tatanggana anu sok ngagogoreng ku Kami tangtu dihukum kabeh. Israil bakal hirup jongjon. Mun geus kitu maranehna bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN, Allahna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 28 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel