Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 21 >> 

1Raja Sidkia, nya eta raja nagara Yuda, ngutus Pashur bin Malkia jeung Imam Sepanya bin Maaseya, kalawan pamundut kieu:

2"Cik pangunjukkeun ka PANGERAN, sabab Nebukadnesar raja Babul sabaladna keur ngepung nagara urang. Malakmandar PANGERAN kersa midamel salah sahiji mujijat-Na, pikeun ngundurkeun Nebukadnesar."

3Geus kitu PANGERAN nimbalan ka kaula. Tuluy kaula nitah ka eta jalma-jalma anu diutus,

4supaya maranehna unjukan ka Sidkia, yen PANGERAN, Allah Israil, ngandika kieu, "Eh Sidkia, balad maneh anu ngayonan raja Babul sabaladna, ku Kami rek sina eleh. Pakarang-pakarangna ku Kami rek ditumpukkeun di tengah kota.

5Jeung Kami sorangan bakal merangan ka maneh, ngetrukkeun sagala kakuatan, amarah, kajengkel jeung katugenah.

6Anu araya di ieu nagara sakabehna ku Kami rek ditumpes; boh jelema boh sato, sina paraeh ku pagebug anu kacida hebatna.

7Ari maneh, kitu deui para pajabat jeung rahayat anu teu kasabet ku perang, anu teu kasabet ku kalaparan jeung teu keuna ku pagebug, ku Kami rek diselehkeun ka Raja Nebukadnesar sabaladna anu geregeteun hayang maehan ka maneh. Maneh ku Nebukadnesar bakal dipaehan. Saha bae oge ti pihak maneh ku Nebukadnesar moal aya nu dibere ampun, moal aya nu dipikarunya. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

8Geus kitu PANGERAN nimbalan ka kaula, miwarang nyarita ka rahayat, kieu, "Darengekeun! Kami, PANGERAN, rek mere piliheun ka maraneh, antara jalan pisalameteun jeung jalan pipaeheun.

9Anu caricing bae di jero kota bakal tumpes ku perang, atawa ku kalaparan, atawa ku pagebug. Tapi sing saha anu kaluar masrahkeun maneh ka urang Babul anu ayeuna keur nempuh ieu kota, moal kungsi dipaehan, paling apesna bisa keneh hirup.

10Geus dipastikeun ku Kami, ieu kota moal salamet, tangtu ku Kami dibasmi. Rek diselehkeun ka raja Babul, sina dihuru, diratakeun jeung taneuh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

11PANGERAN nimbalan ka kaula supaya nepikeun pangandika-Na ka eusi karaton raja Yuda.

12Kieu, "Eh turunan Daud, darengekeun ieu pangandika Kami, PANGERAN. Laksanakeun saban poe hukum nu adil. Belaan sakur nu ditipu, leupaskeun ti anu nipuna. Upama teu kitu, eta lampah maneh anu goreng teh tangtu ngagedurkeun amarah Kami lir seuneu anu moal bisa dipareuman.

13Maneh, Yerusalem, maneh ngajenggleng ngaluhuran lebak-lebak, lir gunung karang ngajegir ngaluhuran padataran. Maneh mo burung diperangan ku Kami. Carek maneh moal beunang ditarajang, pertahanan maneh moal bisa didobrak.

14Maneh ku Kami tangtu dihukum satimpal jeung kalakuan. Karaton maneh katut sagala rupa di sakurilingeunana, ku Kami bakal dihuru. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel