Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 31 >> 

1Dina tanggal hiji bulan katilu, sanggeus sabelas taun hirup di nagri buangan, kaula ditimbalan ku PANGERAN.

2Timbalana-Na, "Eh anak manusa, bejakeun kieu ka raja Mesir jeung rahayatna: Sakitu kawasana maneh teh! Jeung naon kudu dibandingkeunana ku Kami?

3Maneh teh lir tangkal kiputri di Libanon, dahan-dahanna aralus, tur gomplok matak iuh. Tangkalna luhur ngahontal mega.

4Pikeun tutuwuhan, cai aya. Keur hakaneunana, cinyusu di jero taneuh aya. Cukup cai di tempat nu aya tutuwuhan. Tatangkalan di leuweung eta kabeh kakocoran.

5Ku sabab hade meunangna cai, jadina teh ngaluhuran nu lian, dahan-dahanna galede sarta paranjang.

6Rupa-rupa manuk nyarayang dina dahanna, sato-sato leuweung aranakan handapeunana, bangsa-bangsa barumetah dina iuh-iuhna.

7Alus temen eta tangkal teh, nya luhur, nya dahanna paranjang, akarna jero, nyareceb nepi kana cinyusu.

8Tangkal kiputri nu aya di taman Allah ge ka eta mah henteu nanding. Tangkal camarana dahan-dahanna teu cara eta. Tangkal caringinna iuhna henteu cara eta. Di taman Allah mah taya tangkal anu sarupa kitu alusna.

9Kami anu ngajadikeun eta sakitu alusna, dahan-dahanna ngarangkadak. Matak sirik saban tangkal di Eden, di taman Allah.

10Tapi Kami, PANGERAN Nu Maha Agung ngabejaan ka maneh, bakal kumaha engke eta tangkal anu luhurna nepi kana mega teh. Kena-kena luhur jadi adigung.

11Anu matak ku Kami geus dipiceun, sina dicokot ku raja sejen. Engke ku eta diganjar satimpal jeung kajahatanana.

12Bakal dituar ku urang asing, jalma-jalma anu pohara barengisna, tuluy diarantep. Dahan-dahan anu saremplak jeung regang-regangna naringgang ka gunung-gunung jeung lebak-lebak di eta nagri. Bangsa-bangsa anu eukeur bebetah dina iuh-iuhna bakal arindit.

13Manuk-manuk daratang, tangkal anu geus rubuh teh diareunteupan, ari sato-sato leuweung tinggulandang di handapeun dahan-dahanna.

14Ku sabab eta ti wates ayeuna di dinya moal aya deui tangkal anu bisa luhur cara kitu, atawa anu pucukna nyundul mega, sanajan cukup cai. Kabeh baris sirna tinemu jeung ajalna, cara galibna manusa, baris ngareujeungan anu geus ti hareula turun ka dunyana nu maraot."

15PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Dina poean eta tangkal paeh, ku Kami baris dikeueum ku cai ti jero taneuh geusan tanda sungkawa. Ari walungan-walungan ku Kami rek disina malik ti dinya, susukan-susukan ge moal dibikeun ngocor ka dinya. Ku sabab eta tangkal geus paeh, Pagunungan Libanon ku Kami rek disina poek, tatangkalan di leuweung eta rek disina parerang.

16Waktu eta tangkal ku Kami digulusurkeun ka dunya anu maraot, gulugurna bakal ngeundeurkeun bangsa-bangsa. Sakabeh tatangkalan di Eden, kitu deui tangkal-tangkal petingan di Libanon anu sampurna mareunangna cai, sarta geus tarurun ka dunya nu panghandapna, bakal aratoheun ku rubuhna eta tangkal.

17Maranehna bakal bareng jeung eta, arindit ka dunya nu maraot, geusan ngareujeungan anu ragragna geus ti hareula. Ari sakur anu harirup dina iuh-iuhna engke bakal paburencay di antara bangsa-bangsa.

18Eta tangkal teh raja Mesir katut rahayatna. Cacakan tatangkalan di Eden ge, anu luhurna jeung mulyana kawas kitu mah euweuh. Sanajan kitu, eta oge bakal ngagulusur ka dunya anu arajal cara tatangkalan di Eden, bakal ngabaturan anu jarahat jeung anu pararaeh dina perang tea. Kitu timbalan Kami," lahiran PANGERAN Nu Maha Agung.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 31 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel