Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 9 >> 

1Hayang teh ieu sirah ngajadi sumur anu caian panon ngajadi cinyusu cimata, sangkan bisa ceurik beurang peuting, nyeungceurikan bangsa kuring anu enggeus dibinasa.

2Hayang teuing boga tempat di gurun keusik, keur nyingkiran bangsa kuring, bangsa anu teu satia, jalma-jalma hianat,

3anu siap salilana kana ngabohong; kasaestuan di ieu nagri geus diganti ku kateujujuran. Timbalan PANGERAN, "Kalakuan umat Kami ngan goreng jeung goreng bae, jeung carekna Kami teh lain Allahna."

4Unggal jalma ka pada batur kudu curiga, dulur oge taya anu beunang dipercaya, sabab tiap dulur tabeatna licik kawas Yakub, tiap jalma silih pitenah.

5Saban jalma silih tipu, taya pisan nu ngomongna saenyana. Sungutna geus tuman ngabohong, geus teu barisaeun ngeureunan dosana.

6Lampahna tina telenges kana telenges, tina nipu kana nipu. Lahiran PANGERAN, umat-Na henteu ngaku ka Mantenna.

7Ku sabab kitu, kieu lahiran PANGERAN Nu Maha Kawasa, "Umat Kami rek diuji saperti logam, rek disina murni deui. Eta umat geus nyieun kajahatan, jadi naon deui anu ku Kami kudu dilampahkeun ka maranehna?

8Letahna ibarat jamparing matih matak paeh, ucap-ucapanana bohong malulu. Tiap jalma ngomongna lumah-lameh, tapi saenyana mah naheunan.

9Piraku eta kalakuanana teh moal dihukum ku Kami? Piraku bangsa nu kitu moal dibales ku Kami? Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

10Piunjuk kaula, "Gunung-gunung, tegal-tegal pangangonan, ku abdi bade diceungceurikan, jalaran parantos burindil, garundul, tara aya nu ngaliwat-liwat acan. Sora ingon-ingon tara kakuping deui. Manuk sareng sato leuweung ge parantos aringkah ti dinya."

11PANGERAN nimbalan, "Yerusalem ku Kami rek dijieun ruruntuhan, enggon ajag, kota-kota tanah Yuda bakal kosong, bakal jempling moal aya nu nyicingan."

12Piunjuk kaula, "Nun PANGERAN, ku naon eta tanah teh dugi ka burak-barik sareng garing sapertos gurun keusik, dugi ka teu aya anu ngaliwat-liwat acan ka dinya? Saha pijalmieunana anu arif, nu bakal ngartos kana eta kajadian? Saha anu ku Gusti parantos dicariosan hal eta supados ku eta jalmi dicarioskeun deui ka anu sanes?"

13Waler PANGERAN, "Eta kajadian teh lantaran umat Kami geus naringgalkeun pangajaran Kami. Geus teu narurut, timbalan Kami teu dilalampahkeun.

14Anggur ngaralawan ka Kami jeung nyarembah ka arca-arca Baal, nurutkeun papatah bapana masing-masing.

15Ku sabab eta dengekeun ieu anu baris dilampahkeun ku Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allahna urang Israil: Umat Kami rek dibere pepelakan anu parait geusan dahareunana, arek dibere racun keur inumeunana.

16Arek disina pabalencar, sina caricing di bangsa-bangsa anu ku maranehna kitu deui ku karuhunna acan kadenge ngaran-ngaranna acan. Tuluy sina ditarajang ku hiji balad, sarta tungtungna tumpur pisan ku Kami."

17PANGERAN Nu Maha Kawasa nimbalan, "Awaskeun anu bakal kajadian! Calukan jelema-jelema purah nalangan ceurik, calukan awewe-awewe purah ngawihkeun lagu sungkawa."

18Ceuk jalma-jalma, "Sina buru-buru daratang, nalangan urang ngawihkeun lagu sungkawa nepi ka urang rambay cipanon, nepi ka panon carindul balas careurik."

19Tah, dengekeun sora anu sasambat di Sion, "Urang geus tumpur, sarta pohara nandang hinana! Kudu arindit ti lemah cai, imah urang geus raruntuh."

20Ceuk kaula, "Aranjeun, kaom wanita, dengekeun, perhatikeun timbalan-timbalan PANGERAN. Papatahan anak, kuma petana nalangsa. Papatahan babaturan, kudu kumaha ngawihkeun lagu sungkawa.

21Maot geus datang, asup tina jandela-jandela, ngasupan karaton-karaton urang. Anak urang ku eta dibabadan di jalan-jalan, barudak ngora dibabadan di pasar-pasar.

22Bangke patulayah di mana-mana, kawas berak di tegal tingtarumpuk, kawas kebon jagong dicacar, geus dicacar ditinggalkeun, diantep teu dikumpulkeun. Tah, timbalan eta anu ku PANGERAN dipiwarang diucapkeun ku kaula teh."

23PANGERAN nimbalan, "Jalma ulah agul ku kabijaksanaanana, jalma bedas ulah agul ku kabedasanana, jalma beunghar ulah agul ku kabeungharanana.

24Lamun hayang aya agulkeuneun, kudu agul teh lamun wawuh ka Kami, sarta ngarti kana pangersa Kami. Sabab kanyaah Kami taya watesna, sarta Kami salawasna midamel nu bener jeung nu saenyana. Nya kalakuan kitu karesep Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

25(9:25-26) PANGERAN nimbalan, "Engke datang mangsana Kami baris ngahukum urang Mesir, urang Yuda, urang Edom, urang Amon, urang Moab, jeung urang gurun keusik anu buukna dicalukur pondok. Maranehna kabeh oge disunat cara urang Israil, tapi boh maranehna boh urang Israil, kalakuanana saperti kalakuan jalma-jalma anu teu disunat, sabab henteu nyekel kana perjangjian anu dilambangkeun ku eta sunat."

26(9:25)


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel