Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 25 >> 

1Dina taun kaopat jaman Yoyakim bin Yosia jadi raja nagri Yuda, kaula nampa timbalan PANGERAN ngeunaan urang Yuda. (Harita Nebukadnesar kakara sataun jadi raja di nagara Babul.)

2Timbalana-Na ka kaula tea ku kaula ditepikeun ka urang Yuda jeung urang Yerusalem, kieu,

3"Geus dua puluh tilu taun kaula sok meunang timbalan ti PANGERAN, ti taun katilu belas Yosia bin Amon jadi raja nagri Yuda nepi ka poe ieu, sarta sagala timbalana-Na teu aya anu ku kaula teu ditepikeun ka aranjeun. Tapi aranjeun tara pisan malire.

4Malah sakitu PANGERAN teu petot-petot ngutus abdi-abdi-Na, nya eta nabi-nabi, kitu keneh bae aranjeun tara malire.

5Nabi-nabi teh ngajak sangkan aranjeun tarobat, ulah marigawe deui kadorakaan, ulah marigawe deui dosa, supaya bisa tetep renggenek di ieu tanah, anu ku PANGERAN dipaparinkeun ka aranjeun jeung ka karuhun, ngajadi tanah milik anu tetep.

6Aranjeun dicaram nyembah jeung ngabakti ka allah-allah sejen, jeung ulah nyarieun pibendueun PANGERAN nyembah ka berhala bubuatan sorangan. Lamun aranjeun nurut mah ku Mantenna ge moal dihukum.

7Tapi saur PANGERAN ku manten aranjeun teh arembung ngagugu ka Mantenna. Aranjeun kalah ka nyieun pibendueuna-Na ku berhala-berhala nepi ka aranjeun nandangan hukumana-Na.

8Ku sabab kitu, ku sabab aranjeun arembung ngagugu ka Mantenna, kieu pangandika PANGERAN Nu Maha Kawasa:

9‘Kami arek ngadatangkeun jalma-jalma ti tatar kaler, jeung ngadatangkeun abdi Kami, Raja Nebukadnesar ti nagri Babul. Rek dibawa ku Kami ka dieu, sina ngarurug ka Yuda sapangeusina, kitu deui ka bangsa-bangsa sakurilingeunana. Ieu bangsa jeung bangsa-bangsa tatanggana, ku Kami arek digempur, sina burak-barik sapapanjangna, jadi hiji kajadian anu matak reuwas jeung matak sieun. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.

10Sora surakna, sora gumbirana, sarta sora-sora kabagjaan dina pesta kawin, ku Kami rek dieuweuhkeun disina jempling. Damarna moal maranggih minyak, jeung gandumna bakal beak.

11Sakuliah tanah ieu bakal ancur, matak melengek nu nenjo, bangsa-bangsa sakurilingeunana bakal tarunduk ka raja Babul, tujuh puluh taun lilana.

12Sanggeus kitu, nagri Babul oge jeung rajana bakal dihukum ku Kami ku lantaran dosa-dosana. Eta nagri rek dibasmi, dijadikeun ruruntuhan salalanggengna.

13Babul rek ditinggang ku rupa-rupa bahla, nya eta sakur bahla anu geus kacatet dina ieu kitab, anu ku Kami dipake ngancam bangsa-bangsa, sakumaha anu geus diumumkeun ku Yermia.

14Urang Babul sina ngabdi, sina tunduk ka rupa-rupa bangsa, jeung ka raja-raja perkasa, babales kalakuanana.’"

15PANGERAN, Allah urang Israil, nimbalan ka kaula, "Tampanan ieu gelas anggur anu geus dieusi amarah Kami. Bawa ka sakabeh bangsa, sina diarinum, ka mana bae maneh dititahna ku Kami.

16Lamun geus ngarinum ieu, kabeh bakal sasampoyongan bari teu puguh pipikiran, geumpeur ku perang anu ku Kami baris dikeprak sina narajang."

17Seug eta gelas ku kaula ditampanan ti panangan PANGERAN, tuluy diasongkeun ka sakabeh bangsa sina diarinum, ka mana bae kaula dipiwarang-Na.

18Anu kudu disina ngarinum teh Yerusalem jeung sakabeh kota di Yuda, raja-raja jeung para pamingpinna, sangkan ngajadi suwung sarta katenjona matak ngenes, sarta ngaran-ngaranna sina dijarieun sasapaan — sakumaha nu geus bukti tepi ka kiwari.

19(25:19-26) Nu lian-lianna, anu kudu nginum tina eta gelas teh, nya eta: raja Mesir, jeung sakabeh bangsa asing anu araya di Mesir; sakabeh raja anu di tanah Us, sakabeh raja bangsa Pelisti di kota-kota Askelon, Gasa, Ekron jeung sesa kota Asdod; sakabeh urang Edom, Moab jeung Amon; sakabeh raja di Tirus jeung Sidon; sakabeh raja di nagri-nagri tanah basisir Laut Tengah; sakabeh kota di Dedan, Tema jeung Bus; sakabeh jelema, bangsa anu buukna dicukur pondok; sakabeh raja Arab; sakabeh raja kaom-kaom gurun keusik, sakabeh raja di Simri, Elam jeung Media; sakabeh raja tatar kaler, nu dareukeut, nu jarauh, pasusul-susul. Unggal bangsa di sakuliah jagat kudu sina ngarinum tina eta gelas. Anu pangpandeurina kudu nginum teh nya eta raja Babul.

20(25:19)

21(25:19)

22(25:19)

23(25:19)

24(25:19)

25(25:19)

26(25:19)

27Geus kitu PANGERAN nimbalan ka kaula, "Bejakeun ka eta sakabeh yen Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah urang Israil, marentahkeun sangkan maranehna ngarinum tina eta gelas nepi ka marabok utah-utahan, nepi ka tingjaloprak teu bisa carengkat deui, tina sabab perang anu dikeprak ku Kami sina narajang ka maranehanana.

28Upama maranehna narolak arembung nampanan eta gelas anu diasongkeun ku maneh, arembungeun nginum, kieu kituh timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa: Maneh misti nginum ieu.

29Anu ku Kami rek mimiti diruksak nya eta nagri milik Kami sorangan. Samarukna maranehna mah moal dihukum ku Kami? Tangtu, tangtu ku Kami dihukum, sabab perang ku Kami geus dikeprak sina narajang ka sakabeh bangsa di sakuliah jagat. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa.

30Ari maneh, Yermia, umumkeun sakabeh timbalan anu ku Kami geus diandikakeun. Bejakeun kieu ka maranehanana, ‘PANGERAN bakal ngagentra tarik ti sawarga, ngageleger ti luhur langit. Mantenna bakal ngagaur ka umat-Na, sosoak saperti jalma keur ngirik anggur. Kabeh jalma di bumi, bakal ngadenge gentra-Na,

31sabab gentra-Na parat ka satungtung jagat. PANGERAN baris mariksa perkara bangsa-bangsa. Unggal jalma baris diterapan hukum, nu jarahat tan wande dipaehan. Kitu timbalan PANGERAN.’"

32Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, hiji bahla jeung angin ribut anu ngahiji ti saban tungtung jagat, bakal mapay narajang ka bangsa-bangsa.

33Dina poe eta, bangke-bangke jalma anu dibasmi ku PANGERAN nyebar ti tungtung bumi nepi ka tungtungna deui. Moal aya anu nyeungceurikan, moal aya nu ngumpulkeun sumawonna nu ngaruang, diantep patutumpuk jadi gemuk taneuh.

34Geura tingjarerit eh para pamingpin! Geura aluk-alukan eh nu ngarangon umat Kami! Geura gegerungan bari gugulingan dina taneuh ngebul. Geus meujeuhna ayeuna maraneh dipareuncitan jeung dijagal cara domba.

35Taya petana maraneh bisa ngejat.

36(25:36-37) Maraneh bakal sasambat tingjarerit awahing ku nalangsa, sabab ku bendu-bendu-Na PANGERAN, bangsa maraneh dibasmi, nagri maraneh anu sakitu kertana diburak-barik.

37(25:36)

38PANGERAN geus ngantunkeun umat-Na, lir singa ninggalkeun guhana. Nagri maraneh jadi kosong urut diamuk ku perang jeung ku bendu PANGERAN anu ngentab-ngentab.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 25 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel