Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 33 >> 

1Sabot ditutup keneh di jero panjara buruan karaton, kaula meunang deui timbalan ti PANGERAN.

2PANGERAN, anu ngadamel bumi, anu ngawujudkeun jeung ngadegkeunana, nimbalan ka kaula. Mantenna, PANGERAN, nimbalan kieu,

3"Sambat Kami, tangtu Kami ngawalon. Maneh rek dibere nyaho perkara-perkara anu ajaib, anu araheng, anu tangtu maneh mah acan nyaho.

4Kami, PANGERAN, Allah Israil, mere nyaho yen imah-imah di Yerusalem jeung karaton raja di Yuda bakal dibongkaran pikeun nguatan pertahanan tina kepungan jeung panarajang musuh.

5Sawareh bakal barijil ngayonan urang Babul, tapi cumah. Urang Babul malah bakal ngeusian imah-imah di ieu kota ku mayit jalma-jalma anu ku Kami memang rek dibasmi, bawaning Kami ambek jeung napsu. Kami geus teu hayang nenjo ieu kota, lantaran kalakuan jalma-jalmana jarahat.

6Tapi sanajan kitu ge ieu kota katut rahayatna tangtu bakal dipulihkeun sina menyat deui, sina talengtrem hirupna, jongjon ngahenang-ngahening.

7Yuda jeung Israil sina makmur, baris dibangun deui ku Kami, sina pulih saasalna.

8Dirina sina bararesih, suci tina dosa urut ngalawan ka Kami. Dosa-dosana jeung kalakuanana ngabarontak ka Kami rek dihampura.

9Yerusalem rek dijadikeun sumber kabagjaan, sumber kamulyaan jeung sumber kamashuran Kami. Unggal bangsa di dunya, asal ngadenge beja yen Kami melak rupa-rupa kahadean keur urang Yerusalem sarta ngamakmurkeun ieu nagara, bakal tingdaregdeg pinuh ku kasieun."

10Timbalan PANGERAN, "Ceuk jalma-jalma, ieu tempat jeg tegalan anu suwung, euweuh eusina, teu jalma teu sato. Memang, kota-kota tanah Yuda jeung jalan-jalan Yerusalem kosong molongpong taya eusina, teu jalma teu sato.

11Tapi eta tempat-tempat teh bakal haneuteun deui, rame ku sora kasukaan jeung kagumbiraan sarta sora kabagjaan pesta kawin. Maneh bakal ngadenge jalma-jalma nyaranyi waktu marawa kurban sukur ka Bait Kami, pokna, ‘Puji sukur hatur nuhun kana kasaean PANGERAN Nu Maha Kawasa, anu langgeng mikaasih.’ Ieu tanah ku Kami rek dimakmurkeun sakumaha asalna deui. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

12PANGERAN Nu Maha Kawasa nimbalan, "Ieu tanah, anu ayeuna mah bleg tegalan suwung euweuh naon-naonna, teu jalma teu sato, bakal pinuh deui ku sampalan-sampalan paranti ngencarkeun domba.

13Di kota-kota pagunungan, di kota-kota suku gunung, di pakidulan tanah Yuda, di tanah bilangan Binyamin, di desa-desa sakurilingeun Yerusalem, jeung di kota-kota satanah Yuda, pangangon-pangangon bakal marilang deui domba, ingon-ingon akuanana. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

14Timbalan PANGERAN, "Tangtu cunduk kana waktu, Kami ngabuktikeun jangji ka urang Israil jeung urang Yuda.

15Harita Kami baris ngangkat hiji jalma anu ibadah, turunan Daud, dijenengkeun Raja. Ngarajaanana di sakuliah ieu tanah, bakal ngajalankeun anu sabenerna, luyu sakumaha kuduna.

16Urang Yuda jeung urang Yerusalem bakal disalametkeun, hirup dina kasenangan. Ari pingaraneun kotana: ‘PANGERAN Kasalametan Urang’.

17Kami PANGERAN, jangji: ti turunan Daud salawasna aya nu bakal jadi raja di Israil,

18ari ti kaom Lewi salawasna bakal aya nu jaradi imam, anu bakal ngalalayanan Kami, ngurus kurban-kurban beuleuman, kurban-kurban gandum, jeung kurban-kurban peuncitan."

19Timbalan PANGERAN ka sim kuring,

20"Kami geus nyieun hiji perjangjian pikeun nangtukeun beurang jeung peuting, sangkan boh beurang boh peuting daratangna cocog dina waktu giliranana, supaya eta perjangjian ulah nepi ka teu ditetepan.

21Sarua keneh maksudna jeung eta, Kami geus nyieun hiji perjangjian pikeun abdi Kami Daud, yen ti turunanana salawasna bakal aya saurang anu jadi raja. Kitu deui ka kaom Lewi, Kami nyieun perjangjian yen nu bakal jaradi imam purah ngabakti ka Kami teh ti kaomna. Eta perjangjian moal pegat.

22Turunan abdi Kami, Daud, jeung turunan imam-imam kaom Lewi, rek sina loba kabina-bina, ibarat bentang-bentang di langit atawa keusik di basisir, pamohalan bisa kaitung."

23Timbalan PANGERAN ka kaula,

24"Maneh terang kumaha omong jalma-jalma hal Israil jeung Yuda? Ceuk maranehna, eta dua sadulur teh geus ditoker ku Kami. Eta umat Kami ku maranehna kacida direndahkeunana, geus teu dianggap bangsa.

25Tapi Kami, PANGERAN, geus nyieun hiji perjangjian ngeunaan beurang jeung peuting, jeung hukum-hukum anu ngatur bumi jeung langit.

26Sakumaha pastina eta perjangjian Kami, nya kitu pisan Kami baris miara perjangjian ngeunaan anak incu Yakub jeung anak incu abdi Kami, Daud. Kami rek ngangkat hiji turunan Daud, anu bakal ngatur turunan Ibrahim, turunan Ishak, jeung turunan Yakub. Kami seja mikawelas deui ka umat Kami, sina mukti sarenang deui."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 33 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel