Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 3 >> 

1Allah nimbalan, "Eh anak manusa, dahar ieu surat gulungan teh. Geus kitu maneh kudu indit ka urang Israil, ngemban timbalan Kami."

2Seug sim kuring calangap. Surat gulungan teh ku eta panangan diasongkeun, supaya didahar.

3Timbalana-Na deui, "Eh anak manusa, heh ieu surat gulungan teh dahar. Eusian beuteung teh ku ieu." Seug ku sim kuring didahar, rasana amis asa madu.

4Allah nimbalan, "Eh anak manusa, jig tepungan urang Israil, tepikeun timbalan Kami ka maranehna.

5Maneh teh diutus teh lain ka bangsa asing anu basana hese. Diutus teh ka bangsa Israil.

6Ari diutus ka bangsa asing anu loba mah, anu basana harese, anu maneh teu ngarti, moal teu aya anu daraekeun ngadengekeun ka maneh.

7Tapi urang Israil mah saurang ge teu nurut. Baredegong kabeh, bangkawarah.

8Ku sabab kitu maneh oge ku Kami rek dibedegongkeun kawas maranehna.

9Maneh rek dijieun lir batu karang, anu tagen, sarta teuas cara inten. Jadi ulah salempang ku eta anu balangkawarah teh."

10Timbalana-Na deui, "Eh anak manusa, regepkeun, ingetkeun sagala rupa anu baris diucapkeun ku Kami.

11Jung tepungan batur maneh pada-pada boyongan, bere nyaho timbalan-timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, rek didarenge rek henteu."

12Geus kitu sim kuring diangkat ku Roh Allah. Ari di tukangeun aya sora anu maruji mani ngageder, ungelna, "Sagala puji kasanggakeun ka PANGERAN anu jumeneng di sawarga agung!"

13Sora eta pabaur jeung sora jangjang opat mahluk anu bareng kikiplik di awang-awang, pagalo jeung sora gilinding-gilinding tea, tinggeleger sada lini.

14Sajaba ti diangkat ku Roh Allah, karasa aya deui tanaga anu ngangkat sarta nyandak sim kuring, kacida rongkahna, nya eta tanaga kakawasaan PANGERAN. Sajeroning kitu sim kuring kadatangan rasa keuheul, jeung hayang ngabudalkeun amarah.

15Saterusna sim kuring geus aya di Tel Abib di sisi Walungan Kebar, tempat para boyongan tea. Meunang tujuh poe cicing bae di dinya, asa hareugeueun keneh ku sagala anu geus katingal jeung nu geus karungu.

16Sanggeus liwat tujuh poe, PANGERAN nimbalan ka sim kuring,

17"Eh anak manusa, maneh ku Kami diangkat jadi pangawasa urang Israil. Tepikeun ancaman-ancaman Kami ka maranehna.

18Upama Kami geus nimbalan si Anu kudu paeh lantaran nyieun dosa, upama jelemana ku maneh henteu dibere peringetan yen ulah jahat sangkan nyawana karaksa, eta jelema tangtu paeh tur nanggung dosa. Tapi sual paehna maneh anu kudu tanggung jawab ka Kami.

19Upama paehna sanggeus ku maneh dielingan henteu nurut, paehna nanggung dosa, tapi sual paehna lain salah maneh, maneh tangtu salamet.

20Upama aya jelema bener tuluyna nyieun dosa, sarta ku Kami digebruskeun kana bahya maot, upama ku maneh henteu dibere peringetan, tangtu eta jelema paeh nanggung dosa, sarta kalakuanana ka tukang-tukang anu hade ku Kami hamo dipirosea. Tapi sual paehna maneh kudu tanggung jawab ka Kami.

21Sabalikna upama ku maneh dipepelingan heula yen ulah nyieun deui dosa seug nurut, eureun tina ngalampahkeun dosa, eta jelema tangtu hirup terus, maneh oge salamet."

22Heab ku sim kuring karasa aya hiji kakuatan, nandakeun PANGERAN keur aya di dinya. Karungu Mantenna ngandika, "Maneh kudu indit ka lebak. Kami rek ngandika ka maneh di ditu.

23Barang jol ka lebak, breh ningal kamulyaan PANGERAN saperti anu katingal di sisi Walungan Kebar. Bruk sim kuring nyuuh kana taneuh.

24Tapi tuluy ditangtungkeun deui ku Roh Allah anu nyurup ka sim kuring. PANGERAN nimbalan kieu, "Geura balik, tuluy ngurung maneh di imah.

25Di dinya maneh arek ditalian, eh anak manusa, sangkan teu bisa patepung jeung jalma rea.

26Letah maneh arek dibisukeun, sangkan teu bisa mere peringetan ka jalma-jalma bangkawarah.

27Upama geus aya deui pangandika Kami ka maneh, sarta maneh geus dibere kapercekaan nyarita, ucapkeun ka maranehna sagala hal anu baris didawuhkeun ku Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Ngan ku sabab jelema-jelemana basangkal, nu daraek ngadenge ka maneh teh ngan sawareh, nu sawareh deui mah moal malire."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel