Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 12 >> 

1"Nun PANGERAN, upami abdi ngadu ka Gusti, tangtos Gusti anu leres. Nanging ayeuna abdi gaduh piunjuk, seja tumaros perkawis kaadilan. Naon margina anu jarahat baleunghar? Naon margina anu teu jalujur harasil maksud?

2Ibarat tangkal, maranehna ku Gusti dipelak, alakaran sareng baruahan. Gusti ku maranehanana sering disebat-sebat, padahal hatena mah ka Gusti teh api lain.

3Gusti uninga ka abdi, kumaha lampah abdi, sareng kumaha nyaahna abdi ka Gusti. Mugi eta jalmi-jalmi ku Gusti digusur, sapertos domba anu bade dipeuncit, dijaga dongkap ka dipeuncitna.

4Bade sabaraha pilamieunana ieu tanah disina garingna? Bade sabaraha lamina jukut-jukut di pangangonan jadi perang? Manuk sareng sasatoan pararaeh, lantaran kajahatan bangsa abdi, anu ngaromong, ‘Moal uningaeun Allah teh kana kalakuan urang.’"

5Timbalan PANGERAN, "Yermia, lamun balap jeung jelema maneh geus cape, komo lamun balap jeung kuda. Lamun di jero kota geus ngarasa hariwang, komo lamun di leuweung sisi Walungan Yordan.

6Dulur-dulur jeung baraya-baraya maneh hianat, ka maneh rek nyilakakeun. Sanajan ka maneh alus ngomongna, maneh ulah percaya."

7PANGERAN nimbalan, "Israil ku Kami geus ditinggalkeun. Anu bareto ku Kami dipilih, ayeuna dipiceun. Anu bareto dipikanyaah, ayeuna rek diselehkeun ka musuhna.

8Eta umat pilihan Kami teh ngalawan ka Kami, mani kawas singa di leuweung, ka Kami wani tinggalaur, nu matak Kami teh ijid.

9Umat pilihan Kami teh sina jadi kawas manuk anu dibintihan ku heulang-heulang ti kenca ti katuhu. Sakalian kumpulkeun sato-sato galak, sina marilu ngarecah awakna.

10Loba pangereh-pangereh urang asing anu ngaruksak kebon anggur Kami. Kebon Kami ku maranehna dilaleyekan; tanah Kami anu alus ku maranehna dijadikeun gurun keusik.

11Ku maranehna dijadikeun tanah gundul, jadi tanah pikasediheun hareupeun Kami. Sakuliahna geus jadi gurun keusik, taya anu malire.

12Pada ngaranjah ku jalma-jalma anu holna ti peuntaseun gurun keusik di pagunungan. Sakuliahna ku Kami dibasmi ku perang, taya jalma anu hirupna aman di dinya.

13Umat Kami melak gandum, nu kaala jukut. Digarawe hese cape, taya beubeunanganana. Pepelakanana ku Kami diruksak, bakating Kami jengkel kabina-bina."

14PANGERAN nimbalan, "Kami aya dawuhkeuneun ka tatangga urang Israil, anu geus ngaruksak tanah pusaka ti Kami ka urang Israil. Eta jelema-jelema anu jarahat teh ku Kami baris dipiceun ti nagara-nagarana, kawas ngarabut pepelakan; ari Yuda ku Kami baris dileupaskeun tina genggeman maranehanana.

15Tapi sanggeusna dipiceun, ku Kami rek dipikarunya deui. Unggal bangsa ku Kami baris dipulangkeun deui ka lemah caina, ka nagarana masing-masing.

16Upama daraekeun narima kapercayaan anu dianut ku umat Kami kalawan satemenna, sarta sumpah, ‘Demi Allah anu jumeneng’ — cara maranehna tadina ngajar umat Kami, sumpah demi Dewa Baal — maranehna oge bakal diangkat jadi umat Kami, sarta hirupna bakal sarenang.

17Sabalikna upama aya bangsa anu embung nurut, ku Kami tangtu dirabut jeung dibasmi nepi ka beak. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel