Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 4 >> 

1PANGERAN nimbalan, "Eh urang Israil, upama enya harayang mulang, hiap geura marulang ka Kami. Upama maraneh miceun arca-arca kaijid Kami sarta satia ka Kami,

2maraneh diidinan sumpah demi jenengan Kami. Lamun geus kitu, kabeh bangsa-bangsa bakal marenta berkah ka Kami sarta baris muji ka Kami."

3PANGERAN nimbalan ka urang Yuda jeung ka urang Yerusalem, "Lahan-lahan maraneh anu dianggurkeun ayeuna geura wuluku; ulah melak bibit di antara cucuk-cucuk.

4Kudu satia kana jangji maraneh jeung Kami, PANGERAN maraneh, pasrahkeun diri ka Kami, eh urang Yuda jeung urang Yerusalem! Lamun teu kitu, amarah Kami baris hurung lir seuneu ku tina dosa-dosa nu dilampahkeun ku maraneh. Tangtu amarah Kami ngagedur tur moal aya nu bisa mareuman."

5Tiup tarompet di sakuliah tanah! Celukkeun sing tarik, sing tetela! Bejaan urang Yuda jeung urang Yerusalem kudu maruru ka kota-kota nu aya bentengna.

6Tuduhkeun jalan ka Sion! Geura kalabur sangkan salamet! Tong kaleked. PANGERAN ngadatangkeun picilakaeun ti kaler, nu bakal ngagempur ngaburak-barik.

7Tukang numpes bangsa-bangsa geus indit, lir singa kaluar tina panyumputanana, geus tereh datang rek ngagempur Yuda. Kota-kota Yuda bakal burak-barik, hamo bisa deui dicicingan.

8Geura dibaraju karung, geura careurik tingjarerit, sabab bendu PANGERAN anu ngagegedur acan sirna ti Yuda.

9Dawuhan PANGERAN, "Poe eta raja-raja jeung para pajabat bakal leungit wawanenna, imam-imam tingrarenjag, nabi-nabi bararengong."

10Ti dinya kaula miunjuk, "Nun PANGERAN Nu Maha Agung, atuh urang Yerusalem teh ku Gusti dibobodo! Ongkoh saur Gusti bakal aman, nanging beuheung maranehna diancam ku pedang."

11Mangsana tereh datang, urang Yerusalem bakal dibarejaan yen bakal katarajang ku angin panas ti gurun keusik. Lain angin anu ngahiliwir anu ngan matak hiber huut,

12tapi angin anu tarik liwat saking, anu narajangna kalawan timbalan PANGERAN! Nya PANGERAN ku manten anu ngaragragkeun eta hukuman ka umat-Na.

13Tuh, musuh teh geus datang kawas mega mendung. Kareta-kareta perangna jeg angin puyuh, kudana leuwih gancang alah batan heulang. Cilaka urang teh! Pasti urang binasa.

14Eh Yerusalem, beresihan hate maneh, piceun dosana, sangkan bisa salamet. Naha moal eureun-eureun boga pikiran anu jahat teh?

15Utusan-utusan ti kota Dan jeung ti pagunungan Epraim marawa beja goreng.

16Daratangna ngingetan ka bangsa-bangsa jeung mere nyaho ka Yerusalem yen keur kadatangan musuh ti nagri jauh. Eta musuh bakal tinggorowok ka kota-kota di Yuda,

17jeung bakal ngalingkung kota Yerusalem kawas jalma-jalma keur ngajaraga pahumaan, lantaran urang Yuda geus ngalawan ka PANGERAN. Kitu timbalan PANGERAN.

18Eh Yuda, maneh katarajang kitu teh ku sabab salah sorangan, tina kalakuan jeung pagawean maneh keneh. Eta kasangsaraan teh nya ku sabab dosa maneh; ayeuna eta dosa teh nubles kana angen maneh.

19Tobat nyerina! Teu kuat nangankeunana! Ieu angen ratug tutunggulan! Hate henteu daek tengtrem ngadenge sora tarompet jeung gorowok-gorowok perang.

20Balai daratang pasusul-susul, kota sakuliahna geus burak-barik. Kemah-kemah urang diruksak ngadadak, tenda-tendana dijejewet.

21Nepi ka iraha kuring kudu nyaksian kamurkaan perang jeung ngadenge sengekna sora tarompet?

22Timbalan PANGERAN, "Umat Kami barodo, teu nyarahoeun ka Kami. Kawas barudak boloho, euweuh pangartina. Maranehna arahli nyieun kajahatan, gagal nyieun kahadean."

23Kaula neuteup bumi, geuning suwung jeung keri, neuteup langit, teu aya pisan cahaya.

24Neuteup ka gunung-gunung, keur aringgeung, kitu deui pasir-pasir aroyag.

25Taya pisan jelema, manuk ge geus haliber nyaringkah.

26Eta tanah subur geus jadi tanah keusik, kota-kotana geus burak-barik, ku sabab PANGERAN kacida benduna.

27(PANGERAN memang geus ngandika, yen bumi sakuliahna bakal dijadikeun tanah gurun, tapi saur-Na moal dibasmi sama sakali.)

28Ieu bumi bakal prihatin, langit bakal jadi poek. Kitu timbalan PANGERAN, tur Mantenna hamo ngarobah kersa-Na. Mantenna geus ngadamel putusan, nu moal dirobah deui.

29Jalma-jalma bakal kalabur, ngadenge gumuruhna pasukan kuda jeung pasukan gondewa. Sawareh bakal kalabur ka leuweung, sawareh deui bakal naraek ka gunung-gunung batu. Kota-kota kabeh bakal suwung, moal aya nu nyicingan deui.

30Duh Yerusalem, anjeun teh cilaka! Jang naon dangdan make baju beureum, jang naon make perhiasan, jang naon panon make disipat sagala? Ngageulis ge taya gawena, da ku kabogoh-kabogoh enggeus dipiceun, malah arek dipaehan.

31Kaula ngadenge aya nu humarurung, sora awewe keur nandangan kanyeri, kawas jeritna awewe nu ngajurukeun anak nu cikal. Geuning jerit Yerusalem, anu keur tibeberegeg narik napas. Pokna teh bari leungeunna ngopepang, "Aduh cilaka! Itu aya nu daratang rek maehan kuring!"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel