Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 15 >> 

1Geus kitu PANGERAN nimbalan ka kaula, "Sanajan upama Musa jeung Samuel narangtung di dieu mangmentakeun sangkan eta jelema-jelema ku Kami dipikarunya, Kami tetep moal ngarunyaan. Usir eta jelema-jelema teh, sina aringkah ti hareupeun Kami.

2Upama naranyakeun ka maneh ka mana kudu indit, bejakeun ieu timbalan Kami, ‘Nu baris paraeh ku panyakit, nya disamber ku panyakit! Nu baris paraeh ku perang, nya disamber ku perang! Nu baris paraeh ku kalaparan, nya disamber ku kalaparan! Nu baris ditawan jadi jalma buangan, nya digiring ka pangbuangan!’

3Kami, PANGERAN, geus nangtukeun, maranehna baris ditarajang ku opat rupa kajadian anu hebat. Nya eta: sina paraeh ku perang; bangke-bangkena sina digalusuran ku anjing, sina diharakanan ku manuk, sesana dileglegan ku sato-sato galak.

4Jalma-jalma sakuliah jagat ku Kami rek disina galimir narenjo hal maranehanana. Eta teh ku sabab kalakuan Hiskia bin Menase di Yerusalem, basa manehna jadi raja di nagri Yuda."

5Timbalan PANGERAN, "Cik saha nu rek karunya ka maraneh, urang Yerusalem? Saha nu rek mangnalangsakeun? Saha nu rek eureun heula merlukeun nanya ka maraneh salamet henteuna?

6Maraneh geus miceun Kami, nukangan Kami, jadi Kami ngangkat leungeun, rek ngajejewet maraneh, sabab Kami geus bosen nahan amarah.

7Maraneh, di saban kota di ieu tanah, ku Kami rek dijieun saperti jarami katebak angin. Najan maraneh teh umat Kami, mo burung dibasmi. Anak maraneh rek ditumpes, lantaran maraneh teu eureun-eureun doraka.

8Tanah maraneh sina loba randa, leuwih loba ti batan keusik basisir. Barudak ngora keur meumeujeuhna, arek dibasmi, indungna sina naralangsa. Ku Kami rek didadak ditinggang ku karupek jeung kareuwas.

9Indung nu kauculan ku anak tujuh ngelepek kapiuhan, ambekanana ngahanju. Poena anu bengras jadi reueuk poek, kaayaanana nya hina nya gering pikir. Sesana anu harirup keneh sina beak ditumpes ku musuh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

10Diri abdi kacida apesna! Kanggo naon pun biang ngajurukeun abdi ka dunya? Di ieu tanah, abdi dugi ka kedah cekcok sareng pacental-cental sareng unggal jalmi. Abdi tara ngahutangkeun artos, ngahutang ge tara, nanging pada nyumpahan ku unggal jalmi.

11Nun PANGERAN, upami leres abdi ngabdi ka Gusti teh henteu saregep, sareng upami leres abdi henteu ngabela perkara musuh di payuneun Gusti waktos maranehna kenging bahla sareng kasesah, mugi eta panyapa jalmi-jalmi teh sing teurak ka abdi.

12(Saurang ge moal aya anu tiasa minggeskeun beusi, komo beusi ti tatar kaler anu dicampur ku parunggu.)

13Timbalan PANGERAN ka kaula, "Kami rek nitah musuh sina ngunjal harta banda jeung kakayaan umat Kami, jadi hukuman ku tina dosana anu dipigawe di sakuliah ieu tanah.

14Jelema-jelemana rek disina jaradi badega musuh-musuhna di hiji tanah anu ku maranehna can kanyahoan kaayaanana, sabab amarah Kami ngagugudag lir seuneu, sina ngahuru ka maranehna salalawasna."

15Piunjuk kaula, "Nun PANGERAN, Gusti langkung uninga, mugi emut ka abdi. Tulungan abdi. Abdi hayang ngabales ka jelema-jelema anu niat nyilakakeun. Ulah disabaran eta teh ku Gusti, sangkan ulah kantos hasil maksudna maehan ka abdi. Sing emut, abdi dugi ka dihihina kieu teh ku margi ngemban pangersa Gusti.

16Gusti maparin timbalan ka abdi, tiap kecap ku abdi diregepkeun. Nun PANGERAN, Allah Nu Maha Kawasa, diri abdi kagungan Gusti, kitu anu mawi hate abdi dieusi ku dawuhan-dawuhan Gusti teh ngaraos bingah sareng bagja.

17Abdi tara pangangguran ruang-riung senang-senang sempal guyon sareng nu sanes. Ku margi tumut kana timbalan, hirup teh mencil nyorangan, jadi purah nadahan bendu.

18Ku naon abdi teh mung sangsara bae? Ku naon raheut abdi henteu tiasa diubaran, henteu cageur-cageur? Kutan Gusti teh bade nguciwakeun ka abdi, sapertos walungan anu saat dina usum katiga?"

19PANGERAN ngawaler, "Lamun maneh hayang balik, ku Kami tangtu dibalikkeun deui, jadi deui abdi Kami. Lamun maneh teu nguar-nguar deui omong kosong, sabalikna anggur nguarkeun amanat anu eusina munel, tangtu dijadikeun deui nabi Kami. Eta jalma-jalma tangtu daratang deui ka maneh, jadi maneh teu perlu ngadatangan.

20Pikeun nyanghareupan maranehna, maneh ku Kami rek dijadikeun lir kuta tembaga anu wedel. Maranehna tangtu nempuh, tapi ka maneh moal aya nu kuat ngelehkeun. Tangtu maneh disarengan ku Kami, diraksa sangkan salamet.

21Tangtu ku Kami diluputkeun tina kakawasaan jelema-jelema anu nya jarahat nya tarelenges. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel