Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 45 >> 

1Dina waktu tanah geus dibagikeun ka unggal kaom, kudu aya bagian anu dibaktikeun ka PANGERAN, panjangna dua welas satengah kilometer, rubakna sapuluh kilometer, anu baris jadi suci sakuliahna.

2Di dinya kudu nyieun petak pasagi pikeun Bait Allah, panjang dua ratus lima puluh meter, rubakna dua ratus lima puluh meter, sarta sakurilingna kudu make rarambu rubakna dua puluh lima meter.

3Satengahna, panjang dua welas satengah kilometer, rubak lima kilometer, pikeun wewengkon Bait Allah, bagian pangsucina ti sakabeh,

4jadi tanah suci pikeun para imam anu diabdikeun ka PANGERAN di Bait Allah. Bagian anu eta pikeun imah para imam jeung jadi tanah Bait Allah.

5Anu satengahna deui pikeun pakampungan jalma-jalma urang Lewi anu digarawe di Bait Allah.

6Parerendeng jeung wewengkon suci, kudu aya bagian sejen anu panjangna dua welas satengah kilometer rubakna dua satengah kilometer, pikeun kota pamukiman urang Israil lianna.

7Jeung kudu aya tanah pikeun pangereh nu keur marentah. Watesna ti sisi wewengkon suci beulah kulon terus ngulon nepi ka basisir Laut Tengah, ti beulah wetan terus ngetan nepi ka semet tapel wates nagri beulah wetan. Jadi panjangna sarua jeung panjang bagian-bagian anu dilotrekeun ka kaom-kaom Israil.

8Sakitu legana tanah bagian pangereh nu keur marentah di tanah Israil, supaya eta pangereh ulah nepi ka meres deui ka rahayat, supaya ulah ngaganggu tanah anu geus dibikeun ka kaom-kaom Israil.

9PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Geus lila teuing maraneh migawe dosa, eh para pangereh Israil! Geura eureun tina telenges jeung ngagencet. Lampahkeun nu bener jeung adil. Ulah ngusiran deui umat Kami ti tanah milikna. Gumatikeun ieu pangandika Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.

10Unggal jalma, lamun nimbang jeung naker kudu jujur. Timbangan jeung takeran anu mulus nya eta:

11(45:11-12) Epa takeran bahan kering sarua jeung bat takeran bahan encer. Patokanana nya eta homer. Jadi takeran-takeranana kudu kieu: 1 homer = 10 epa = 10 bat. 20 gera = 1 sekel. 60 sekel = 1 mina.

12(45:11)

13(45:13-15) Ari patokan pikeun ngahaturkeun pangbakti kieu: Gandum: 1/60 tina hasil panen. Tarigu: 1/60 tina hasil panen. Minyak jetun: 1/100 tina hasil tangkal. (Nakerna kudu make bat; 10 bat = 1 homer = 1 kor.) Domba: hiji tina dua ratus. Jalma-jalma kudu nyanggakeun kurban kadaharan, sato pikeun kurban beuleuman jeung pikeun kurban panarima, supaya dosa-dosana meunang hampura. Kitu parentah Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.

14(45:13)

15(45:13)

16Sakabeh pangeusi tanah kudu nyanggakeun pangbakti kitu ka anu jadi pangereh di Israil.

17Sabab saban Pesta Bulan Anyar, saban poe Sabat jeung pesta-pesta salian ti eta, pangereh kudu nyadiakeun pikurbaneun: kurban beuleuman, kurban kadaharan, jeung kurban inuman, pikeun sakumna bangsa Israil. Pangereh kudu nyadiakeun kurban panebus dosa, kurban kadaharan, kurban beuleuman, jeung kurban panarima, pikeun nebus dosa bangsa Israil sakumna."

18PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Dina tanggal hiji bulan kahiji, maneh kudu ngurbankeun hiji sapi jalu anu taya cacadna, pikeun nyucikeun Bait Kami.

19Getih eta sato kurban panebus dosa sawareh ku imam kudu diulaskeun kana tihang-tihang panto Bait, kana opat juru altar, jeung kana tihang-tihang gapura paranti ka buruan jero.

20Dina tanggal tujuhna oge kudu kitu, pikeun jalma-jalma anu nyieun kasalahan teu kahaja atawa ku tina kabodoanana. Ku jalan kitu maneh teh ngagumatikeun kana kasucian Bait Kami.

21Dina tanggal opat welasna kudu ngamimitian nekanan Paska. Tujuh poe lilana jalma-jalma kudu dalahar roti teu diragian.

22Dina poean mimiti pesta, pangereh kudu ngurbankeun hiji sapi jalu pikeun nebus dosana jeung dosa rahayat sakumna.

23Di jero tujuh poe, unggal poe pangereh kudu ngurban ka PANGERAN, ngurbankeun tujuh sapi jalu jeung tujuh domba jalu, kabeh ulah aya cacadna, dijieun kurban beuleuman. Jaba ti eta, unggal poe kudu ngurbankeun hiji embe jalu, jieun kurban panebus dosa.

24Saban sapi hiji, kitu deui saban domba hiji, dikurbankeunana kudu jeung gandum tujuh belas satengah liter, jeung minyak jetun tilu liter.

25Ari dina Pesta Saung Daun, anu dimimitian dina tanggal lima welas bulan katujuh, saban poe noron tujuh poe, pangereh kudu ngayakeun kurban-kurban anu saperti kitu keneh, nya eta kurban panebus dosa, kurban beuleuman, pon kitu deui kurban gandum jeung minyak jetun."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 45 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel