Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 37 >> 

1Nebukadnesar, raja Babul, ngangkat Sidkia putra Yosia jadi raja Yuda, ngaganti Yoyakin putra Yoyakim.

2Tapi Sidkia henteu tumut kana timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka kaula, kitu deui para pajabat jeung rahayatna.

3Dina hiji waktu aya piwarangan Raja Sidkia ka kaula, nya eta Yukal bin Selemya jeung Imam Sepanya bin Maaseya, mundut dipangnedakeun ka PANGERAN, pikeun kapentingan bangsa.

4Harita mah kaula can dipanjara, bebas keneh ka mana-mana di tengah jalma rea.

5Ari balad Babul anu keur ngepung Yerusalem harita mundur, sabab meunang beja yen balad Mesir geus budal, sarta geus meuntasan tapel wates Mesir.

6Ti dinya PANGERAN, Allah Israil nimbalan ka kaula

7pikeun Sidkia. Timbalana-Na, "Balad Mesir anu geus satengah jalan arek ngabantu maneh, bakal baralik deui ka nagrina.

8Ari balad Babul bakal daratang narajang deui. Ibukota bakal karebut terus dihuru.

9Kami, PANGERAN mere nyaho. Maraneh ulah ngabobodo diri sorangan, boga pikir urang Babul moal narajang deui. Sabab tangtu eta teh narajang deui.

10Malah-malah najan upama balad Babul tea eleh ku maraneh, datang ka anu kari teh ngan tinggal anu raraheut parna tinggaloler sakemahna-sakemahna, eta anu raraheut parna teh tangtu tingkorejat deui, tuluy ngahuru ieu kota nepi ka rata jeung taneuh."

11Ku sabab balad Babul geus undur ti Yerusalem nyingkiran balad Mesir anu keur datang,

12kaula indit ti Yerusalem ka daerah Binyamin, arek nyokot warisan bagian kaula ti kulawarga.

13Barang nepi ka Gapura Binyamin, kaula ditahan ku kapala jaga di dinya, ngaranna Yeria bin Selemya, incuna Hananya. Carekna, "Maneh rek belot ka urang Babul, hah!"

14Ceuk kaula, "Paliyas teuing! Bapa lain rek ngejat ka ditu!" Tapi Yeria embungeun ngadenge, malah terus nyerek, tuluy kaula dibawa ka para pajabat.

15Para pajabat kacida arambekeunana, tuluy nitah supaya kaula disiksa, geus kitu kaula dikerem di imah jurutulis anu ngaran Yonatan, anu imahna geus dijadikeun panjara.

16Di dinya kaula diteundeun di kamar leutik di jero taneuh, kacida lilana.

17Dina hiji waktu diala ka karaton ku Raja Sidkia, dipariksa ririkipan, saurna, "Kumaha, aya pangandika ti PANGERAN?" "Aya," jawab kaula, "Sang Raja bakal diselehkeun ka raja Babul."

18Kaula unjukan deui, "Naon dosa abdi ka Sang Raja, atanapi ka para pajabat, atanapi ka rahayat, dugi ka dipanjara?

19Kumaha nasibna nabi-nabi Sang Raja, anu nyebatkeun raja Babul moal narajang ka Sang Raja sareng ka ieu nagri?

20Gusti Sang Raja, abdi nyanggakeun panuhun, mugi kersa ngadangukeun sareng ngabulkeun. Abdi ulah diwangsulkeun deui ka jero panjara di rorompok Yonatan, margi tinangtos abdi teh maot di dinya."

21Raja Sidkia nimbalan supaya kaula ditahan di buruan karaton bae. Di dinya saban poe sok dianteuran roti sasiki ti tukangna. Tapi lila-lila mah di kota teh geus teu aya deui dahareun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 37 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel