Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 19 >> 

1PANGERAN nimbalan ka kaula, miwarang kaula kudu meuli hiji kendi taneuh; sarta timbalana-Na deui kaula kudu mawa sawatara kokolot rahayat jeung imam-imam anu geus rada karolot,

2tuluy kudu bareng indit jeung maranehna ka Lebak Hinom, jalanna ngaliwatan Gapura Beling. Di ditu kaula kudu ngumumkeun anu bakal dipesenkeun ku Mantenna engke.

3PANGERAN miwarang kaula ngomong kieu, "Eh raja-raja Yuda jeung urang Yerusalem, darengekeun ieu anu rek diandikakeun ku Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allahna Israil. Ieu tanah ku Kami rek ditinggang ku hiji balahi, nepikeun ka ngadenge bejana wungkul ge matak katorekan.

4Nu matak Kami nepi ka kitu, sabab jelema-jelema geus naringgalkeun Kami jeung ngarurujit ieu tanah, diparake ngurban ka allah-allah sejen. Padahal boh maranehna, boh karuhunna, boh raja-raja Yuda, ka eta allah-allah teh teu nyaraho naon-naon. Jeung ieu tempat ku maranehna geus disiram ku getih jelema-jelema anu euweuh salahna.

5Heug deui nyarieun altar-altar keur ka Dewa Baal, paranti ngaduruk anak-anakna, dijadikeun kurban. Padahal Kami boro-boro marentah kitu, teu mikir-mikir acan.

6Ku sabab eta, ka hareup mah ieu tempat teh moal deui disarebut Topet atawa Lebak Hinom; engke mah disebutna teh Lebak Pameuncitan.

7Sagala tarekah urang Yuda jeung urang Yerusalem, di dieu ku Kami rek disina gaplah. Maranehna sina beunang ku musuh-musuhna, sina tumpes di medan perang. Bangke-bangkena rek diparabkeun ka manuk jeung sato-sato galak.

8Ieu kota ku Kami arek dibasmi anggeus-anggeusan, nepi ka anu ngaliwat tingrarenjag bari hookeun.

9Nu araya di jero kota bakal silih hakan pada batur, malah nepi ka ngahakan anak sorangan, lantaran dikepung rekep ku musuh-musuhna anu niat rek maehan."

10Ti dinya PANGERAN nimbalan supaya kaula meupeuskeun eta kendi hareupeun jelema-jelema bawa kaula tea,

11sarta kudu ngucapkeun timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa ka maranehna, kieu, "Ieu bangsa jeung ieu kota, ku Kami rek diremukkeun cara ieu kendi, remuk hamo bisa weuteuh deui. Anu paraeh, dikuburkeunana nya di dieu pisan, di Topet, lantaran di mana-mana geus teu aya tempat keur ngubur.

12Sategesna mah ieu kota jeung rahayatna ku Kami rek dijadikeun saperti Topet.

13Kabeh imah di Yerusalem, imah raja-raja Yuda jeung tangtu sakabeh imah anu diparake tempat ngukus ka bentang-bentang, jeung diparake nyicikeun anggur keur sasajen ka allah-allah sejen, ku Kami rek dijadikeun najis kawas Topet."

14Sanggeus nguarkeun eta timbalan PANGERAN, kaula indit ti Topet, tuluy nangtung di palataran Bait Allah, terus nguarkeun ka urang dinya,

15yen PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allahna Israil, ngandika kieu, "Kami rek ngahukum ieu kota jeung kota-kota anu dareukeut ka dieu, ku kacilakaan-kacilakaan sakumaha anu ku Kami geus ditimbalkeun, lantaran maraneh basangkal jeung arembung nurut kana timbalan-timbalan Kami."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 19 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel