Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 13 >> 

1Ieu pangandika Allah ka Yesaya putra Amos perkara nagara Babul.

2Kelebetkeun bandera perang di pasir bulistir. Haokan para prajurit, acungkeun leungeun, tangara maju tarung ngadobrak lawang-lawang eta nagri nu kamagungan.

3PANGERAN geus ngumpulkeun sakumna prajurit Mantenna nu warani jeung satia, seja ngadegkeun perang suci, ngahukum bangsa anu ngentabkeun manah-Na.

4Dengekeun, gunung-gunung tinggulugur, nya seahna jalma loba, sora bangsa-bangsa jeung karajaan-karajaan anu geus sabilulungan. PANGERAN pupucuk perang geus tarapti nginditkeun pasukana-Na.

5Eta bangsa-bangsa daratang ti nagri-nagri anu jarauh, ti unggal tungtung jagat. PANGERAN anu keur ngentab manah geus saged ngalebur eta nagri sakuliahna.

6Geura tinggarerung nahan kanyeri! Wancining GUSTI geus nepi, Nu Maha Kawasa bakal gancang ngaragragkeun karuksakan.

7Jalma-jalma bakal laleungit kawani, leungeunna ngaraplek.

8Kabeh bakal gimir jeung diraksuk ku kanyeri, kawas kanyeri awewe anu rek ngajuru. Hatena pinuh ku kasieun, semet bisa silih pelong pada batur, ulatna karerab ku rasa wirang.

9Wancining GUSTI meh nepi, hiji wanci anu bengis, wanci Mantenna ngencarkeun kasewot jeung bebendu nu ngentab-ngentab. Bumi ku Mantenna bakal disuwungkeun, sakur nu doraka bakal dibasmi.

10Bentang-bentang jeung sakur nu caang-caang di langit cahayana bakal lus-les, panonpoe bakal poek wanci meletek, bulan moal cahayaan.

11PANGERAN ngadawuh, "Bumi ku Kami rek diruksak ku bahla, jalma-jalma nu migawe dosa bakal dihukum. Sakur anu kamagungan sina nandang kahinaan, sakur anu gumede jeung taya rasrasan bakal disiksa.

12Bakal langka jelema nu nyesa, leuwih langka ti batan emas.

13Upama Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa enggeus nembongkeun amarah, langit bakal ngagibrig, bumi bakal gunjang-ganjing.

14Anu keur ngaradon numpang di Babul bakal kalabur, baralik ka nagrina masing-masing, pasalebrungan kawas uncal keur dibeberik, kawas domba euweuh nu ngangonna.

15Nu kasusul tangtu pegat nyawana ku pedang.

16Jaba ti geus teu walakaya teh kudu nenjo barudakna dicacag, imahna dirayah, awewe-awewena digadabah."

17PANGERAN ngadawuh, "Kami rek nginditkeun urang Media sina ngarurug ka Babul. Maranehna moal kabita ku perak, moal kagoda ku emas.

18Jamparing jeung gondewana nyabutan nyawa jalma-jalma anu ngarora. Moal karunya ka orok, moal karunya ka budak.

19Babul karajaan pangendahna. Tapi ku Kami, PANGERAN, rek diancurkeun cara Sadumu jeung Gomora!

20Hamo dicicingan deui. Urang Arab moal aya deui anu masang kemahna di dinya. Tukang ngangon moal aya anu ngaradon ka dinya.

21Rek dijieun enggon sato gurun, enggon bueuk nyararayang. Ruruntukna sina dipake enggon ajret-ajretan embe leuweung jeung manuk onta.

22Urut munara-munarana jeung puri-purina, bakal dipake enggon babaung ku ajag jeung anjing leuweung. Babul tereh euweuh! Umurna moal lila deui!"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel