Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 4 >> 

1Allah ngandika, "Eh anak manusa, cokot batu bata, teundeun di hareupeun. Tuluy garis-garis, gambarkeun kota Yerusalem.

2Di sakurilingeunana gambarkeun solokan-solokan jero, pakakas-pakakas paranti ngali taneuh, pakemahan-pakemahan jeung pakakas-pakakas panggedor, nandakeun eta kota keur dikepung.

3Tuluy cokot katel beusi, tangtungkeun antara maneh jeung eta kota minangka kuta. Maneh kudu nyanghareup ka eta anu diupamakeun kota keur dikepung, maneh minangka anu ngepungna. Ieu teh pikeun galagat ka bangsa Israil.

4(4:4-5) Geus kitu maneh nyangkere ka beulah kenca, ku Kami rek ditindihan ku kasalahan urang Israil. Lilana maneh kitu 390 poe, nandangan sangsara ku karana kasalahan maranehna. Sakitu poe lilana maneh dihukum ku Kami, sapoena ngupamakeun sataun hukuman urang Israil.

5(4:4)

6Upama eta geus anggeus, maneh kudu malik nyangkere ka beulah katuhu, nandangan deui sangsara ku karana kajahatan urang Yuda, lilana opat puluh poe, sapoena ngupamakeun sataun hukuman maranehna.

7Pencrongkeun panon maneh ka Yerusalem anu keur dikepung. Amang-amang peureup maneh ka dinya, ucapkeun picilakaeunana.

8Sangkan maneh ulah bisa malik, awak maneh ku Kami rek ditalian nepi ka eta pangepungan eureun.

9Ayeuna geura bebekelan, gandum, hanjeli, kacang beureum, kacang polong, jawawut jeung gandum lemes, aduk jieun roti, dahareun maneh sajero 390 poe nyangkere ka beulah kenca.

10Maneh dahar teh ngan meunang semet 230 gram sapoena, nepi ka poe isukna.

11Nginum oge diwates ngan meunang semet dua cangkir.

12Pikeun ngasakkeun roti, maneh kudu nyieun pirunan, suluhna ku kotoran jelema anu geus garing, mun geus asak terus dahar sing katenjo ku saban jelema."

13Timbalana-Na deui, "Eta pikeun ngibaratkeun, yen bakal ngadahar kadaharan anu dilarang ku Hukum Musa, waktu engke ku Kami dipabalencarkeun ka nagri-nagri asing."

14Kaula ngawangsul, "Nun PANGERAN Nu Maha Agung! Paliyas abdi nganajiskeun diri. Ti bubudak abdi tara neda daging sato anu paehna sanes dipeuncit, atanapi anu paeh ku sato galak. Tara neda katedaan anu dianggap haram."

15PANGERAN Nu Maha Agung ngandika, "Alus. Lamun kitu, pikeun ngasakkeun roti teh suluhna ku kotoran sapi bae."

16Timbalana-Na deui, "Eh anak manusa, bahan pangan urang Yerusalem ku Kami baris disapatkeun. Urang dinya daharna bakal diwatesanan, nginumna bakal diwatesanan. Sina araringgis, sina saralempang ku dahareun jeung cai inumeun.

17Maranehna bakal pegat pangharepan lantaran beakeun roti jeung cai, sarta ahirna paraeh ku karana dosa-dosana."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel