Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 34 >> 

1PANGERAN nimbalan ka kaula. Harita Yerusalem jeung kota-kotana anu dareukeut keur ditempuh ku Raja Nebukadnesar jeung baladna ti Babul, dibantu ku pasukan-pasukan bangsa-bangsa jeung seler-seler bangsa patalukanana.

2PANGERAN, Allah Israil, miwarang kaula ka Raja Sidkia raja Yuda, ngunjukkeun pangandika-Na, kieu, "Kami PANGERAN, rek nyelehkeun ieu kota ka raja Babul, sina dihuru.

3Maneh moal bisa luput, tangtu ditangkep tuluy diselehkeun, bakal paadu beungeut paadu lemek jeung manehna, tuluy diboyong ka Babul.

4Sidkia, regepkeun ieu pangandika Kami ngeunaan diri maneh. Maneh moal paeh ku lantaran perang.

5Bakal paeh teh dina waktu anu rineh, tur dikuburkeunana ge dikukusan, moal beda ti karuhun-karuhun maneh anu jaradi raja samemeh maneh, dikuburkeunana dikukusan ku rahayat. Maneh oge bakal dicaleungceurikan ku rahayat, dipidangdam, ‘Raja urang pupus!’ Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

6Seug eta timbalan teh ku kaula diunjukkeun ka Raja Sidkia di Yerusalem.

7Harita eta kota teh keur digempur ku balad raja Babul. Eta pasukan ngagempur oge kota Lakis jeung Aseka, dua kota benteng anu aya keneh di tanah Yuda.

8Raja Sidkia jeung urang Yerusalem tadina geus rempug baris ngamerdekakeun

9bangsa Ibrani anu jaradi abid maranehna, boh nu lalaki boh nu awewe, supaya saurang ge ulah aya urang Israil anu boga jalma beulian sasama bangsana.

10Boh rahayat boh para pamingpin, kabeh geus satuju ngamerdekakeun para abid moal aya anu dijadikeun abid deui. Tuluy abid-abid teh dimerdekakeun.

11Tapi ahir-ahir pikiranana rarobah, abid-abid teh dicarokot deui, dipaksa kudu ngawula deui.

12Ku sabab kitu PANGERAN,

13Allah Israil, nimbalan ka kaula kudu ngomong kieu ka maranehna, "Bareto Kami nyieun perjangjian ka karuhun maraneh, basa dijait ti Mesir, jeung dimerdekakeun tina kerja paksa. Maranehna ku Kami diparentah,

14yen unggal-unggal tujuh taun kudu ngamerdekakeun abid bangsa Ibrani anu ngawulana geus genep taun. Tapi eta parentah ku karuhun maraneh teu dipirosea, timbalan Kami teu ditarurut.

15Ari maraneh, kakara oge genep poe ka tukang baroga niat jeung kalakuan anu nyenangkeun Kami. Nya eta, kabeh akur rek ngamerdekakeun sasama bangsa Israil, malah make jangji di payuneun Kami di Bait Allah, di gedong paragi babakti ka Kami.

16Kari-kari kabeh rarobah deui pikiran. Abid-abid anu geus ngarasa garenah pikiranana dumeh anu dicileukna geus tinekanan, ku maraneh dicokot deui, dipaksa kudu ngawula deui.

17Ku sabab eta, Kami, PANGERAN arek tandes: Maraneh teu narurut ka Kami. Maraneh teu jadi ngamerdekakeun sasama bangsa Israil. Hade kitu oge, heug, maraneh ku Kami rek dimerdekakeun: merdeka milih pipaeheun ku perang, ku pagebug, atawa ku kalaparan. Unggal bangsa sina gimir ku peta Kami ka maraneh.

18(34:18-19) Para ponggawa Yuda jeung Yerusalem, bareng jeung para ponggawa karaton, para imam jeung para pamingpin, geus motong sapi jalu, awakna dibeulah dua, diteundeun pagigir-gigir, tuluy maranehna laleumpang di antara eta dua beubeulahan awak sapi, tanda yen geus ikrar jangji ka Kami. Kari-kari eta jangji dilanggar, sarat-saratna teu dihargaan. Ku sabab kitu maranehna ku Kami rek dijieun kawas eta sapi.

19(34:18)

20Rek diselehkeun ka musuhna, baris tuluy diparaehan, mayit-mayitna bakal diharakanan ku manuk jeung ku sato-sato galak.

21Sidkia, raja Yuda, jeung para ponggawana, eta oge rek diselehkeun ka balad Babul, anu geus ngeureunan perangna.

22Eta ku Kami rek dititah baralik deui ka dieu, sina narajang deui ieu kota, sina dirampas tuluy dihuru rata jeung taneuh. Kota-kota tanah Yuda ku Kami rek disuwungkeun sina jadi gurun keusik, moal aya nu nyicingan. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 34 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel