Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 10 >> 

1Eh urang Israil, raregepkeun ieu amanat ti PANGERAN ka maraneh.

2Kieu timbalan Mantenna, "Maraneh ulah nurutan adat kalakuan bangsa sejen. Jeung ulah sok reuwas ku tetenjoan anu luar biasa di langit, anu sok dipikasieun ku bangsa-bangsa sejen.

3Agama maranehna taya pisan hartina. Kai dituar ti leuweung, tuluy ditatah ku parabot tukang kai,

4seug dihiasan ku perak jeung emas. Ngarah tagen teu tiguling seug dipaku.

5Eta arca-arca brahala teu beda ti bebegig di kebon bonteng, teu bisaeun ngomong, kudu diangkat jungjung, da henteu bisaeun leumpang sorangan. Ku maraneh teu kudu dipikasieun, da henteu bisaeun nyusahkeun, henteu bisaeun nyenangkeun."

6Nun PANGERAN, Gusti taya sasamina, Gusti teh maha perkasa, jenengan Gusti agung tur kawasa.

7Saha anu teu bade ngagungkeun ka Gusti, rajana sadaya bangsa? Gusti teh layak dihormat. Para arif bijaksana bangsa-bangsa, sinareng raja-rajana, henteu aya anu nandingan ka Gusti.

8Maranehna nya barodo nya barurung, margina pangajaran naon anu tiasa dipetik tina arca kai?

9Eta arca-arca dilapis ku perak ti nagri Sepanyol, sareng ku emas ti nagri Upas; buatan para seniman; dipakean lawon warna wungu sareng pear, tinunan anu arahli.

10Dupi Gusti mah nun PANGERAN, nya Allah anu sajati, nya Allah anu jumeneng, raja anu langgeng. Saupami Gusti bendu, jagat inggeung, bangsa-bangsa teu kiateun nandangan bebendu Gusti.

11(Bejakeun ka maranehna, yen eta dewa-dewa anu henteu nyarieun bumi jeung langit teh bakal ditumpes, sina musna ulah aya deui di kolong langit.)

12PANGERAN ngadamel bumi ku pangawasa-Na, ngadegkeun jagat, mantengkeun langit, ku hikmat-Na.

13Ku karana timbalana-Na, cai di awang-awang ngaguruh; Mantenna ngadatangkeun mega ti tungtung-tungtung bumi, ngadamel kilat ngaburinyay marengan hujan, ngabijilkeun angin ti gudang kagungana-Na.

14Narenjo pamandangan saperti kitu, manusa teh rumasa bodo, anu nyarieun arca brahala ngarasa kuciwa da dewa-dewa buatanana palsu, taya nyawana.

15Kabeh ge taya hargana jeung poyokeun, dina waktuna kabeh baris dibasmi ku PANGERAN.

16Allahna Yakub mah beda pisan ti eta. Nya Mantenna anu ngadamel sagala rupa, anu geus ngangkat Israil jadi umat-Na ku manten. Jenengan Mantenna nya eta PANGERAN Nu Maha Kawasa.

17Eh urang Yerusalem, aranjeun keur dikepung. Geura kumpulkeun babandaan.

18Aranjeun ku PANGERAN baris dibuang ti ieu tanah. Aranjeun baris ditumpes ku Mantenna, moal disesakeun. Kitu pangandika PANGERAN.

19Urang Yerusalem sasambat, "Ieu tatu urang parna pisan. sarta ieu raheut moal bisa cageur. Tadina mah sugan teh rek kuat nandanganana!

20Kemah urang geus burakrakan, tali-tali pamantengna paregat. Euweuh saha-saha nu bakal nangtungkeun deui kemah urang, nu bakal masangkeun deui tenda-tendana, lantaran anak-anak urang geus teu araya."

21Tembal kaula, "Pamingpin urang garejul, henteu marenta ditungtun ku PANGERAN, ku sabab eta maranehna garagal, sarta bangsa urang jadi pabalencar.

22Dengekeun! Aya beja datang! Aya hiji bangsa di kaler keur obyag pahibut, tentarana bakal ngarobah kota-kota Yuda jadi gurun keusik, jadi pienggoneun ajag.

23Nun PANGERAN, abdi terang manusa mah teu kawasa nangtoskeun nasibna, teu kawasa nangtoskeun hirupna.

24Nun PANGERAN, mangga umat Gusti teh teunggeul nanging ulah tarik teuing. Sareng ari keur bendu ulah dongkap ka ngahukum, margi tangtos abdi sadaya musna.

25Bade bendu mah langkung sae ka bangsa anu ka Gusti henteu ngabakti, anu teu ngangken ka Gusti. Maranehna maehan umat Gusti ngabasmi abdi-abdi dugi ka tumpur, sareng ngaburak-barik ieu nagri."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel