Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 14 >> 

1PANGERAN nimbalan ka kaula yen bakal aya halodo kacida tarikna. Timbalana-Na,

2"Nagri Yuda nguyung, kota-kotana aralum, jalma-jalma ngagaloler dina taneuh bawaning prihatin. Yerusalem sasambat menta tulung.

3Nu baleunghar nitahan para badega ngarala cai ka sumur. Tapi baralikna ngan marawa wadah kosong, kabeh sumur euweuh caian. Bati narungkupan beungeut ku sabab bingung baluweng.

4Hujan henteu turun-turun, taneuh mani garing, nu tarani garering pikir, bati narungkupan beungeut.

5Di sampalan, indung uncal ninggalkeun anakna anu kakara borojol, lantaran geus euweuh jukut.

6Kalde leuweung narangtung di pasir-pasir, ambekanana ngarongsog kawas ajag, panonna careuleuyeu, geus lila henteu manggih-manggih jukut.

7Umat Kami sasambat, pokna, ‘Leres ieu teh balukar dosa abdi sadaya. Sanaos kitu, nun PANGERAN, tulungan, kapan Gusti parantos jangji. Abdi-abdi rumaos doraka, sering pisan mungkur ti Gusti.

8Harepan Israil mung ka Gusti, mung Gusti anu sok nyalametkeun tina balahi. Nanging ku naon Gusti teh di ieu tanah bet sapertos urang asing bae, lir nu nyaba mung ngadon kulem sawengi.

9Ku naon sapertos anu bingung, lir prajurit anu teu bisa bebela? Tangtos Gusti kersa nyarengan. Kapan abdi-abdi teh umat kagungan, mugi ulah ditilarkeun.’"

10Kieu timbalan PANGERAN hal eta umat, "Karesep maranehna ngalantur jauh ti Kami, ngalantrah sakarep-karep. Kami teu resep. Kami inget kana sagala kalakuanana anu goreng. Ku lantaran dosana tea ku Kami arek dihukum."

11Timbalan PANGERAN ka kaula, "Eta umat ku maneh ulah dipangnedakeun ka Kami.

12Sanajan marenta tulung dibarung ku paruasa, ku Kami moal dikabul. Malah sanajan nepi ka marere kurban, boh kurban beuleuman boh kurban gandum, ku Kami moal ditarima. Anggur rek ditumpes ku perang, ku kalaparan jeung ku panyakit."

13Piunjuk kaula, "Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, kapan Gusti ge uninga, kumaha saur nabi-nabi ka eta umat, nya eta di dieu moal aya perang, moal aya kalaparan, margi salaurna Gusti parantos jangji yen nu bade kasorang teh taya sanes kajabi ti aman kerta."

14Tapi waler PANGERAN, "Eta nabi-nabi ngabarohong bari mamawa ngaran Kami. Kami mah henteu ngutus maranehanana, henteu nitah nanaon, sakecap ge Kami henteu nitip timbalan atawa parentah. Sagala tetenjoan anu diwejangkeun ku maranehna lain ti Kami. Sagala pangramalna taya hartina, ngan jijieunanana bae.

15Kami mere nyaho rek dikumahakeun engke ku Kami, eta nabi-nabi anu lain utusan Kami, tapi ari wewejang mamawa ngaran Kami, anu majarkeun di ieu tanah moal aya perang jeung moal aya kalaparan. Maranehna ku Kami rek dibasmi ku perang jeung kalaparan.

16Rahayat anu ku maranehna dibere piwejang ge rek dibasmi cara kitu keneh. Bangke-bangkena bakal dialung-alungkeun ka jalan-jalan di Yerusalem, moal aya anu ngubur. Pasti eta balahi teh narajang ka maranehna saanak pamajikan, awewe lalaki. Kajahatanana ka Kami kudu dibayar."

17PANGERAN miwarang ka kaula ngutarakeun kanalangsaan ka maranehna, "Kaula cipruk ku cipanon, ceurik beurang peuting, nyeungceurikan bangsa anu keur payah, raheut jero kacida.

18Waktu kaula kaluar ka tegal-tegal, kaula nenjo mayit-mayit tingjolopong urut diamuk ku perang, waktu kaula asup ka kota-kota, kaula nenjo jalma-jalma geus meh paraeh ku kalaparan. Imam-imam jeung nabi-nabi ngajaralankeun tugasna bari teu nyaraho naon anu dilampahkeun."

19"Nun PANGERAN, naha urang Yuda ku Gusti dipiceun sama sakali? Naha leres Gusti cua ka urang Sion? Ku naon abdi-abdi sakieu disiksana, dugi ka samar kana menyat deui. Hoyong kerta hoyong aman, anu buktos sanes anu matak senang. Hoyong cageur, anggur dongkap nu pikasieuneun.

20Abdi-abdi parantos dosa, nun PANGERAN. Rumaos tur diangken pisan, boh dosa abdi-abdi, boh dosa karuhun.

21Mugi emut kana jangji, abdi-abdi ulah dipidamel hinakeuneun, Yerusalem ulah dipidamel rendahkeuneun, margi eta teh tempat tahta Gusti anu mulya. Perjangjian Gusti sareng abdi-abdi ulah dibatalkeun.

22Brahala bangsa-bangsa, taya hiji nu tiasa nurunkeun hujan. Langit oge teu tiasa sorangan nurunkeun hujan. Mung Gusti nu jadi harepan, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya, reh eta sadayana beh Gusti nu midamelna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel