Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 50 >> 

1Ngeunaan perkara nagri Babul jeung pangeusina, kieu timbalan PANGERAN ka kaula,

2"Utarakeun ieu beja ka bangsa-bangsa! Uarkeun! Pasang tandana, uarkeun wartana! Ulah aya anu dikilungan! Babul geus rugrug. Dewana, si Merodak geus bubuk! Brahala-brahalana kawiwirangan! Dewa-dewana anu najis geus bencar!

3Hiji bangsa ti beulah kaler geus maju rek ngarurug, rek ngosongkeun Babul. Pangeusi Babul, jalma, sato, bakal kalabur. Babul bakal suwung moal aya nu nyicingan deui."

4Timbalan PANGERAN, "Dina mangsa eta, Israil jeung Yuda bakal rawah-riwih nareangan Kami, Allahna.

5Jeung naranyakeun jalan ka Sion, seug ngajarugjug ka dinya. Engke maranehna bakal ngayakeun hiji perjangjian jeung Kami, langgeng moal pegat-pegat.

6Eta umat Kami apruk-aprukan lir domba anu kasarung nepi ka gunung-gunung, ku nu ngangonna diantep. Utrak-atrok turun gunung unggah gunung, parohoeun ka jalan balik.

7Sajeroning kitu ditarajang ku sakur nu manggihan. Ceuk musuhna, ‘Eta jelema-jelema teh geus boga dosa ka PANGERAN; jadi kalakuan urang ka maranehna teh teu salah. Kuduna mah maranehna teh saratia ngarandel ka PANGERAN cara karuhunna.’

8Eh Israil, geura kalabur ti Babul, nyaringkah. Kudu paheula-heula!

9Sabab Babul ku Kami rek disina ditarajang ku bangsa-bangsa anu garagah ti kaler, beunang Kami ngahijikeun, bangsa paninggaran anu kamashur, anu jamparingna tara nyalahan. Ayeuna geus tata baris siap tempur, rek merangan jeung ngelehkeun eta nagri.

10Babul bakal diranjah, harta bandana pada nyarokotan sakarep-karep ku musuhna. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

11Timbalan PANGERAN, "Urang Babul, maraneh geus neungteuinganan ka bangsa Kami, mani barungah, araratoh kawas sapi keur ngirik gandum, kawas kuda keur hohoang.

12Ku sabab kitu, ayeuna nagri maraneh sorangan anu sakitu gedena bakal apes, bakal asor. Bangsa Babul bakal jadi pangleutikna di antara bangsa-bangsa sejen. Tanahna bakal garing moal ngambeu-ngambeu cai kawas gurun keusik.

13Babul bakal suwung moal dicicingan deui, bakal tetep jadi gundukan ruruntuhan, nepi ka matak helok jeung olohok anu ngaliwat ka dinya, sabab Kami geus pohara napsuna.

14Pasukan gondewa, geura tata baris siap tempur ngepung Babul. Hujanan ku jamparing, sabab geus boga dosa ka Kami, PANGERAN.

15Hucuhkeun perang di sakuliah eta nagri. Babul taluk. Kuta-kutana bedah, rugrug. Babul keur dibales ku Kami. Pek ku maraneh oge bales sakumaha kalakuanana bareto ka batur.

16Di tanahna ulah sina aya nu nebarkeun binih atawa dibuat. Urang asing anu hirup di dinya geus harayangeun buru-buru mulang ka nagrina sorangan, sarieuneun ku balad nu keur nempuh."

17Timbalan PANGERAN, "Urang Israil paburencay lir domba dibeberik ku singa. Mimitina ditekuk ku raja Asur, tuluy ku Raja Nebukadnesar ti Babul dikerekeb tulangna.

18Raja Asur geus dihukum ku Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allahna Israil. Raja Nebukadnesar oge jeung nagrina tangtu dihukum.

19Urang Israil rek dipulangkeun ka lemah caina. Bakal bisa ngadalahar deui hasil bumi ti Gunung Karmel jeung ti daerah Basan, kitu deui hasil pepelakan ti daerah Epraim jeung Gilad.

20Dina mangsa eta di Israil moal kapanggih aya dosa, di Yuda moal aya deui kajahatan, sabab eta umat anu ku Kami dikarikeun teh geus dihampura. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

21Timbalan PANGERAN, "Geura tarajang urang Merataim jeung urang Pekod. Tumpes, tumpurkeun. Jalankeun kabeh parentah Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.

22Eta tanah jadi ngageder ku perang, ruksakna pohara.

23Bareto Babul teh lir gegendir ngancur-ngancurkeun jagat. Ayeuna eta gegendir teh geus bubuk! Eta nagri geus ditarajang ku hiji kajadian anu matak hookeun bangsa-bangsa sejen.

24Eh Babul, maneh geus ngalawan ka Kami. Ayeuna maneh ku Kami karingkus. Maneh teu nyaho yen ku Kami ditaheunan ku pitapak.

25Kami geus mukakeun tempat nyimpen pakarang Kami; eta pakarang-pakarang ku Kami dikaluar-luarkeun dibarengan ku napsu, sabab Kami, Anu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, boga pigaweeun di Babul.

26Rurug Babul ti unggal juru. Gedor lumbung-lumbung gandumna. Barang-barang gedoranana hunyudkeun sing ngagugunung lir tumpukan gandum! Musnakeun, sing beresih ulah disesakeun.

27Serdadu-serdaduna paehan, babadan ku pedang! Cilaka urang Babul! Babul geus waktuna dihukum!"

28(Ceuk kakaburan ti Babul anu daratang ka Yerusalem, Babul teh keur meunang wawales ti PANGERAN Allah urang, tina kalakuanana bareto ngajarah Bait Allah panglinggihana-Na.)

29Timbalan PANGERAN, "Parentah ku maraneh pasukan ahli mentang panah, kitu deui sakur anu bisa metakeun gondewa jeung jamparing. Kepung eta nagri, ulah aya anu lolos. Bales paningkahna, taur kalakuanana anu bareto, sabab geus wani kurang ajar ka Kami, Anu Maha Suci di Israil.

30Ku lantaran kalakuanana kitu, taruna-tarunana bakal tumpes diparaehan di jalan-jalan, serdadu-serdaduna bakal ditumpurkeun dina poe eta. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.

31Babul! Ieu Kami Anu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, geus jadi lawan maneh, lantaran maneh geus sombong ka Kami! Geus waktuna maneh ku Kami dihukum.

32Bangsa maneh anu kumaki bakal tigedebug, jeung moal aya anu ngahudangkeun. Kota-kota maneh rek dihuru, anu aya sakurilingeunana rek dimusnakeun."

33Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, "Urang Israil jeung urang Yuda keur dianiaya, dijaga keras ku bangsa anu ngaboyongna, teu meunang ka mana-mana.

34Tapi anu bakal ngajait maranehna teh maha perkasa, jenenganana: PANGERAN Nu Maha Kawasa. Mantenna ku anjeun anu bakal ngangkat maranehna tina kasangsaraan, sarta bakal ngamankeun jagat. Sabalikna urang Babul tangtu bakal cilaka."

35Timbalan PANGERAN, "Gempur Babul! Gempur rahayatna, gempur para kapalana, gempur para bujanggana.

36Gempur tukang-tukang torahna, pohara paralungna! Gempur serdadu-serdaduna, sina kalabur pangacianana.

37Basmi kareta-karetana, tumpes kuda-kudana. Gempur serdadu-serdadu sewaanana, sina beak tanagana! Awut-awut dunyabranana, ranjah, rayah.

38Garingkeun tanahna, saat-saatkeun walungan-walunganana. Sabab Babul pinuh ku arca brahala, anu ngagelokeun urang dinya.

39Eta sababna Babul bakal jadi enggon kelong jeung jurig jeung manuk-manuk najis. Saendeng-endeng hamo dicicingan deui ku jelema.

40Babul baris katinggang ku bahla saperti anu ninggang ka Sadumu jeung Gomora waktu eta nagri jeung kota-kota tatanggana dibasmi ku Kami. Hamo aya deui jelema anu ngancik di dinya. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.

41Babul bakal ditempuh ku balad ti tebeh kaler, ku hiji bangsa digjaya ti nagri jauh; loba pisan raja-raja nu geus rek narajang.

42Marawa gondewa jeung tumbak, dedegler taya rasrasan. Daratangna tumpak kuda, sorana lir laut gumuruh, geus kari der ngagempur Babul.

43Raja Babul nu ngadenge eta beja, leungeunna mani ngulapes, bati ketir tingseleket, cara awewe nu rek ngajuru.

44Jeg singa ti leuweung sapanjang Walungan Yordan norojol ka tengah-tengah domba di sampalan hejo ngemploh, nya kitu pisan Kami, PANGERAN bakal ngadadak ngadatangan urang Babul, nepi ka maranehna kalabur ti nagrina. Eta nagri satuluyna baris dicangking ku hiji jelema beunang Kami milih. Karana, saha anu sarua jeung Kami? Saha nu wani nangtang ka Kami? Raja mana nu tagen ngayonan Kami?

45Jadi, darengekeun ieu putusan Kami perkara nagri Babul, kitu deui pangersa Kami ka urang dinya. Maranehna, malah barudakna pisan bakal diseredan, bakal pinuh ku kagimir.

46Waktu Babul engke rugrug, jagat ear bumi genjlong, bangsa-bangsa bakal ngadarenge anu tingkaroceak."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 50 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel