Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 35 >> 

1Waktu Yoyakim putra Yosia jadi raja di nagara Yuda, PANGERAN nimbalan ka kaula,

2"Tepungan anak incu Rekab, ajak ngomong. Bawa ka Bait Allah, asupkeun ka salah sahiji kamar, tuluy suguhan anggur."

3Seug saanak incu Rekab, nya eta: Yaasanya anak Yermia bin Habasinya jeung dulur-dulurna katut anak-anakna masing-masing

4ku kaula diajak ka Bait Allah, dibawa asup ka kamar murid-murid Nabi Hanan bin Yigdalya, pernahna luhureun kamar Maaseya bin Salum, hiji ponggawa penting di Bait Allah, deukeut ka kamar-kamar para ponggawa sejenna.

5Kaula natakeun gelas jeung anggurna dina hiji wadah. "Mangga ngaraleueut," ceuk kaula ka maranehna.

6Ari jawabna, "Kaula sadaya tara nginum anggur. Karuhun kaula sadaya, Yonadab bin Rekab, ngalarang yen kaula sadaya nya kitu deui turunan, teu kenging nginum anggur.

7Kajabi ti kitu anjeunna ngalarang, yen kaula sadaya teu kenging ngadamel rorompok, teu kenging pepelakan, teu kenging ngebon anggur atanapi meser kebon anggur. Anjeunna miwarang supaya kaula sadaya caricing di kemah bae, supados kenging cicing di ieu nagri, hirup sapertos urang asing.

8Sagala rupi amanat Yonadab ku kaula sadaya ditumutkeun. Kaula sadaya saanak rabi, nu lalaki, nu awewe, tara pisan nginum anggur,

9(35:9-10) tara nyieun rorompok keur imah-imah, cicing mung di kemah, teu gaduh kebon anggur, teu gaduh lahan, tara melak gandum, tumut kana amanat Yonadab.

10(35:9)

11Mung waktos Raja Nebukadnesar nempuh ieu kota, kaula sadaya ngungsi ka Yerusalem, nyingkiran balad Babul sareng balad urang Siria. Kitu margina dina waktos ieu aya di Yerusalem."

12(35:12-13) Geus kitu PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, nimbalan ka kaula, miwarang nepungan urang Yuda jeung urang Yerusalem, nepikeun timbalan kieu, "Kami, PANGERAN, rek nanya. Naha ku naon maraneh teu daraek ngadenge, teu narurut kana parentah Kami?

13(35:12)

14Anak incu Yonadab mah narurut kana larangan teh, ceuk karuhunna teu meunang ngarinum anggur, nepi ka kiwari tara ngarinum anggur. Ari maraneh, sakitu geus sering ku Kami digeuing teu narurut bae.

15Teterusan ku Kami dibere nabi, abdi-abdi Kami anu ngelingan sangkan maraneh eureun tina lampah goreng, sangkan hade kalakuan. Ceuk nabi-nabi ulah muja ulah nyembah ka allah-allah sejen, sangkan bisa tetep tumetep di tanah paparin ti Kami ka karuhun maraneh jeung ka maraneh, maraneh tetep bae teu narurut ka Kami, henteu malire.

16Anak incu Yonadab narurut kana parentah karuhunna, ari maraneh mah ka Kami henteu narurut.

17Ku sabab kitu, maraneh urang Yuda jeung urang Yerusalem, rek digebruskeun kana rupa-rupa kacilakaan anu ku Kami geus didawuhkeun tea. Pangna Kami kitu teh lantaran maraneh keneh, digeuing teu daek eling, disaur teu ngagarugu."

18Ti dinya kaula ngomong ka anak incu Rekab, yen PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil ngandika kieu, "Maraneh satia kana amanat Yonadab karuhun maraneh. Sagala cegahanana ditarurut, sagala parentahna digumatikeun.

19Ku sabab kitu, Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil jangji: Ti turunan Yonadab bin Rekab anu lalaki salawasna bakal aya anu ngalaladenan Kami."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 35 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel