Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 39 >> 

1PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Eh anak manusa, carekan Gog kapala utama bangsa Mesek jeung Tubal teh, jeung bejakeun Kami teh musuhna.

2Ku Kami manehna rek ditungtun, dibawa kaluar ti tempatna anu jauh di kaler, nepi ka datang ka pagunungan Israil.

3Geus kitu gondewa dina leungeun kencana ku Kami bakal ditepak nepi ka lesot, jamparing-jamparing dina leungeun katuhuna marurag.

4Gog jeung balad-baladna sarta jeung anu ngabarantuna bakal tinggolepak paraeh di pagunungan Israil, bangke-bangkena diparacokan ku manuk, diharakan ku sato-sato galak.

5Kabeh paraeh tingjaloprak di tegalan. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.

6Geus kitu tanah Magog jeung tanah-tanah sapanjang basisir-basisir anu pribumina keur garenah-genah, ku Kami arek dihuru, sina nyarahoeun kabeh yen Kami teh PANGERAN.

7Kami arek ngayakinkeun ka umat Kami Israil yen jenengan Kami teh suci, moal ngantep jenengan Kami direndahkeun deui. Geus kitu bangsa-bangsa bakal nyaraho yen Kami, PANGERAN, Allah anu suci, Allahna Israil."

8PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Eta mangsa anu bieu disebut ku Kami pasti datang.

9Rahayat anu caricing di kota-kota Israil bakal kalaluar ngumpulkeun pakarang-pakarang urut perang keur pisuluheun. Tameng-tameng, gondewa-gondewa, tumbak-tumbak jeung gada-gada, mahi keur ngahurungkeun seuneu tujuh tauneun.

10Jadi maranehna teu kudu nyiar suluh ka tegal atawa nuar kai ka leuweung, sabab geus baroga pisuluheun tina pakarang-pakarang urut perang tea. Musuh anu ngaranjah jeung ngarayah malik jadi diranjah jeung dirayah ku maranehanana." Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.

11PANGERAN nimbalan, "Upama hal eta geus bukti, Kami rek nyadiakeun tanah keur kuburan Gog di Israil, di Lebak Pameuntasan, wetaneun Laut Mati. Gog jeung balad-baladna baris diruang di dinya, sarta eta lebak bakal disarebut ‘Lebak balad-balad Gog’.

12Urang Israil ngubur-nguburkeun bangkena nepi ka tujuh bulan lilana, kakara eta daerah teh beresih deui.

13Sakur urang dinya kabeh marilu nguburkeun, sarta maranehna dina poean Kami ngagungkeun kamulyaan Kami bakal mareunang pahla. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.

14Sanggeus anu tujuh bulan tea liwat, aya jelema-jelema anu baris dibakukeun kudu ngaronda eta tanah, bisi aya keneh bangke anu can kakubur kudu tuluy dikubur supaya eta tanah beresih.

15Saupama aya jelema anu nanjak atawa mudun ti kota manggih rorongkong jelema, rorongkongna kudu dicirian di gigireunana, sina dikuburkeun di Lebak balad-balad Gog ku tukang ngarali kuburan.

16(Deukeut eta tempat engkena bakal aya hiji kota anu ngaranna sarua jeung eta.) Ku cara kitu eta tanah bakal beresih deui."

17PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan ka kaula, "Eh anak manusa, calukan ka dieu sakabeh manuk jeung sasatoan ti mana-mana, sina ngaharakan kurban anu rek disuguhkeun ku Kami. Sina pesta gede di pagunungan Israil, ngaharakan daging jeung ngarinum getih.

18Sina ngaharakan bangke-bangke serdadu, ngarinum getih para gegeden jagat, daging jeung getih jelema anu bakal pararaeh dijagal kawas domba jalu, atawa anak domba atawa embe atawa sapi anu lalintuh.

19Saupama eta jelema-jelema geus diparaehan ku Kami saperti sato kurban, kabeh manuk jeung sasatoan bakal ngaharakan gemuk saseubeuhna, jeung ngarinum getih nepi ka marabok.

20Kabeh bakal ngariung dina meja Kami, ngaharakan daging kuda jeung daging nu tarumpakna, daging serdadu-serdadu jeung daging jelema-jelema tukang jurit. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

21PANGERAN nimbalan, "Bangsa-bangsa teh rek disina narenjo kamulyaan Kami, sina narenjo Kami ngagunakeun kakawasaan ngabuktikeun eta putusan-putusan Kami.

22Ti semet eta urang Israil bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN Allahna.

23Bangsa-bangsa rek disina nyarahoeun yen nu matak urang Israil nepi ka dibuang teh ku lantaran dosa-dosana, ngalawan ka Kami. Ku Kami tuluy diantep sina eleh ku musuhna, sina diparaehan di pangperangan.

24Sanggeus ku Kami diganjar satimpal jeung kalakuanana anu kotor jeung jahat, tuluy ku Kami diantep."

25PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Tapi ayeuna eta urang Israil turunan Yakub teh ku Kami arek dipikawelas, sina nararanjung deui. Kami rek ngajaga kasucian jenengan Kami.

26Lamun maranehanana geus ngarancik deui di tanahna sorangan kalawan ngahenang-ngahening tur taya anu baris ngancam, tangtu bakal lipur tina cacad-cacadna anu hina dumeh geus ngahianat ka Kami tea.

27Sangkan Kami bisa nembongkeun ka bangsa-bangsa yen Kami teh suci, eta umat Kami rek dipulangkeun ti saban-saban nagri tempat musuh-musuhna.

28Geus kitu umat Kami bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN Allahna. Bakal nyaraho kana hal eta, dumeh anu tadina ku Kami dipiceun ka pangbuangan, ayeuna ku Kami dihijikeun deui, dipulangkeun ka tanahna sorangan, tur taya anu tinggaleun saurang-urang acan.

29Umat Kami Israil baris dieusi ku Roh Kami, moal alundur deui ti Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 39 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel