Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 4 >> 

1Dina mangsa eta awewe tujuhan bakal marebutkeun lalaki hiji. Cararekna, "Dahar pake abdi teh moal nyesahkeun, dapon kersa bae akang jadi salaki. Mangga abdi pihukum, parantos teu kiat ku kaisin teu gaduh bae salaki."

2Pidatangeun mangsa pepelakan jeung tatangkalan di ieu tanah ku PANGERAN dikersakeun alus jadina, nya galede nya laluhur. Sakabeh urang Israil anu masih saralamet bakal sarugema ku hasil pepelakanana.

3Unggal jalma di Yerusalem anu ku Allah geus ditangtukeun salamet, bakal disebut suci.

4Eta bangsa ku Pangeran bakal dihakiman kalawan kakawasaan, dimurnikeun. Yerusalem bakal diberesihkeun tina sagala kasalahan jeung rereged getih anu geus ngocor di dinya.

5Gunung Sion jeung sakur anu karumpul di dinya, mun ti beurang ku PANGERAN bakal dipayungan ku mega, mun ti peuting bakal dicaangan ku cahaya anu ngempray. Sakuliah kota bakal diauban ku kamulyaan Allah.

6Kamulyaan Mantenna bakal jadi iuh-iuh eta kota sangkan henteu kapentrang ku panas, jadi tempat anu aman, paranti nyalindung ari hujan jeung angin ribut.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel