Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 11 >> 

1Baris turunan Raja Daud lir tangkal nu geus dituar. Tapi sakumaha tina tunggul sok bijil sirung anyar, nya kitu keneh ti antara turunan Daud bakal muncul raja anyar.

2Anjeunna ku Roh PANGERAN bakal dipaparin hikmah, elmu jeung kapinteran pikeun ngatur rahayatna. Ka PANGERAN bakal ngabdi, ngamulyakeun,

3tumutna reujeung sukana. Mutus perkara moal satingal-tingalna, moal sadangu-danguna.

4Adil asih ka nu miskin, bumela ka nu sangsara. Timbalanana kawasa nerapkeun hukum, jalma jahat tanwande dihukum pati.

5Ngatur rahayatna bakal jujur sahinasna.

6Ajag jeung domba hirup rukun babarengan, maung jeung anak embe darepa reureujeungan. Anak sapi nyatuan bareng jeung anak singa, diangon ku barudak.

7Sapi jeung biruang bareng nyaratuanana, anak-anakna reureujeungan darepana. Singa jeung sapi sarua ngakan jukut.

8Budak anu nyusu keneh ge moal nanaon ulin deukeut oray welang.

9Di Sion, gunung PANGERAN nu suci sepi anu niat jail, moal aya anu niat jahat. Sakuliah tanah bakal pinuh ku kanyaho ka PANGERAN, lir laut pinuh ku cai.

10Mangsa harita, eta raja anyar turunan Daud ku bangsa-bangsa bakal dijieun lambangna. Di kota karajaanana bangsa-bangsa karumpul jeung ngamulyakeun.

11Dina mangsa eta Pangeran bakal ngagunakeun deui pangawasa, mulangkeun sesa umat-Na ti Asur jeung Mesir, ti Patros, ti Sudan, ti Elam, ti Babul, ti Hamat, kitu deui ti nagri-nagri jeung ti pulo-pulo anu jarauh.

12Pangeran bakal ngelebetkeun bandera, tanda yen Mantenna keur ngempelkeun deui urang Israil jeung urang Yuda anu pabalencar, baris dipulangkeun ti opat pojok jagat.

13Karajaan Israil moal dengki deui ka karajaan Yuda, Yuda oge moal ngamusuh deui ka Israil.

14Maranehna bakal bareng ngarurug ka beulah kulon ka urang Pelisti, bareng narajang ka beulah wetan. Urang Edom jeung urang Moab bakal pasrah, urang Amon ge bakal taluk.

15Teluk Sues ku PANGERAN disina garing, Walungan Eprat disina saat disedot ku angin panas, tinggal tujuh kokocoran anu ngerelek leutik, bisa diraas.

16Ti Asur bakal aya jalan ngabulungbung, sorangeun umat Mantenna Israil, anu marulang sakumaha baheula waktu karuhunna budal ti Mesir.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel