Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 17 >> 

1Timbalan PANGERAN, "Damsik moal jadi kota deui, engke mah ngan jadi tumpukan ruruntuhan.

2Kota-kota di Asur bakal suwung sapapanjangna. Bakal jadi tempat domba jeung sapi nyaratuan moal aya anu ngabuburak.

3Nagara Israil moal boga benteng. Damsik leungit pananggeuhanana. Urang Asur anu nyesa bakal nandang hina, mo beda ti urang Israil. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa."

4PANGERAN ngandika, "Poena bakal datang, kaagungan Israil bakal sirna, anu asalna beunghar bakal jadi miskin.

5Mun sawah mah Israil teh bakal kari jarami, geus dipibuatan, geus suwung cara lahan di Lebak Repaim sanggeus dipibuatan.

6Nu bakal harirup keneh teh ngan saeutik. Urang Israil bakal saperti hiji tangkal jetun anu geus diunduh buahna dijieun minyak, kari dua tilu siki di pucukna pisan, atawa sababaraha siki deui dina dahan anu rada handap. Kitu timbalan Kami PANGERAN, Allah Israil."

7Lamun eta mangsa geus datang, jalma-jalma bakal baralik menta tulung ka anu ngadamelna, ka Allah Israil anu suci.

8Maranehna geus moal nolih deui kana altar-altar buatanana, moal ngandel deui kana titironan-titironanana anu dirupakeun arca Asera, moal nolih deui kana parukuyan paragi ngukusna.

9Lamun geus jejeg mangsana, kota-kota anu dibenteng reugreug teh bakal suwung, kari ruruntukna cara kota-kota urang Hiwi jeung urang Emor basa urang dinya kalabur ku urang Israil.

10Eh urang Israil, maraneh geus nyaho ka Allah anu nulungan, anu ngaraksa lir gunung batu anu weweg. Tapi maraneh kalah ka nyarieun taman-taman anu husus dipelakan tangkal-tangkal keur tempat nyembah ka dewa asing.

11Tapi, sanajan upama eta pepelakan teh ari ceb ari jadi jeung karembangan, pamohalan hasilna kaala. Kalah ka matak susah jeung nyeri anu moal bisa kaubaran.

12Bangsa-bangsa nu karuat keur gujrud lir laut gumuruh ombakna tingjalegur,

13tuluy maraju lir ombak tingsuruwuk. Tapi ku Allah diseuseul, seug malundur, tuluy diubrak-abrik nepi ka paburisat kawas kekebul, kawas huut katiup ku angin.

14Basa peutingna eta teh nyieun gujrud, barang isuk bet geus euweuh deui. Kabeh ge bakal kitu nasibna anu ngaranjah ka tanah urang teh.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel