Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 33 >> 

1Picilakaeun musuh urang! Ayeuna ngan rarampog jeung nipu, ari maranehna mah tara dirampog tara ditipu. Tapi rarampogna bakal eureun, nipuna bakal enggeusan, sabalikna maranehna anu bakal dirampogan jeung ditipu.

2Nun PANGERAN, abdi-abdi nyuhunkeun piwelas, sumeja muntang. Siang-wengi nyuhunkeun diraksa, hoyong kaluar tina kasukeran.

3Waktos Gusti mangmerangankeun abdi-abdi, bangsa-bangsa kalabur ti pangperangan anu gumuruh,

4harta bandana diranjah jadi jarahan.

5Maha Agung PANGERAN! Mantenna ngasta saniskara. Yerusalem ku Mantenna dieusi ku kaadilan jeung kasatuhuan.

6Bangsa teh ku Mantenna disina reugreug. Umat-Na salawasna diraksa, dipaparin hikmah jeung pangarti. Harta maranehna anu pangmulyana nya eta rasa hormat ka PANGERAN.

7Tuh jalma-jalma prawira tingjarerit tulung-tulungan. Para utusan anu rek marenta rapih kabeh careurik.

8Jalan-jalan gede sepi taya jalma anu ngulampreng, sabab kacida bahyana. Perjangjian-perjangjian karapihan aludar, hasil-hasil mupakat garagal. Jalma-jalma geus henteu silih hargaan.

9Tanahna jadi mubadir, suwung. Leuweung-leuweung di Libanon ngalakay. Lebak Saron anu subur jadi gundul. Dangdaunan di tanah Basan jeung Gunung Karmel murudul.

10Dawuhan PANGERAN ka bangsa-bangsa, "Ayeuna Kami rek meta, rek nembongkeun kumaha kawasana Kami.

11Rarancang maraneh kabeh bakal mubadir, gaplah sagala tarekah. Roh Kami lir seuneu, maraneh bakal diduruk.

12Maraneh bakal ngaley kawas batu kapur dibeuleum jadi apu, kawas cucuk diduruk jadi lebu.

13Jalma-jalma jauh deukeut bakal nyaraho kana damel jeung pangawasa Kami."

14Urang Sion anu daroraka bakal ngarompod kasieunan. Jeung carekna, "Hukuman ti Allah teu beda ti seuneu anu salawasna ngagegedur. Bisa urang luput tina seuneu sakitu gedena?"

15Bisa, asal bener ucap jeung lampah. Ulah jahat ka nu malarat kena-kena kuat, ulah beunang kasogok ku pangruruba. Ulah sapongkol jeung nu boga niat maehan atawa jeung nu boga kalakuan jahat lianna.

16Lamun kitu geus tangtu maraneh salamet, bakal aman kabina-bina lir aya di jero benteng anu tohaga tur cukup dahareun jeung inumeun.

17Maraneh bakal ngalaman deui boga raja anu mulya di tanah anu pohara legana.

18Kasieun maraneh bareto ku mata-mata jeung ku urang asing purah narik pajeg moal kaalaman deui, kari dina ingetan.

19Urang asing anu garumede, anu basana ku maraneh teu kaharti, moal katenjo-tenjo deui.

20Tenjo Sion, kota tempat urang riungan jeung ngayakeun pesta-pesta kaagamaan! Tenjo Yerusalem! Bakal pohara reugreugna eta pamatuhan teh! Ibarat kemah anu moal pindah-pindah, patok-patokna parageuh nancebna, tali-talina moal pegat.

21Urang bakal maratuh di sisi walungan-walungan anu galede, lalega, tapi kapal-kapal musuh moal bisa layar di dinya.

22(33:22-23) Tali layar kapal-kapal musuh tanpa guna, lantaran layarna tingkulapes! Barang-barang musuh bakal dirampasan ku urang. Barang-barangna kacida lobana, nepi ka jelema lumpuh ge kabagian. PANGERAN ku manten anu bakal jadi raja urang, anu marentah jeung ngaraksa urang.

23(33:22)

24Anu maratuh di tanah urang moal aya anu udah-aduh ku panyakit, sarta dosa-dosa kabeh bakal dihampura.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 33 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel