Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 22 >> 

1(22:1-2) PANGERAN nimbalan ka kaula, miwarang ka karaton raja Yuda, turunan Daud, kudu nyaturkeun pangandika-Na ka raja, ka para ponggawana jeung ka rahayat: "Darengekeun, kieu timbalan PANGERAN.

2(22:1)

3Kami, PANGERAN, marentah. Maraneh kudu adil, kudu bener lampah. Kudu nangtayungan ka nu jadi korban panipuan, leupaskeun ti nu nipuna. Ulah teungteuingeun, ulah sawenang-wenang ka jalma asing, nya kitu deui ka yatim pahatu jeung ka randa. Jeung ulah sok ngahukum pati ka jelema anu teu salah di ieu tempat anu suci.

4Lamun maraneh enya-enya ngalampahkeun sagala parentah anu ditimbalkeun ku Kami, tangtu turunan Daud bisa tumuluy jaradi raja. Maranehanana katut para ponggawa jeung rahayatna bakal arasup ngaliwat gapura-gapura ieu karaton, tarumpak kareta jeung kuda.

5Tapi lamun maraneh teu narurut kana parentah Kami, Kami sumpah, ieu karaton geus tangtu ku Kami diburak-barik. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.

6Pikeun Kami, karaton Yuda teh sarua alusna jeung tanah Gilad kitu deui jeung pagunungan Libanon. Tapi ku Kami tangtu dijadikeun tempat anu suwung, moal aya nu nyicingan.

7Kami rek ngirim jelema-jelema anu bakal ngaruksak, kabeh sina marawa kampak, sina ngarubuhkeun pilar-pilar anu aralus, anu dijieunna tina kayu kiputri, tuluy sina diduruk.

8Geus kitu, bakal loba jalma-jalma bangsa sejen ngalaliwat ka dinya bari silih tanya pada batur: Ku naon ieu kota sakieu gedena ku PANGERAN dibasmi nepi ka kieu?

9Jawab ti maranehna nya eta, lantaran maraneh geus ingkar tina jangji ka Kami, Allah maraneh, jeung terus ngabarakti ka allah-allah sejen."

10Eh urang Yuda, Raja Yosia teu kudu diceungceurikan, maotna teu kudu dipake prihatin. Anggur nyeungceurikan Yoahas, anakna, anu geus dibuang, moal bisa mulang deui, moal nenjo-nenjo deui nagri sorangan.

11Sabab kieu timbalan PANGERAN ngeunaan Yoahas bin Yosia, anu ngaganti bapana jadi raja Yuda, "Manehna geus euweuh ti dieu, moal mulang deui.

12Geus dibawa ka hiji nagara, bakal paeh di ditu, moal nenjo-nenjo deui ieu tanah."

13Cilaka eta jelema, anu nyieun gedong ku jalan licik, ngagedean gedongna ku jalan teu jujur, jeung ngagawekeun bangsana ku jalan percumah, teu make buruhan.

14Cilaka eta jelema anu ngomong kieu, "Aing rek nyieun gedong masing gede, make loteng-loteng sing lalega." Seug gedongna dijandelaan, papanna kayu kiputri, geus kitu dipulas beureum.

15Naha pangrasa teh maneh pijadieun raja leuwih bener, pedah nyieun gedong tina kayu kiputri, leuwih alus ti nu batur? Bapa maneh hirupna jamuga. Bapa maneh salawasna bener jeung jujur, sagala pagaweanana matak nyenangkeun.

16Ka nu mariskin, bener nguruskeunana. Ku manehna mah sagala perkara alus jadina. Lampah kitu, ngaranna wawuh ka PANGERAN.

17Ari maneh ngan nyiar piuntungeun sorangan; jalma teu salah ku maneh mah dipaehan, rahayat sangsara, dikaniaya. Kitu timbalan PANGERAN.

18Ayeuna, kieu timbalan PANGERAN ngeunaan Yoyakim bin Yosia, raja Yuda, "Paehna, moal aya jalma nu nalangsa, moal aya nu nyebut, ‘Karunya teuing, Ki Sobat nepi ka kitu!’ Moal aya anu ceurik, moal aya anu nyambat-nyambat, ‘Duh Gusti, duh Sang Raja!’

19Dikuburna teu beda ti ngubur kalde, mayitna digusur, seug dialungkeun ka luareun gapura Yerusalem."

20Eh urang Yerusalem, los ka ditu, ka Libanon, ngadon jejeritan, bral ka tanah Basan, ngadon midangdam, geura aluk-alukan di pagunungan Moab, sabab anu ngabarantu ka maraneh, kabeh geus areleh.

21Basa maraneh keur jaya keneh, ku PANGERAN geus dielingan, tapi maraneh teu ngagarugu. Da nya kitu kalakuan maraneh mah, saumur-umur teu narurut ka PANGERAN.

22Para pamingpin maraneh bakal paburisat lir katebak angin, anu ngabarantu ka maraneh jaradi tawanan perang, nagara maraneh jadi hinakeuneun, matak era, akibat sagala kadorakaan maraneh.

23Maraneh ngarasa reugreug dumeh tempat cicing dijieun tina kayu kiputri, anu asalna ti Libanon, tapi engke bakal karasa kumaha nyerina, ana geus katarajang ku kanyeri, moal beda nyerina ti awewe anu ngajuru.

24PANGERAN nimbalan ka Raja Yoyakin, putra Raja Yoyakim, raja Yuda, "Demi Kami teh Allah anu jumeneng, najan maneh teh upamana jadi cingcin cap dina jariji Kami, ku Kami mo burung dicabut.

25Tuluy diselehkeun ka jelema-jelema anu dipikasieun ku maneh, anu hayang ngala nyawa maneh. Maneh ku Kami rek diselehkeun ka Raja Nebukadnesar, raja Babul sabalad-baladna.

26Maneh, kitu deui indung maneh, ku Kami rek dialungkeun ka pangbuangan, ka hiji tempat anu lain tempat lahir maneh, lain tempat lahir indung maneh. Maneh jeung indung maneh bakal paraeh di ditu.

27Geus tangtu maneh kangen ka nagri sorangan, tapi pamohalan bisa mulang deui."

28Kaula, Yermia, ngomong, "Duh, kutan Raja Yoyakin teh mani geus dianggap gentong peupeus, dipiceun, geus euweuh anu hayang make? Jadi ku sabab kitu, anjeunna jeung para putrana teh nepi ka kudu dibawa ka pangboyongan, ka nagri anu aranjeunna can aruninga?"

29Duh lemah cai, lemah cai!

30(22-29b) Dengekeun, kieu timbalan PANGERAN, "Ieu jalma geus dicatet, yen anak-anakna kabeh bakal euweuh, yen manehna pijadieun jalma gagal cita-citana, moal boga turunan nu baris marentah nagri Yuda, moal aya nu bakal neruskeun kalungguhan Daud. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel