Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 31 >> 

1Timbalan PANGERAN, "Bakal cunduk waktu, Kami jadi Allah panutan sakabeh kaom Israil, Israil jadi umat Kami.

2Eta bangsa anu geus luput tina bahya maot, waktu di gurun keusik ku Kami dipikawelas. Ana eta urang Israil harayang ngareureuh,

3ti nu jauh ge Kami nembongan ka maranehna. Eh urang Israil, salawasna ge Kami nyaah ka maraneh teh, nu matak ngan deudeuh bae.

4Maraneh rek dibangun deui, bakal narabeuh deui genjring, suka-suka ngarigel.

5Bakal ngebon deui anggur di unggal pasir di Samaria, asal daraek melak, hasilna tangtu kapuluk.

6Mangsana tangtu datang, nu karemit di pasir-pasir Epraim bakal cumeluk, ‘Hayu urang nanjak ka Sion, ngadeuheus ka PANGERAN, Allah panutan urang.’"

7Timbalan PANGERAN, "Geura ngarawih, sing gumbira, keur Israil, bangsa anu panggedena. Nyanyikeun lagu pamujina, ‘PANGERAN ngajait umat-Na, nyalametkeun nu sesana.’

8Maranehna ku Kami rek dicokot ti tanah kaler, dikumpulkeun ti unggal tungtung jagat. Nu lalolong, nu lalumpuh, moal kari, teu tinggaleun nu rareuneuh, jeung anu sabroleun ngajuru. Maranehna pijadieun deui bangsa gede.

9Mun ku Kami geus ditungtun diajak balik, umat Kami bakal nepi ka careurik, bari mumuntang ka Kami. Ku Kami rek ditungtun ka walungan-walungan, enggon cai, make jalan anu genah, nu moal matak titajong. Pikeun Israil, Kami teh lir bapa, Epraim teh anak Kami anu cikal."

10Timbalan PANGERAN, "Eh bangsa-bangsa, darengekeun Kami! Umumkeun timbalan Kami ka tanah-tanah basisir anu jarauh. Umat Kami anu ku Kami dipaburencaykeun, ayeuna rek dikumpulkeun, rek dijaga, lir domba dijaga ku nu ngangonna.

11Urang Israil ku Kami geus dimerdekakeun, leupas tina genggeman hiji bangsa anu kuat.

12Bakal daratang ka Gunung Sion, ngararawih galumbira, barungah mareunang berkah, teu kurang gandum, anggur jeung minyak jetun, teu kurang ingon-ingon, domba jeung sapi. Kakayaan maranehna ibarat kebon teu kurang cai, sagala kaperluanana nyampak.

13Mojang-mojangna bakal ngarigel, jaligrah, kolot, ngora, galumbira. Ku Kami rek dibeberah, sina paler kasedihna, leungit susah tinggal bungah.

14Para imamna sina loba rejekina. Sagala pangabutuh umat Kami, ku Kami bakal dicukup. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

15Timbalan PANGERAN, "Di kota Ramah aya anu jejeritan, nu ceurik aluk-alukan, henteu beunang diupahan: Rahel nyeungceurikan anak-anakna anu enggeus teu araya.

16Geus, geura repeh, susutan cipanon. Eta pangorbanan maneh moal percumah, aya ganjaranana, tur barudak teh bakal bisa marulang deui ti tanah musuh-musuhna.

17Jaga maneh tangtu senang, barudak tangtu marulang. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.

18Urang Israil ku Kami kadangu sasambat mani sesegruk, ‘Duh Gusti, abdi-abdi lir sapi anu atah warah, lajeng ku Gusti diwulang, diajar nurut. Mugi abdi sadaya dicandak mulang, sumeja tobat ka Gusti, PANGERAN, Allah abdi sadaya.

19Abdi-abdi parantos mungkur ti Gusti, ayeuna nyuhunkeun ditampi deui. Saparantos ku Gusti dipeperih, bati ngaheluk sareng ngaheruk, isin ku kalakuan anu hina, emut kana dosa-dosa waktos keur ngora.’

20Eh Israil, maneh teh anak Kami kakasih, anak anu pangdipikanyaahna. Mun keur nyebut ngaran maneh, pikir henteu weleh ngait, hate teu weleh cumantel. Kami seja mikawelas.

21Geura pasang ciri-ciri jeung tanda-tanda jalan, panggihkeun jalan nu bareto ditinggalkeun. Geura mulang, Israil, geura mulang, geura baralik, ngeusian deui kota-kota, nu bareto ditinggalkeun.

22Rek nepi ka iraha mundur maju bae, eh umat anu teu satia? Kami geus nyiptakeun hal anyar jeung teu lumrah, sarua teu lumrahna jeung awewe nangtayungan lalaki."

23PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, ngandika, "Upama eta bangsa ku Kami geus diadegkeun deui di lemah caina, di tanah Yuda jeung di saban kotana, jalma-jalma bakal nyarebut deui: ‘Sing diberkahan ku PANGERAN, gunung karamat di Yerusalem, panglinggihan Mantenna nu suci.’

24Tanah Yuda jeung kota-kotana bakal diareusian deui. Jalma-jalmana aya nu tani, aya nu miara ingon-ingon.

25Anu geus carape beak tanaga sina jaragjag deui, anu geus langlayeuseun sina sareubeuh dahar.

26Engke mah maranehna bisa ngucap, ‘Ah rek sare, ambeh isukna jagjag.’

27Kami PANGERAN, jangji, tanah Israil jeung Yuda sina pinuh ku pangeusina, jelema jeung ingon-ingon.

28Bareto maranehna ku Kami dicabut, dirabut, dialungkeun, digempur, dibongkar, engke mah ditangtungkeun deui.

29Dina mangsa eta, moal aya nu ngucapkeun babasan: ‘Bapa nu ngadahar buah haseum, anak nu ngarasa linu.’

30Sabab, saha nu ngadahar buah ngora, nya manehna nu linu huntuna. Saha anu boga dosa, nya manehna anu keuna ku balukarna."

31Timbalan PANGERAN, "Mangsa eta, Kami jeung urang Israil kitu deui jeung urang Yuda, rek ngayakeun perjangjian anyar.

32Ieu perjangjian anyar, beda ti perjangjian heubeul, anu dijieun jeung karuhunna waktu ku Kami ditungtun kaluar ti Mesir. Jaman harita mah sakitu Kami jeung maranehna teh lir salaki jeung pamajikan, eta perjangjian teu ditarurut.

33Perjangjian nu anyar mah bakal kieu: Hukum Kami baris dipatri dina sanubarina, ditulis dina hatena. Kami nu jadi Allahna, maranehna nu jadi umatna.

34Jadi engke mah maranehna geus teu perlu silih papatahan nganyahokeun ka PANGERAN, sabab saban jalma, ti nu leutik nepi ka nu gede, tangtu dihampura dosa-dosana, kadorakaanana moal diinget-inget deui ku Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

35PANGERAN ngayakeun panonpoe, pikeun nyaangan ti beurang, ngayakeun bulan jeung bentang-bentang, pikeun nyaangan ti peuting. Mantenna anu ngaduk-ngaduk laut, sina jumegur gumuruh. Ari jenengan Mantenna: PANGERAN Nu Maha Kawasa.

36Tah eta, Mantenna, ngajangji kieu: Sapanjang ngadeg keneh tata alam, tetep Israil ngajadi bangsa.

37Lamun sakubeng langit geus bisa kaungsi, lamun dasar-dasar jagat geus bisa dijajah, kakara Mantenna tega miceun bangsa Israil, lantaran dosa-dosana. Kitu timbalan PANGERAN.

38"Waktuna geus tangtu cunduk," timbalan PANGERAN, "Yerusalem baris diadegkeun deui jadi kota tempat Kami, ti Munara Hananel di beulah kulon, nepi ka Gapura Juru.

39Ari wawatesanana baris terus nyambung ti dinya, ti beulah kulon kebat ka pasir Gareb, terus ngurilingan Goa.

40Ari lebakna sakurilingna, tempat paranti nguburkeun anu paraeh jeung dijadikeun pamiceunan runtah, kitu deui tegalan-tegalan tonggoheun Walungan Kidron, terus nepi ka Gapura Kuda beulah wetan, rek dijadikeun tempat karamat Kami. Eta kota moal aya deui anu bakal ngaruksak sumawonna nu ngaburak-barik."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 31 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel