Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 3 >> 

1Gusti, PANGERAN Nu Maha Kawasa, ayeuna geus rek ngarampas sakur anu jadi harepan urang Yerusalem jeung urang Yuda. Mantenna geus meh ngarampas bahan dahareun, cai,

2para pahlawan, prajurit-prajurit, hakim-hakim, nabi-nabi, tukang-tukang ramal, ahli-ahli nagara,

3angkatan perang, para pamingpin sipil, ahli-ahli politik, jeung tukang-tukang jampe.

4Urang dinya sina diparentah ku barudak tanggung.

5Maranehna bakal silih incer kana piuntungeun. Barudak moal hormat ka saluhureun, kuricakan moal serabeun ku anu baroga pangkat.

6Bakal aya waktuna baraya maksa baraya, sangkan jadi kapala ngapalaan pada baraya, pokna, "Urang keur kacida susahna. Tapi anjeun baju-baju bae mah boga, anu matak pek kapalaan baraya urang."

7Tapi ceuk anu dititahna, "Embung! Kuring bisa naon? Kuring oge teu beas, teu baju. Ulah kuring kapala mah!"

8Nya cilaka Yerusalem! Yuda nya kitu, keur sakarat. Sagala ucap jeung lampahna ngalawan ka PANGERAN. Ngagogoreng ka PANGERAN geus teu dipinding-pinding deui.

9Panerka-panerkana anu goreng natrat katara dina ulatna. Dosana geus teu disumput-sumput, geus cara dosa urang Sadumu. Tangtu bakal carilaka, karingkus ku dosana.

10Ngan anu balener anu pisenangeun teh. Eta mah dina sagala perkara babari, sagala pagaweanana mulus hasilna.

11Cilaka nu goreng lampah, bakal karingkus ku kajahatanana.

12Umat kami pada neungteuinganan ku tukang ngarinjeumkeun duit, diperes ku anu ngaharutangkeun. Eh umat kami, maraneh teh dibawa sasar ku para pamingpin, nepi ka geus teu nyaraho jalan mana anu bener.

13PANGERAN geus sayagi muka perkara, seja mutus urusan umat-Na.

14Para kokolot jeung para kapala umat-Na dibawa ka pangadilan, tuluy ku Mantenna didakwa kieu, "Maraneh ngarampogan kebon anggur. Imah maraneh pinuh ku barang-barang beunang nyokotan ti nu mariskin.

15Maraneh teu wenang meres ka umat Kami, teu meunang macikeuh kaom miskin. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa."

16PANGERAN ngadawuh, "Awewe urang Yerusalem kacida garumedena. Leumpangna mani darangah, bari gular-giler maen mata. Ngalengkah diaced-aced semu ditenjrag-tenjragkeun ngarah geulang-geulang dina mumuncanganana tingkirincing.

17Ku Kami rek dihukum, rek digundulan sina lalenang."

18Bakal aya waktuna, barang-barang kaagulan awewe urang Yerusalem ku PANGERAN dirampas: Perhiasan-perhiasanana, kayaning gengge suku, sasrangengean tarang, kongkorong,

19jeung geulang. Kitu deui cindungna,

20tiungna, jeung jimat peletna anu sok diparake dina leungeunna jeung dina cangkengna,

21cingcin ramona, anting irungna,

22pakean midangna, erokna, mantelna, rajut peperenianana,

23pakean jerona, saputanganna, karembongna, jeung kukudungna anu tinggarebay.

24Urut awak sarareungit jadi bau, urut diarangkin sutra jadi dibaleubeur ku lulub, urut buuk aralus jadi garundul, urut dangdan pipidangan jadi marake bubututan, urut gareulis jadi garoreng patut matak era.

25Pangeusi eta kota, najan anu panggagahna kabeh bakal tiwas ku perang.

26Panto-panto kota bakal tingharegung humarurung, kotana ge pijadieun lir awewe anu emok cameot dina taneuh awakna sataranjang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel