Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 17 >> 

1PANGERAN nimbalan, "Eh urang Yuda, dosa maneh ditulis ku peso pangot, diukir di jero hate maneh ku congo inten, jeung diukir di unggal pojok altar-altar maraneh.

2Maraneh ngabarakti dina eta altar-altar jeung di unggal handapeun tangkal anu ngarunggunuk anu dipasangan lambang-lambang Dewi Asera, di saban puncak pasir,

3jeung di gunung-gunung di luar kota. Kami rek ngersakeun harta banda jeung kakayaan maraneh dikunjal ku musuh-musuh, tina sabab sagala dosa anu ku maraneh dipigawe.

4Maraneh kapaksa kudu ngalesotkeun tanah pusaka ti Kami, sarta maraneh ku Kami rek dijadikeun badega musuh di hiji tanah anu maraneh acan nyaraho sagala rupana, sabab amarah Kami ngagugudag lir seuneu, muntab-muntab salawasna."

5PANGERAN nimbalan, "Kami tangtu nyumpahan ka jelema anu murtad ti Kami, anu ngandelna ka manusa, muntang kana kakuatan manusa anu henteu langgeng.

6Jelema kitu ibarat rungkun di gurun keusik, anu jadi di tanah gundul nu garing, dina taneuh anu ngandung uyah, moal aya nu jadi, dirina moal pisan manggih kagenahan.

7Kami tangtu ngaberkahan ka jelema anu muntang ka Kami.

8Jelema kitu ibarat tangkal sisi susukan, akarna nyodor ka cai, teu rempan ku panas poe, daunna tetep seger harejo. Teu salempang ku euweuh hujan, angger bae buahan.

9Saha nu ngarti kana hate manusa? Pinuh ku tipu daya, taya papadana; hese dicageurkeunana, geus kacida parnana.

10Kami, PANGERAN, waspada kana eusining pikiran, hate manusa ku Kami kauji. Unggal jelema ku Kami dibales nurutkeun lampah hirupna, satimpal jeung kalakuanana."

11Anu nyokot bati ku jalan teu jujur, ibarat kasintu nyileungleuman endog batur. Dina umur hahadena, kakayaanana baris musna, dina tungtungna mah jadi nu burung.

12Gedong suci urang lir ibarat tahta mulya, ngajenggleng di luhur gunung ti baheula mula.

13Nun PANGERAN, Gusti teh pamuntangan Israil, sugri nu murtad ti Gusti bakal narandangan kaera. Sadayana bakal musna, sapertos ngaran nu ditulis dina lebu, lantaran naringgalkeun Gusti, nu jumeneng PANGERAN, sumber cai anu seger.

14Cageurkeun abdi nun PANGERAN, tinangtos cageur. Salametkeun abdi, tinangtos salamet. Nya Gusti nyalira nu ku abdi dimulyakeun!

15Sanggem jalmi-jalmi ka abdi, "Mana buktina ancaman-ancaman PANGERAN ka urang teh? Coba sina dibuktikeun ayeuna!"

16Nanging, nun PANGERAN, abdi tara maksa ka Gusti supados maranehna ditinggang ku balahi; abdi henteu ngadoakeun supados maranehna katarajang susah. Gusti ge uninga yen kitu; Gusti nu langkung uninga kana sagala pisanggem abdi.

17Gusti mugi ulah matak pikareuwaseun ka abdi, margi Gusti teh tempat panyalindungan abdi anu aman dina waktos aya bahaya.

18Mugi jalmi-jalmi anu nyangsara ka abdi teh sina mareunang kaera, sawangsulna abdi mah ulah dikitukeun, nun PANGERAN. Mugi maranehanana dipinuhan ku kasieun, sawangsulna abdi mah ulah mendak pikasieuneun. Tinggang maranehna ku balahi, sasaak dugi ka rangsak.

19PANGERAN nimbalan ka kaula, "Yermia, umumkeun ieu timbalan Kami di lawang Gapura Rahayat, paranti raja-raja Yuda kaluar asup kota; tas ti dinya maneh kudu ka gapura-gapura Yerusalem anu lianna.

20Bejakeun ka raja-raja jeung ka sakabeh urang Yuda, kitu deui ka sakur anu caricing di Yerusalem, anu sok laliwat ka eta gapura-gapura, kudu darengekeun anu ku Kami rek ditimbalkeun.

21Bejakeun yen lamun maranehna nyaah keneh kana hirupna, ari dina poe Sabat ulah ngangkat barang naon bae; ngaliwat ka gapura-gapura Yerusalem teu meunang babawaan naon-naon,

22atawa mawa naon bae kaluar ti imah. Cindekna dina poe Sabat mah teu meunang gawe naon-naon. Kudu diingetkeun, poe Sabat teh poe suci, sakumaha anu ku Kami geus ditimbalkeun ka karuhunna.

23Ngan bae karuhunna henteu daraek ngadenge ka Kami, henteu daek mirosea. Sabalikna, warangkelang, ka Kami teu daraekeun nurut, teu daraekeun dipapatahan.

24Bejakeun ka eta jelema-jelema, kudu nurut kituh kana sagala parentah Kami. Dina poe Sabat teu meunang mawa momot nanaon ari ngaliwat gapura-gapura ieu kota. Kudu nganyahokeun yen poe Sabat teh poe suci, sama sakali teu meunang dipake digawe.

25Upama narurut, engke raja-raja jeung para pangeran bakal arasup ngaliwat ka gapura-gapura Yerusalem, tur jeung kakawasaan anu sarua jeung kakawasaan jaman karajaan Daud. Maranehna bareng jeung rahayat Yuda jeung rahayat Yerusalem bakal arak-arakan tarumpak kareta jeung kuda, sarta kota Yerusalem salawasna bakal gegek pangeusina.

26Jelema-jelema ti kota-kota tanah Yuda jeung ti desa-desa sakurilingeun Yerusalem bakal daratang; daratangna ti wewengkon tanah Binyamin, ti suku-suku pasir jeung gunung-gunung, jeung ti pakidulan tanah Yuda, bari marawa pikurbaneun ka Bait Kami, kurban beuleuman, kurban peuncitan, kurban gandum jeung menyan, kitu deui kurban panarima.

27Tapi kitu soteh lamun maranehna narurut ka Kami, jeung nganyarahokeun yen poe Sabat teh poe suci. Dina poe eta maranehna ari ngalaliwat ka gapura-gapura kota Yerusalem teu meunang mawa momotan naon-naon. Lamun teu kitu, gapura-gapura Yerusalem tangtu ku Kami diduruk. Karaton-karaton di Yerusalem arek dihuru, seuneuna moal aya nu bisa mareuman."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel